Senin, 04 Februari 2013

AWAL PERMULAAN NGAJI MA'RIFAT




ﺒﺴــــــﻢﺍﷲﺍﻠﺮﺤﻤﻦﺍﻠﺮﺤﻴﻢ

MUKADIMAH

Ka-aqroban saurang hamba jeung Gusti-Na, sapertos anu tos di Firmankeun ku Alloh dina salah sawios Hadist Qudsi (anu langsung sumping ka leubeut Qolbu Rasululloh) :

ﻤـﺎاﺗـﻘـﺮبااﻠﻲاﻠﻤﺗـﻘـﺮﺒـﻮﻥ ﺒـﻤـﺜـﻞاﺪاﺀ ﻤﺎاﻓـﺗﺮﻀﺖ ﻋـﻠﻴـﻬـﻢ ﻮﻻﻴـﺰاﻞ اﻠﻌﺒـﺪﻴـﺗـﻘﺮﺐاﻠﻲ ﺒﺎﻠﻧﻮاﻓﻞ ﺤـﺗﻰاﺤـﺒـﻪ ﻓﺎﺀ ﺬااﺠـﺒﻠـﺗـﻪ ﻜـﻧـﺖ ﺴـﻤـﻌـﻪاﻠـﺬﻱ ﻴﺴﻤـﻊﺒـﻪ ﻮﺒﺼﺮﻩاﻠﺬﻱ ﻴﺒﺼﺮﺒـﻪ ﻮﻠﺴﺎ ﻧـﻪاﻠﺬﻱ ﻴـﻧﻃﻖ ﺒـﻪ ﻮﻴﺪﻩاﻠﺗﻰ ﻴـﺒﻃﺶ ﺒـﻬﺎﻮﺮﺠﻠـﻪاﻠﺗﻲ ﻴـﻤﺷﻰ ﺒﻬﺎ ﻮﻗﻠﺒـﻪاﻠﺬﻱ ﻴـﻀﻤﺮﺒـﻪ

MA ATAQARRABA ILAYYAL MUTAQARRIBUNA BIMISTLI ADA’I MAFTARADLTU’ALAIHIM, WALA YAZALUL’ABDU YATAQARRABU ILAYYA BIN NAWAFIL, HATTA UHIBBAHU, FA IDZA AHBABTUHU KUNTU SAM’AHULLADZI YASMA’U BIHI WABASHARAHUL LADZI YUBSHIRU BIHI WA LISANUHUL LADZI YANTHIQU BIHI WAYADAHUL LATI YABTHISYU BIHA WA RIJLAHUL LATI YAMSYI BIHA WA QALBAHUL LADZI YADLMIRU BIHI”
Hartosna :
Jalma-jalma anu ngarasa deukeut ka KAMI, teu saukur ngalaksanakeun naon anu Kami Fardhukeun wungkul ka maranehna, malahan si jalma eta ngarasa deukeut ka Kami bari jeung ngalaksanakeun amalan-amalan Nawafil (salaku ibadah tambahan) neupikeun Kami oge mikacintana. Lamun Kami geus mikacinta kamaranehna, Nya Kami anu bakal jadi pangdanguna, anu jeung eta manehna bisa ngadenge, Kami anu jadi paningalna pikeun nenjo, Kami anu jadi pananganna pikeun nyekeul, Kami anu jadi suku pikeun lempang, jeung Kami oge anu jadi Hatena, anu jeung eta manehna bisa ber-Fikir kalawan boga cita-cita (panghareupan). (Riwayat imam bukhori).

Dina salah sawios Hadits Qudsi Allah SWT Berfirman :

ﻜـﻧﺖ ﻜـﻧﺰا ﻤﺧـﻔـﻴﺎ ﻓﺎﺀ ﺤـﺒـﺒـﺖ اﻦ اﻋـﺮﻒ ﻓـﺧـﻠﻘﺖ اﻠﺧﻠﻕ ﻠﻴـﻌﺮﻓـﻧﻲ

KUNTU KANZAN MAKHFIYYAN, FA AHBABTUAN ’URAFA FA KHALAQTUL LIYA’RIFANI
Hartosna :
Kami nyaeta (hiji) rusiah (pembendaharaan) anu Gaib. Tuluy Kami boga kahayang supaya di kanyahokeun. Terus Kami nyiptakeun Alam sarta makhluk (Muhammad). Taya lian supaya maranehna bisa Ma’rifat (nyaho) ka Kami”.

ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ
AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA

Naon Artina “ AWALUDINI (ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ) ? Yakni Permulaan Agama.
Jeung Permulaan Agama eta Ma’rifatullah (ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ), nyaeta Nyaho jeung ngaku ayana Allah.
Naon asal Ma’rifat (ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ) ? Bahwa asal Ma’rifat eta bisa dibedakeun antawis Mukhadas sareng Qodim sabab Hakikat akan wujud eta Mukhadas, jeung Hakikat Wajibul Wujud eta Qodim, teu tiasa bersamaan kaduana, jeung tidak berhimpun kaduana.
Anu mana dinamakan Agama itu ? Bahwa yang dinamakan Agama itu yaitu ibarat dari pada menghimpunkan ke-Empat perkara, Yaitu : Iman, Islam, Tauhid dan Ma’rifat

WAMAN LAN YAKFIRULLOH FIDDUNYA, FAKAIFA YAROHU FIL AKHIROH
( Q.S. BANI ISRAIL : 72 )
Hartina : Saha-saha anu lolong (teu nyaho) ka Alloh keur didunyana, geus tangtu di akheratna oge lolong.

LAESA KAMISLIHI SYAEUN WAHUWA SAMIUL BASHIR
Hartina : Gusti Alloh teh teu bisa disaruakeun jeung naon bae nu aya di ieu dunya.

LATAHAROKUL JASADU ILLA BIIDNIROH, WALATAHAROKUL ROHU ILLA BIIDNILLAH.
Hartina : Obah usikna jasad ku Roh, Jeung obah usikna Roh ku Gusti Alloh.
WAHUWA MAAKUM AENAMA KUNTUM
Hartina : Gusti Alloh teh babarengan bae jeung makhluk-makhlukna, dimana bae manehna aya didinya anjeuna aya ( Q.S. Al-Hadid : 4 )

WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID (Q.S. Qaf : 16 )
Hartina : Kami jeung maneh geus eweuh antarana deui, deukeut keneh Kami ka maneh ti batan urat beuheung nu nganteung dina beuheung maraneh.

WALLOHU BIKULLI SYAIIN MUHIT
Hartina : Jeung Allah nga angliputan ka sakabeh makhlukna nu aya dina ieu alam.
AL-INSANU SIRRI WANA SIRRUHUU
Artinya : “Manusia teh gudangna rusiah Kami, Jeung Kami teh gudang rusiahna (maranehannana)”.
LAM YANSA’NI ARDHI WA LA SAMAA’IY WAWASI’ANI QOLBU AB’DI ALMUUMINU ALLAYYINU ALWAADI’U.
Bumi jeung langit teu sanggupeun ngamuat Zat Kami (Dhat Allah), lintang ti hate hamba-hamba Kami anu mukmin nu Mukhlis (ikhlas), kalayan tawadhu.
AL-INSANU DHOHIRULLAHI WA ILLAHU BATHINUL IMAMMA
Artinya : Manusia teh wujud lahiriahna sedengkeun Allah wujud batinna.

ﻮﻤﺎﺧﻠـﻘـﻞاﻧـﺴﻦ ﻠﻞ ﻤـﻌـﺮﻓـﺘـﻴـﻪ

WAMA KHOLAQOL INSANAA LIL MA’RIFATIHI
“Dan Tidaklah Aku Ciptakan Manusia Melainkan Untuk Ma’rifat (mengenal) ke pada-KU”.

YAA AYYUHAN NAS !, MAN QASHADANII’ARAFANII WAMAN A’RAFANII ARAADANII WAMAN ARAADANII THALABANII. WAMAN THALABANII WAJADANII WAMAN WAJADANII DZAKARANII WALAM YANSANII. WAMAN DZAKARANII WALAM YANSANII DZAKARTUHUU WALAM ANSAHUU.

( Hai Manusa ! Singsaha anu nuju ka Kami, manehna bakal nyaho (Marifat) ka Kami. Singsaha anu nyaho ka Kami, menehna miharep ridho kami. Singsaha anu miharep Kami, tangtu neangan Kami. Singsaha anu neangan Kami, tangtu bakal menangkeun Kami. Singsaha anu geus menangkeun Kami, salawasna manehna nyebut tur eling ka Kami, jeung moal rek mopohokeun Kami, Singsaha jalma anu salawasna nyebut tur eling ka Kami, maka Kami salawasna ingeut jeung manehna moal Kami popohokeun.

WAMAN ARAFALLAAHA FA ATHOO’AHU NAJAA WAMAN ARAFASY SYAITHAANA FA TARAKAHUU SALIMA. WAMAN ARAFADDUNYA FARAFADLAHAA KHOLISHO. WAMAN ARAFAL AKHIRAH FATHALABAHAA WASHOLA FA INNALLAAHA YAHDII MAN YASYAA’U WA ILAIHI TUQLABUUN.
(Jeung singsaha anu nyaho ka Allah, manehna taat, maka manehna salamet. Singsaha anu nyaho setan, manehna ninggalkeun godaannana, manehna salamet. Singsaha anu nyaho dunya, manehna nolak, maka menehna bersih jeung lepas tina sagala keterikatannana. Singsaha anu nyaho akherat manehna nuntut kalawan miharepna, maka manehna nepi kanu ditujuna. Saenyana Allah mere pituduh ka singsaha wae anu dikehendakina jeung mung ka Anjeunna urang bakal dikembalikeun.

Ari kawajiban Ma’rifat pikeun manusa aya 4 (tilu) hal nyaeta :
  • Marifatul Kholqi (Nyaho kana sakabeh makhluk ciptaannana),
  • Marifatul Al-Ghair (Nyaho kana sakabeh jiwa jeung tabeat manusa)
  • Marifatu Nafsi (Nyaho ka dirina sorangan),
  • Marifatullah (Nyaho ka Allah).

ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ
AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA

Hartina : Ari awal permulaan agama nyaeta kudu nyaho ka Allah Ta’ala. Maksudna supaya enggoning urang ngalakonan ibadah teh ngarah syah ditarima amal ibadahna ku Allah Ta’ala sabab “amal teh kudu kalawan elmu, lamun teu kalawan elmuna bakal batal, moal aya manfaatna pikeun di akhirat, ngan saukur keur mapaesan dunya wungkul”.
Tapi nganyahokeun ka Allah eta lain saperti nganyahokeun kahawades beh jentulna tapi kudu ku Elmuna sabab ceuk dalilna oge ari Allah mah “ Dhat Laesa Kamislihi Saiun” (teu aya upamana bakating kuhiji-hijina) mung Anjeuna nyalira anu jumeneng ku Anjeun “Dhat tanpa wiwitan-Dhat tanpa wekasan”.
AWALU WAJIBUN ALAL INSAN MARIFATULLAHI BI ISTIQANI”
Ari awalna (mimitina) kawajiban manusa nyaeta kudu nyaho ka Allah ku kayakinan anu panceug/kuat (istiqomah) nyatana anu teu umbut kalinuan teu gedag kaanginan. Lir ibarat urang ngucapkeun dua kalimah syahadat, lain ngan ukur bisa ngucapkeun wungkul dina sungut, bahwa urang geus nyaksi yen teu aya deui panggeran iwalti Allah sareng Muhammad Rasul Allah, lain saperti kitu bae tapi kudu jeung sidikna nyatana Sidik kana Dhatna, Sidik kana Sifatna, Sidik kana Af’al-na jeung Sdik ka Rasulna. Lamun urang geus sidik kanu opat perkara tadi baru urang bisa disebatkeun syah ibadahna, ari kangaranan SYAHADAT nyaeta Syah/ bener nurutkeun Adat/carana nyatana Syah Dhat-na, Syah Sifat-na, Syah Asma-na jeung Syah Af’al-na. Kapan ceuk dalilna dina Qur’an oge “WABUDU ROBBAKA HATTAA YA’TIYAKAL YAQIN” (Jeng Ari nyembah ka Allah teh kudu sidik kalawan yakin Q.S Al-Hijir : 99). Kecap yakin didieu ngandung harti anu geus bener-bener percayana, percaya oge cumah lamun teu dibarengan ku Ma’rifatna ari hartina Ma’rifat nyaeta nyaho. Jadi percaya kana ayana Allah teh kudu jeung nyaho kalawan sidikna, upama teu jeung nyahona/sidikna berarti Iman-na Taklid (Nyaeta ngaku Iman ngan saukur sabatas omongan jeung mung sakadar ceuk kitab wungkul).

ﻮﻤﻦﺍﻋـﺮﻑ ﻧـﻔـﺴـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻮﻤﻦ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺠـﻬـﻳﻼ ﻧـﻔـﺴـﻪ

WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN AROFA ROBBAHU FAQOD JAHILAN NAFSAHU” (Singsaha jalma anu geus nganyahokeun kadirina sorangan tangtu bakal nyaho ka Panggerannana, Samangsa-mangsa geus nyaho ka Panggerannana tangtu bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).
اﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﺮﺒـﻪ اﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﻧـﻔـﺴـﻪ
ARAFUKUM BIRABBIHI ARAFUKUM BINAFSIHI Artina : Jalma anu bener-bener nyaho ka Allah nyaeta anu geus lewih ngarti jeng nyaho ka dirina sorangan.
Tapi nyaho ka Allah lain cukup kupanon lahir wungkul tapi kudu jeung elmuna, sabab Ghoib kudu ku Ghoib deui da manusa oge aya ghoibna kapan saur dalilna oge “WALLAHU GHOIBUN AL-INSANU GHOIBUN” (Ari Allah teh Ghoib manusa oge Ghoib), Iwalti kudu nganyahokeun ka dirina sorangan.

ﻤﻦﻋـﺮﻒاﷲ ﻻﻴـﺧـﻔﻰﻋـﻠﻴـﻪ ﺷـﻲ
MAN ‘ARAFALLAHA LA YAKHFA ‘ALAIHI SYAI’UN
Hartosna : Singsaha anu geus nyaho ka Alloh, teu aya deui rusiah sejen (anu Ghoib) di MantenNa.
Pengenalan ka diri sorangan ngarupakan Fardhu Ain sesuai jeung dalilna “WALA ANA AWALU NAFSI FARDHU AEN”. (Jeung kanyahokeun ku anjeun saenyana mimitina kudu nganyahokeun kana sifatna hirup kalawan “aen”/wajib). Bagi tiap-tiap manusia mengenal bahwa diri itu harus dikenal sebagai suatu Zat yang hina, lemah, dhoif, umi dan fana pengenalan mana dapat menimbulkan keyakinan bahwa Tuhan itu Mulia, Berkuasa dan Kekal AdaNya. Orang yang tidak mengenal dirinya tidak akan mengenal Tuhan-Nya baik didunia maupun di akhirat dan apabila ia tidak kenal akan TuhanNya maka ia tidak dapat menyembah TuhanNya itu dengan sebaik-baiknya. Bukankah orang yang buta didunia ini akan buta pula nantinya di akhirat bahkan lebih sesat lagi ?

WALIKULI QULU UMATIN WAROSULIHI (Q.S. Yunus : 47)
Hartina : Dina sakabeh umat pada katetepan Rasululloh, hartina Rasa Alloh.

WATTAQULLOHA WAYU’ALIMUKUMULLOHU
Hartina : Kudu taqwa maraneh (ngabersihkeun kokotor lahir batin) engke maraneh tangtu di paparinan elmu Allah.

AM KAEFA YARHALU ILLALLOH WAHUWA MAKBALUN BI SAHWATIHI
Hartina : Kumaha rek bisana lumampah nepangan Alloh, sedeng manehna diringkus ku hawa nafsuna.

Kusabab eta mempeng urang keur hirup didunya, urang kudu bener-bener ibadahna ka Allah, jeung ikhtiar pikeun beukeul urang engke mulang lamun geus di parengkeunnana cunduk waktu ninggang mangsa balik ka akherat nyatana maot anu bakal pasti kaalaman kusakabeh anu hirup, aya paribasana “Mawa payung samemeh hujan” tegesna kudu bisa nganjang kapageto nyaeta kudu bisa ngarasakeun maot samemeh maot anu sabenerna
ﻤـﻮﺘـﻮ اﻗـﺒﻞ اﻦ ﺘﻞ ـﻤﻮﺘـﻮ
MAUTU QOBLA ANTAL MAUTU, atawa (ANTAL MAOTU QOBLAL MAOTU)
Hartina : Kudu bisa paeh samemeh paeh ( kudu bisa mati sajeroning hirup)

HASABU ANFUSAKUM QOBLA ANTAL HASABU.
Hartina : Hisab heula ka badan sorangan samemeh ngahisab ka batur

INNA LILLAHI WA INA ILAIHI RO’JIUN
Hartina : Asal ti Alloh kudu balik deui ka Alloh.
ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ
ILLA HAQQA BILLA HAQQIN - ILLA HAQQIN BILLA HAQQA
(Hak Allah teh Hak Muhammad – Hak Muhammad teh Hak Allah)

Jadi ngeunaan Hak Allah jeung Hak Muhammad eta kabeh oge geus kahimpun tina “Dua Kalimah Sahadat”.
Kapan Ari Kasampurnaan SAHADAT eta aya 4 (opat) perkara :
  1. Nganyahokeun : Ngandung harti kudu geus Sidik kalawan Ma’rifat-na Ka Allah Ta’ala kapan Hak Mutlak Allah SWT yaeta dikenali dan diketahui keberadaan Diri-Nya, Yang meskipun Al-Ghaib (tidak akan pernah menampakan diri di muka bumi ini) namun dapat dirasakan amat sangat dekat sekali dalam rasa hati ini (lewih deket tibatan urat beheng hamba-hambaNa).
  2. Ngucapkeun : Ngandung harti nandesken atawa negaskeun ku ucap, kana naon hal anu geus kapanggih jeung kasungsi ku diri pribadina. Sebagai ikrar penyaksian kana Ka-Agungan Allah SWT.
  3. Ngabenerkeun : Ngandung harti nga enyakeun kana naon hal anu geus jadi padamelannaNa, Nyatana ayana Urang, Bumi, langit, Sawarga jeung Naraka, katut sakabeh pangeusina. Anu ngarupakeun bukti nyata tina sagala Af’alna Kang Maha Suci.
  4. Ngayakinkeun : Ngandung harti anu geus nyampai kana Syarat syah-na Sahadat.
Sedengkeun Ari Syarat Syahna Maca Sahadat teh :
  1. Kudu geus Netepkeun Kana Dhat-na Allah Ta’alla
  2. Kudu geus Netepkeun Kana Sifat-na Allah Ta’alla
  3. Kudu geus Netepkeun Kana Af’al-na Allah Ta’alla
  4. Kudu geus Sidik Ka Rasululloh kalawan geus netepkeun kana Sifat Rasululloh, nyatana : Sidik, Amanah, Fathonah, jeung Tabligh.

Ceuk paribasa sepuh mah Ulah nuduh kanu jauh ulah nyawang kanu anggang, Anu anggang geuwat raketan, anu deukeut geuwat dehesan (Anu hartina : riksa kudiri sorangan naon-naon anu aya dina diri/awak sorangan).
Saur Pidawuh Rasulullah oge “NAFSIKA MATIYATUKA FARFUK BIHAA” Artina : Diri anjeun lir ibarat Jalan (Alat) pikeun bisa Nyampai kana Ridho-Na Kami.
ﻮﻤﻦ ﻄﻠـﺒﻞ ﻤﻮﻠﻦ ﺒـﻐـﻴـﺮﻱ ﻧـﻔـﺴـﺢ ﻓـﻘﺪ ﻇﻞﻇﻞ ﻷ ﻦ ﺒـﻴـﺪ
WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA DHOLALAN BA’IDA
(Jeng Saha-saha jalma anu neangan Panggeran (Allah) kaluar tina dirina sorangan mangka satemen-temenna eta jalma geus kasasar.) Dina hal ieu nembe kuurang tos tiasa kasawang jeung kalenyeupan yen hakekatna Panggeran sabenerna teu jauh jeung diri urang sorangan, malahan justru leuwih moncongok Manten-Na tibatan diri urang sorangan “Nahnu Aqrabun Illaihi Min Hablil Warid” (Kami leuwih deukeut kamaraneh tibatan urat beheungna sorangan Q.S Qaaf Ayat 16 ) “Wahuwa Ma’akum Ainama Kuntum” (Jeung kami marengan kamaraneh sakabeh (Dimana anjeun aya nya didinya kami aya) Q.S Al-Hadid Ayat 4).
“Ru’yatullahi Ta’ala fidunya bianil Qolbi” (Ningalina Allah didunya kupanon (mata hati) tapi teu kalawan kafiat sabab teu adu hareupan, kusabab geus ngahiji sagulung sagalang lir upama sagara jeung ombakna, seneu jeung panasna, cai jeung tiisna, kembang jeung sengitna, gula jeung amisna, kopi jeung paitna, uyah jeung asinna. Kapan ceuk dalilna oge “ Innalloha Ala Kulli Sai’in Muhit” (Saenyana Allah Ta’ala ngaangliputi kasakabehna lir ibarat cahaya kaangliputi ku caangna, seneu kaangliputi ku panasna).

IMAN – TAUHID – MA’RIFAT – ISLAM

IMAN : Percaya kalawan yakinna
TAUHID : Teuteup – ajeug – Jeujeug
MA’RIFAT : Nyaho – Nyata – Teu samara
ISLAM : Suci – Sumerah – Salamet

Haqul Aen : Kakara deudeukeutan atawa reureujeungan
Haqul Yakin : Geus deukeut / geus reureujeungan
Ma’rifatul Aen Nyaeta kakara basa jeung carita.
Ma’rifatul Haq Nyaeta geus nyata, tetela karasana

NU KA ASUP KUMAWULA KA GUSTI TEH NU ASIH KA PAPADA MAKHLUKNA
Hartina : Jalma anu geus nyaho hartina bener, tara gampang nyalahkeun nu lian.
Jalma anu geus uninga ka Gusti, tangtu welas asih ka abdi abdina. Anu welas asih ka abdi abdina, saolah-olah ngabakti anjeunanana. Ulah waka ngaku tunggal jeung gusti, upama can welas asih ka makhlukna.
AGAMA teh pituduh jeung katerangan ti Alloh Ta’ala. Filsafat hasilna tina pikiran manusa.
Iman teu jeung ikhtiar, Elmu teu jeung amal sarua jeung kosong. Saksi nu nomer hiji nu baris nyalahkeun jeung ngabenerkeun teh hate. Najan pinter bisa nyarita ngareka reka basa, najan unggul dina catur, hate mah tetep nyaksian ( nu salah bakal cilaka, nu bener bakal salamet).

LENYEPANEUN
Akal jeung pikiran dikamudikeu ku tekad, tekad dikamudi ku Tekad anu lempeng bener, teu cukup ku elmu nu luhur, teu cekap ku paham nu tabah, anging ku “ KODRAT IRADAT NU MAHA SUCI”. (Nyeka raga, Mersihan diri, Nyucikeun ati ‘TATAPA NEDA LAKSANA’
Dina Al-Qur’an : “WA’ ASMAIHI TA’ALLOH ABADAN BI KUFRO”
Hartina : Sing saha nu ngaji Asmana bae, tetep kafir lamun teu timu barangna.

Barang dina wujud ngan aya 4 (opat) perkara :
  1. SAREAT
Sareat, lakuna badan letakna dina sungut (Pangucap)
  1. TAREKAT
Tarekat lakuna ati nu letakna dina irung (Pangambung)
  1. HAKEKAT
Hakekat lakuna nyawa, letakna di ceuli (Pangdangu)
  1. MA’RIFAT
Ma’rifat lakuna rahsa, letakna di mata (Paninggal)

Sholat Subuh : Nabi Adam ayana dina Wujud
Sholat Lohor : Nabi Enoh ayana dina Pangdangu
Sholat Asar : Nabi Ibrahim ayana dina Paninggal
Sholat Maghrib : Nabi Musa ayana dina Pangucap
Sholat Isa : Nabi Isa ayana dina Pangangseu
Sholat Minal Witir : Nabi Muhammad ayana dina Rasa Jasmani

Allah Muhammad Adam
Hirup Rasa Adeg


HIRUP = Kanyataan ayana Gusti
RASA = Kanyataan ayana Muhammad
ADEG = Kanyataan ayana Adam

Malaikat Jibril mepelingan ka kanjeung Nabi Adam “ Kudu tobat, ari anu di ucapkeun ku Nabi Adam dina dalil Qur’an nyaeta :
ROBBANA DOLLAMNA ANFUSSANA WA ILAM TAGHFIRLANA WATARHAMNA LANA KUNNANA MINAL KHOSIRIN

ARI ASMA MUHAMMAD ETA AYA 4 (OPAT) PERKARA :

  1. MUHAMMAD HAQ (ANU SAJATI)
Nyatana Dhat Sifat = rupina caang dumeling anu ngarupakeun sagara hirup nyaeta bibit buitna nyawa sakabeh.
  1. MUHAMMAD HAKEKI
Sorotna tina Dhat Sifat anu ngaluarkeun / ngabijilkeun cahaya opat warnae :
Asal tina 4 (opat) unsur Alam :
  1. Seneu (Na’run / ﻧـﺮﻮﻥ )
  2. Angin (Hawa’un / ﺤـﻮﻋـﻮﻥ )
  3. Cai (Ma’un / ﻤـﺎﻋـﻮﻥ )
  4. Taneh ( Turabun / ﻄﺮﺍﺒـﻮﻥ )

Asal tina 4 (opat) unsur Cahaya :
  1. Cahaya Beureum (Nurul Ahmar)
  2. Cahaya Koneng (Nurul Ashfar)
  3. Cahaya Bodas (Nurul Abyad)
  4. Cahaya Hideung (Nurul Aswad)

  1. MUHAMMAD HARID
Nyaeta Rasa pribadi atawa Rasa Jasmani urang
  1. MUHAMMAD MAJAJI
Anu ngarupakeun Rupa Jasmani

Suku Cangkeng/udel Badan/Tangan Kepala

ﻣ ﺣ ﻣ ﺩ

WA’BUDU ROBBAKA HATTA, YA TIYAKAL YAKIN (Q.S. AL-HIJIR : 99)
Hartina : Sembah Panggeran Anjeun sing nepi ka datangna kayakinan ( kudu aenal yakin, sing sidik ka Maha Agung, ulah dikira kira, di judi judi ku ati yen Alloh teh ayana di luhureun arasy).

Anu Aqrob jeung kakawasaan anu Agung, hirup urang, eta kakawasaan Gusti Nyaeta hakekat Muhammad tea.

HAQULLOH = Hak Allah = hirup urang haqqul Adam = rasa jeung nafsu = Nyawa. Ari nyawa sifatna geutih ari geutih nyatana Nafsu.
Sifatna Hirup = Sifatna caang = Roh Suci.

Manusa kudu wajib percaya kana barang ghoib, kapan ceuk dalilna oge :
HUDAN LIL MUTTAQIENNA, ALLADZINA YU’MINUNA BIL GHAIBI (Q.S. Al-Baqoroh : 3)
Hartina : Nyaeta sakabeh jalma anu iman nekadkeun, ngabenerkeun, sarta ngaku kana perkara ghaib.

WA ALLOHU GHOIBUN AL INSANU GHOIBUN
Hartina : Jeung Alloh teh Ghoib manusa oge Ghoib.

ASMA’UL HUSNA (Asma Gunti Alloh ) sadayana aya 99. Diringkeus jadi aya 5, diantarana bae :
  1. ASMAUL DHAT
  2. ASMAUL SIFAT
  3. ASMAUL ASMA
  4. ASMAUL AF’AL
  5. ASMAUL JINSI

IMAN AYA TILI PANTA :
    1. IMAN TAKLID : Iman tina beja batur
    2. IMAN IDLAL : Naek tinu ka hiji
    3. IMAN TAHKIK : Geus gembleng, geus yakin kana Dhat, Sifat, Asma jeung Af’alna Alloh Ta’ala

BEDANA RIJALUL ALAM JEUNG RIJALULLAH
Duanana oge sapangkat, nyaeta pangkat Senapati. Rijalul Alam : Nyaeta senapati Alloh anu ngagelarkeun Elmu Dohir nyatana elmu kadewaan. Ari asalna ti kanjeung Sayidina Anwar (Istijrad).
Ari Rijalullah : Nyaeta senapati Alloh anu ngagelarkeun Elmu Agama, anu asalna ti kanjeung Syaidina Anwas (Mujizat). Duanana oge putra Nabi Sit A.S. incu ti kanjeung Nabi Adam sareng Babu Hawa.

BEDANA ELMU ISTIJRAD JEUNG MUJIZAT
Ari elmu istijrad mah teu sesah napaan, asal percaya oge geus cukup. Sedeng ari elmu mujizat mah kedah di galeuh ku ngirangan tuang leueut (Tirakat).

SING TALITI – SING SIDIK

NUR MUHAMMAD = ADAM HAKEKI = BABAKALNA ALAM DUNYA

CAHAYA BEUREUM = NARUN = SENEU
CAHAYA KONENG = HAWAUN = ANGIN
CAHAYA BODAS = MAUN = CAI
CAHAYA HIDEUNG = TURABUN = TANEUH / BUMI
KALIMA CAANGNA ALIP – LAM – LAM – HE = ALLOH ( ﺍﷲ )
DHAT – SIFAT – ASMA
  1. NABI ADAM, PANGKATNA : HALIFATULLAHU
  2. NABI ENUH, PANGKATNA : HABIBULLAHU
  3. NABI IBRAHIM, PANGKATNA : HALILULLAHU
  4. NABI MUSA, PANGKATNA : KALAMULLAHU
  5. NABI ISA, PANGKATNA : ROHULLAHU
  6. NABI MUHAMMAD, S.A.W. PANGKATNA : RASULULLAHU

Para Nabi kasebut diluhur parantos parupus, Para “Rasul” mah teuteup teu robah nepi ka kiamat oge, kumargi kitu urang keudah : SING APIK – SING TELIK

CATETAN TINA BAGIAN HAK :
RASULULLAH = RASA ALLAH
RASA MANUSA = RASA SEJATI GHAIB
RASA JASMANI = RASA PRIBADI

Naon hartina DALIL – HADITS – IJMA – QIYAS

DALIL = Pangandika Allah SWT
HADITS = Pangandika Rasul
IJMA = Pangandika para Wali jeung para muslimin /ulama
QIYAS = Sategesna Akal.

NAON ARI “ KAFIR “ ?
KAFIR teh sategesna lain si itu, si eta, tapi nyaeta jalma anu jahat atina, disagala bangsa oge aya tangtuna.
DHAT – SIFAT ALLOH TEH = HAKEKATNA MUHAMMAD = SAJATINING SAHADAT = JOHAR AWAL = SAGARA HIRUP = BIBIT NYAWA SADAYANA.

Tarekatna ngelmu teh = ngagunakeun akal sangkan Aenal Yakin.


NAON BEDANA HIRUP JEUNG NYAWA
Gusti Allah maparin Nyawa ka manusa teh dina urang mimiti ngabogaan rasa, nafsu, jeung kahayang. Nafsu anu opat perkara nyaeta : Nafsu Amarah, Loamah, Sawiyah, Mutmainah. Barang mimiti gubrag ka alam dunya. Sedeng ari Hirup mah geus ti beh ditu, dijero beuteung indung oge geus bisa usik (hirup suci).
Ceuk Hadits :
MAN SOLA BILA MA’RIFATIN LAA TASINU SOLATUHU”
Hartina : Singsaha jalma anu solat bari teu kalawan Ma’rifat, maka teu sah solatna.

Sabda Nabi Muhammad SAW (Imam Gojali)

ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﻤـﻌـﺮﻓــﺔ ﺍﷲ ﺗـﻌـﻼ
AWALUDINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA
Hartina : Awal-awalna agama ku Ma’rifat heula ka Allah Ta’ala.

Dawuhan Allah Ta’ala dina Qur’an Surat Al Hijir ayat 99 :
WA BUDU ROBBAKA HATTA YA’TIYAKAL YAQINU
Hartina : Kudu nyembah maneh ka Panggeran maneh teupi ka Yakin.

Anu Ghoib diwujud manusa teh nyaeta : DHAT – SIFAT – ASMA ALLAH.
Jadi hartina Ghoib teh sifat sifatna Hakekat.
DHAT = HAKEKATNA ALLAH
SIFAT = HAKEKATNA MUHAMMAD
ASMA = HAKEKATNA ADAM
AF’ALULLOH = Amanat Gusti Alloh, nyaeta suci atina, suci ucapna, suci lakuna. Samemeh urang ngawincik Gusti ngudag kanyataan Panggeran teh, perlu di kanyahokeun pertanyaan-pertanyaan dihandap ieu :

  1. Naon hartina Agama ?
  2. Naon hartina Gama ?
  3. Naon hartina Hirup ?, Hirup ku Hirupna – Hirup kunu Hurip.
  4. Saha nu Hirupna ?
  5. Saha nu Hurip ?
  6. Naon hartina Qudrat ?
  7. Naon hartina Iradat ?
  8. Naon hartina nu Maha Suci ?
  9. Naon hartina Elmu ?
  10. Naon hartina diri Gama ?
  11. Manusa teh makhluk nu pang unggul-unggulna ti saantara makhluk. Naon unggulna manusa ti makhluk nu sejenna ?
  12. Naon bedana hirup urang jeung salian hirup ti urang ?
  13. Naon ari tetengger Agama Islam ?
  14. Sajaba Rukun Islam jeung Rukun Iman, rukun naon deui anu di kanyahokeun deui ku urang ?
  15. Naon ari Rukun Agama Islam ?
  16. Naon ari Fardhuna Agama Islam ?
  17. Naon ari Saratna Islam ?
  18. Naon ari batalna Islam ?
  19. Dina kitab naon pepekna caritaan jeung prak-prakannana anu di parentahkeun ku hukum sara ?

Saparantos kajawab pertarosan-pertarosan diluhur perlu oge di emutkeun, margina aya perlu kanggo bahan kapayun nyaeta :
  1. Para Nabi = Mu’jizat
  2. Para Wali = Karamat
  3. Para Mu’min = Syafa’at
  4. Ahli Bid’ah = Ihana
  5. Bangsa Kafir = Mujajilah

Rek “Iman” ka Gusti Alloh ?, Aos engke dina bagbagan “ Ngawincik Gusti “ ngudag kanyataan Panggeran.

Alam Anu Tujuh :
  1. Alam Ahadiyat
  2. Alam Wahdat
  3. Alam Wahidiyat
  4. Alam Arwah
  5. Alam Mitsal
  6. Alam Ajsam
  7. Alam Insan Kamil

DEMI PUJI AYA 4 (OPAT) HARKAT :

  1. PUJI : “KODIM ALAL KODIM”
DALILANA : “LAILLAHA ILLA ANA”
HARTOSNA : “EUWEH DEUI ALLAH LIAN TI KULA”
  1. PUJI : “KODIM ALAL HADITS”
DALILANA : “NI’MAL ABDU INNAHU AWWABBUN”
HARTOSNA : “PANG ALUSNA JALMA TEH ANU SABAR” GUSTI ALLAH MUJI KA ABDINA
  1. PUJI : “HADITS ALAL KODIM”
DALILANA : “LAILLAHA ILALLAH”
HARTOSNA : “EUWEH DEUI PANGGERAN ANU WAJIB DI SEMBAH ANGING GUSTI ALLAH ” TI ABDI MUJI KA GUSTINA
  1. PUJI : “HADITS ALAL HADITS”
DALILANA : “JAEDUN KARIMUN”
HARTOSNA : “JALMA MUJI KA JALMA DEUI”

NGAWINCIK GUSTIU
Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Panggeran teh, ku pirang-pirang hadits keung pirang-pirang dalil. Hadits teh saringeun deui, jeung dalil teh intipeun deui, diintip ciri-cirina, disaring sari-sarina, mun geus ka intip cirina sarta geus kasaring sarina, ciri teh jadi ciciren diri, sari teh jadi sarining budhi, budhi basa kanyataan, ciciren diri sajati.
Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Panggeran teh, lain pagawean anu gampang-gampang, lamun ku jelema anu nganggap bangga, sabalikna henteu gampang-gampang acan lamun ku jelema kakotektak jalan jalanna.
Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Panggeran teh, moal ka udag ku jalan apal-apalan jeung galur do’a-do’aan, henteu cukup ku kuru cileuh kentel peujit bae, tapi kudu kalawan dibarengan ku jalan “Kautamaan” nyaeta kautamaan lahir jeung batin.
Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Panggeran teh, kudu sing puguh galurna, sing nincak kana tapakna, nyaeta galur anu nuntun kana kujur, tapak anu nuduhkeun kana jalan, jalan cukang kautamaan, nungtun kana karahayuan, geusan kasalametan lahir batinna.
Naon ari Gusti Alloh teh ?
Naon ari Panggeran teh ?
Anu bisa ngajawab ieu pertanyaan, ngan jalma anu geus nyaho kana hartina IMAN – TAUHID – MA’RIFAT – ISLAM (Islam teh Rukun Agama Islam )

IMAN : Percaya kalawan yakinna
TAUHID : Teuteup – ajeug – Jeujeug
MA’RIFAT : Nyaho – Nyata – Teu samara
ISLAM : Suci – Sumerah – Salamet

Jalma anu percaya, anu geus tetep, anu geus nyaho jeung anu geus suci, tangtu nyata ka Panggeranana, tekadna jeung lampahna saimbang jeung iradatna anu kawasa, satuju jeung gusti Allah anu Maha Murah jeung Maha Asih.
Uapama urang hayang nyaho kumaha Qudrat Iradatna Gusti anu Maha Murah jeung Maha Asih, urang kudu mapay heula tina bag-bagan “ELMU TAUHID”. Demi “Elmu Tauhid” teh nyokot patokanana tina kitab “USHULLUDIN”. Kitab Ushulludin teh, nyaeta anu medarkeun hal ihwal Agama Islam, ngadadarkeun kana kaayaan Panggeran, Gusti diwincik ku wiwitanana, Panggeran dipedarkeun dugi kawekasanana, ku perantara bagbagan “SIFAT 20 ALLOH”.

PANYELANG
Lain caang ti beurang, lain caang ti peuting, tapi caang anu dumeling. Lain caang panon poe, lain caang bulan purnama, tapi caang ati di sajeroning eling.

DHATTULLOH : Nuduhkeun yen Gusti Alloh teh hiji/ tunggal.
SIFATTULLOH : Nuduhkeun sagala pasifatan nu digelarkeun ku Gusti Alloh.
AS’MAULLOH : Nuduhkeun kana pangjeunengan Gusti Alloh anu Murah tur Asih.
AF’ALULLOH : Nuduhkeun kana padameulan jeung kakawasaan Gusti Alloh

Dhattulloh : Anu ngayakeun Sifat
Sifattulloh : Anu Ngayakeun Asma ALLOH
Asma’ulloh : Anu ngayakeun Af’al

Nu “Teu aya” teh saenyana mah “ aya” numatak aya “ngarana”. Sanajan disebut “Euweuh” oge saenyana mah henteu jauh tin u aya jauh. Wajib ayana mustahil “Euweuhna”. Sabab, sanajan euweuh nu aya, tetep moal euweuhna. Tah kitu sababna pang Gusti Alloh wajib ayana di mustahilkeun euweuh teh (AYA TEU KALEUNGITAN KU EUWEUH).



NAON ARI AF’ALULLOH ?
Af’alulloh nyaeta amanat Gusti Alloh, ka abdina. “Kudu suci tekadna, suci ucapna, jeung suci lampahna, jelema anu geus uninga ka Gusti, tangtu welas asih ka abdina. “Anu welas asih ka abdina, saolah-olah ngabakti ka anjeunana”.“Ulah waka ngaku tunggal jeung gusti upama encan welas asih kapapada makhlukna.

DINA PANGAJARAN “ELMU MA’RIFAT” BISA DIBAGI KANA DUA BAGIAN :
  1. MA’RIFAT AEN = Kakara basa jeung nyarita
  2. MA’RIFATUL HAQ = Geus nyata, tetela jeung karasana.
Lamun hayang nyaho, jeung bener ngarasa “Tunggalna kaula Gusti” kudu aya guru tuduh anu mursyid, sangkan ulah aya akhirna nepi ka bekas nyalahan, sabab dina ieu pangajaran henteu ngan saukur ku paribasa jeung carita bae, tapi kudu kalawan make “Praktek” nyaeta praktek pangajaran “Nunggalkeun” Kaula Gusti.
Kitu lamun upama memang urang hayang ngudag pangajaran “Ma’rifatul Haq”, tapi upama ngan saukur ngudag pangajaran “Ma’rifatul Aen” mah cukup ku sasemet basa jeung carita bae.
PANYELANG
Leuleupeutan leuleumeungan, dipalar kejo poena. Deudeukeutan reureujeungan jeung Alloh sapo-poena.

Nerangkan Syahadat Para Rasul :

RASUL NU KA HIJI NABI ADAM A.S

ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ADAM HALIFATULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Adam dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna ulah hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun heula wujud maneh pribadi, sabab wujud maneh eta kanyataan ayana Kami.
Kapan ceuk dalilna oge :
WALLAHU BATHINUL INSAN AL INSANU DOHIRULLAH”
Artina : Jeung Alloh teh batinna manusa ari manusa dohirna Allah (di ibaratkeun wadah jeung eusina). Jeung maneh Adam kudu solat 2 (dua) roka’at, waktu subuh pikeun tumarima, hiji boga nyawa kaduana boga wujud.
RASUL NU KA DUA NABI ENUH A.S

ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ENUH HABIBULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Enuh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna ulah hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun bae heula denge maneh pribadi, sabab denge maneh eta Pangdenge Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “SAMI WAL SAMIAN”. (Artina : Ceupil jeung Pangdanguna ). Jeung maneh kudu solat waktu duhur lobana 4 (opat) roka’at, sing tarima boga dua ceupil jeung dua suku.

RASUL NU KA TILU NABI IBRAHIM A.S

ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA IBARAHIM HALILULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : He Ibrahim Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi montong hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun bae heula paninggal maneh pribadi, sabab paninggal maneh eta Paninggal Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “BASHIR WAL BASHIRAN”. (Artina : Soca jeung Paninggalna ). Jeung prak maneh kudu sujud, solat waktu ashar lobana 4 (opat) roka’at, kudu tarima ngabogaan dua siki mata jeung dua leungeun kenca katuhu.

RASUL NU KA OPAT NABI MUSA A.S

ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUSA KALAMULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : He Musa Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan aing pribadi, tapi montong hayang nyaho kana Dhat-Sifat Aing, kanyahokeun heula pangucap maneh pribadi, sabab pangucap maneh eta Pangucap Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “KALAM WAL MUTAKALIMAN”. (Artina : Ucap jeung Nu ngucapkeun ). Jeung prak maneh geura solat waktu maghrib lobana 3 (tilu) roka’at, sabab saperkara boga baham, kaduana boga lisan, katiluna boga ati.

RASUL NU KA LIMA NABI ISA A.S

ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ISA ROHULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Isa dikersakeun ku Kami geus jadi utusan Kami, tapi teu kudu hayang nyaho kana Dhat Kami, kanyahokeun bae heula Napas maneh pribadi, sabab Napas eta kanyataanana hirup Kami Kami.
Prak maneh geura solat Isa 4 (opat) roka’at, lantaran di maneh eta ngabogaan 2 (dua) liang irung, katiluna Nafas, nu kaopat geutih, geus bukti sabab lamun geutihna lampus, nafasna oge moal aya.

RASUL NU KA GENEP NABI MUHAMMAD S.A.W

ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUHAMMAD RASULULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : He Muhammad Maneh teh utusan Kami, ka Kami maneh kudu Ma’rifat, sabab maneh anu pang deuheusna,
Kapan ceuk dalilna oge : “AL INSANU SIRI WA ANA SIRUHU”. (Artina : Sategeusna maneh Muhammad rasa Kami, jeung Kami teh rasa anjeun) kapan pangkatna oge Muhammad – Rasululloh,. Ieu kami mere Buroq pikeun engke ngadeuheus ka hadirat Kami, Jeung turun ka anak incu, terus ka para Wali sadayana, Muslimin para Aulia, nu menang pitulung Gusti, malah nepi ka poe Qiyamah.

Tingali lafadna Nabi-nabi : Adam, Enuh, Ibrahim, Musa, Isa. Sadayana teu ngangge tasjid ( ), iwalti Nabi Muhammad, sami sareng lafad Alloh, netelakeun carita teu aya deui, yen Nabi Muhammad anu dipaparin Konci keur ngadeuheus ka Hyang Agung. Jadi sanajan ayeuna umat Nabi, tangtu bisa, lamun kapanggih “Tasjidna” asal suhud neanganana, dibeulina ku prihatin, tirakat mutih puasa sareng dibarengan ku TEKAD – UCAP – LAMPAH anu suci. Mangga lenyeupan. Saur sepuh : “KERIS MANJING WARANGKA, WARANGKA MANJING CURIGA”.

CATEUTAN :

Ngelmu teh kudu : KAPANGGIH – KAHARTI – KARASA - Jeung NYATA

KAPANGGIH Pituduhna
KAHARTI Maksudna
KARASA Eusina ALLOH
NYATA Ayana

Teangan jalanna (Tarekat) nyaeta carana keur nunggalkeun Kawula jeung Gustina.
Nyaeta : REP SIDAKEP TUNGGAL, AMATENI PANCAINDERA, NUTUP BABAHAN HAWA SANGA – SIRNA RASANA – BUNGAH MANAHNA ( MATENI PATANG PERKARA ).

Ulah nunjuk anu jauh, ulah neang anu anggang, cukcruk badan sakujur, kotektak awak sorangan, sing terbuka, sing kapanggih, karampa sarining rasa, cirri diri anu sajati.
KARATON YANG MANON, Tegesna, Dhar Yang Agung = Baetulloh anu sajati tempatna ngahampura dosa, teu di kulon, teu di kidul, teu di kaler, teu di wetan, teu di luhur, teu dihandap, tapi dina hate anu suci. (QOLBU MU’MININA BAETULLOH).
Ingeut ! Ulah nuduh ka Alloh kana wujud, da Alloh mah teu beunang disaruakeun jeung naon bae nu aya di ieu dunya, Kapan ceuk dalilna oge : “LAESA KAMISLIHI SYAE’UN”.
Sumawonna make nyamarutkeun kana dirina mah, hukumna oge kufur. Manusa mah teu daya teu upaya, kapan “LAHAWLA”.
Urang wajib neda dihampura ku Alloh, tapi Alloh moal waka ngahampura dosa urang, lamun indung bapa urang henteu ngahampura.
Lamun urang henteu Ma’rifat ka Alloh, kana Dhat, Sifat-na Gusti, bisa jadi “Akbarna geu meureun kamana mendi, hare hare ngaler ngidul.
Ulah gampang-gampang nyalahkeun kana kaayaan nu lian, lantaran itu ieu oge acan tangtu, et amah anging Alloh anu Maha Uninga.
Ulah hayang kapuji, lantaran jalma anu resep di puji teh, batinna rugi.
Ulah bosen-bosen nanyakeun lamun aya anu teu ngarti, sabab loba tatanya teh teu aya gorengna, sarua jeung ngumpul-ngumpul bahan keur naekeun darajat pribadi.
Ulah adigung-adiguna, ieu aing pang akangna, boga rasa pinter aing teu deugeun, bisi ti soledat anu akhirna matak kawalat.
Sajabina ti eta urang kudu boga : TATA-TITI, SOPAN SANTUN, JEUNG DUDUGA PERYOGA. Kudu dipake.
Gusti wajib dipuji, Ibu rama wajib dipunjung dipuja, (Ka Alloh urang sumembah, ti Ibu rama ngalap mulus rahayuna sareng berkah salametna.
Sirik pidik, jail kaniaya, hiri deungki ka batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti pada jalma. Ulah sok panasan ku milik batur, matak ngarerab hate sorangan. Jalma kudu rea batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri budi akal lantaran ti pada jalma.
Eling-eling mangka eling rumingkang di bumi alam darma wawayangan bae, raga taya pangawasa, hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho dimangsa.
(HIRUP NU NGABOGAAN PATI – PAEH TEU NYAHO DIMANGSA).
Nafsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan. Nu teguh ngukur ka kujur, ingkar ti takabur, betah nimbang-nimbang awak, pasti maksudna katewak.

PANGAJARAN ELMU SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT
Urang bantun anu pangringkeusna bae, ringkeus diringkeuskeun deui. Sanaos kitu, ari ku jalmi anu berbudi sareng anu berakal mah tangtos ka judi ku ati, tiasa enggal ka paham ku manah, caang padang narawangan, kasasar “Inti sarina”, terbuka jalan anu sampurna, patokan hirup mulus hurip mukhlis, ulah hirup kusut hurip rujit.

PATOKAN ELMU SAREAT
  1. Kudu nurut kana parentahna Gusti Alloh.
  2. Ulah saomong-omongna.
  3. Ulah satenjo-tenjona.
  4. Ulah sok sadenge-dengena
  5. Ulah sacokot-cokotna.

PATOKAN ELMU TAREKAT
  1. Kudu nganyahokeun dawuhannana Gusti Alloh.
  2. Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di omongkeun.
  3. Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di tenjo.
  4. Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di denge.
  5. Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di cokot.

PATOKAN ELMU HAKEKAT
  1. Kudu nyaho bener ka Gusti Alloh.
  2. Kudu ngomong anu bener.
  3. Kudu nenjo anu bener.
  4. Kudu ngadenge anu bener.
  5. Kudu nyokot anu bener.


PATOKAN ELMU MA’RIFAT
  1. Kudu sing nyaho bener tunggalna Kawula Gusti.
  2. Kudu sing nyaho bener bedana anu hade jeung anu goreng.
  3. Kudu sing welas jeung asih kapapada makhlukna.
  4. Kudu panjang ingetan, kudu boga wiwaka pamilih.
  5. Kudu campleng wawanen, pengkuh ngukuhan kanyataan.

MA’RIFATNA IMAN AYA 5 (LIMA) RUPA

  1. IMAN TAKLID = Nyaeta iman anu masih ula ilu (tuturut munding)
  2. IMAN ELMU = Nyaeta iman anu hasil tina pangaweuruh / Guguru.
  3. IMAN AYAN = Nyaeta iman anu geus teu samara-samar deui ( Ma’rifatul Aen)
  4. IMAN YAKIN = Nyaeta iman anu geus yakin kana Dhat, Sifat, Asma, Af’al-na Gusti Alloh Ta’ala (Ma’rifatul Yakin).
  5. IMAN HAK = Nyaeta iman anu geus murakabah, nyaeta anu geus bisa netepkeun kana sajatina Niat, nyatana : BILLAHI, FILLAHI, LILLAHI, MINALLAHI, ILALLAHI.

NGEUNAAN ROH AYA 7 (TUJUH) RUPA
  1. ROH NABATI
  2. ROH HEWANI
  3. ROH RABBANI
  4. ROH RAHMANI
  5. ROH IDLOFI
  6. ROH JASMANI
  7. ROH ROHANI

BAB SHOLAT

SHOLAT TEH AYA 2 (DUA) BAGIAN :
  1. SOLAT ISTILAH
  2. SOLAT LOGAWI

SOLAT ISTILAH
Demi solat istilah, nyaeta solatna badan anus ok biasa dipigawe sapoe sapeuting 5 waktu tea nyaeta : Subuh, Lohor, Asar, Maghrib, Isa.
Kapan dina dalilna oge :
AQWALUN WA AF’ALUN MUFTAHATUN BI TAKBIRI MUFTAHATUN BI TASLIMI”
Anu hartosna : Solat anu dimimitian ku takbiratul ikhram, jeung ditungtungan ku aweh salam.
Syarat-syaratna Solat Istilah eta aya 15 perkara :
  1. Islam
  2. Pinter
  3. Manjing waktuna (Baleg)
  4. Nyaho kana fardhu jeung kipayahna.
  5. Ulah nyunatkeun nu perlu jeung sabalikna.
  6. Suci badanna
  7. Suci prakprakanana.
  8. Buni oratna.
  9. Madep ka Kiblat.
  10. Ulah ngomong salian ti anu dibaca
  11. Ulah aya gawe anu sejen
  12. Ulah baranghakan
  13. Ulah mangmang hate.
  14. Ulah megatkeun solat
  15. Ulah batal solat.

Ari Fardhuna Solat aya 5 Perkara :
  1. Takbiratul Ikhram
  2. Fatihah
  3. Atahiyat
  4. Salawat
  5. Salam

Ari Mukaranahna Solat aya 4 Perkara :
  1. IHRAM = Ngaleungitkeun guruhna dunya
  2. MI’RAJ = Dumeheus teu karana lengkah
  3. MUNAJAT = Unjukan teu karana ucap
  4. TUBADIL = Cul pagawean nu sejen, tetep solat kari solat.

Lantaran sagala dicokot ringkesna, babacaanana jeung prakprakanana solat Istilah didieu teu dicaritakeun. Pangna urang wajib solat anu lima waktu teh nurutkeun “Hukum Sara” mah kieu : TUMARIMA URANG DIGELARKEUN KA ALAM DUNYA KU NU MAHA SUCI TEH, KUDU AYA TANDANA, DEMI TANDANA NYAETA KU RUPA SOLAT ANU LIMA WAKTU TEA.
Ari hartina solat istilah teh : Pangabakti ka Gusti Nu Maha Suci ngemban dawuhan Panggeran. Pangna diayakeun sapoe sapeuting 5 waktu the, nyokot tina tangtungan wet anu di ayakeun ku “Hukum Islam”, nyaeta rukun anu lima tea.
Nurutken paham mah solat istilah teh ngandung harti anu kacida pisan pentingna, penting kana bagian lahir, oge penting kana bagian batin. Jadi solat anu lima waktu teh, bisa dibagi kana dua bagian nyaeta : WET LAHIR jeung WET BATIN.

WET LAHIR
Wajib sakabeh umat kudu berseka, berseka leungeun, sungut, irung, ceuli, suku, berseka badan khususna, sabab samangsa-mangsa sehat pikiranana tangtu sehat uteukna jeung saterusna.
Wudhu teh nyaeta saolah-olah pangajaran nitah urang supaya mindeng ngumbah leungeun, mindeung kekemu, mindeung ngumbah irung, mindeung ngumbah beungeut, mindeung ngumbah ceuli, mindeung ngumbah suku, malah alusna pisan mah sing getol mandi bari ngaruruan daki.
Oge lain arek solat bae wajib ngumbah leungeun teh, tapi arek dahar oge wajib ngumbah leungeun the ; lain arek solat bae wajib kekemu teh, tapi entas dahar oge wajib kekemu ; lain areka solat wae ngumbah irung teh, tapi ari aya kokotor mah wajib disusut.; lain arek solat wae wajib ngumbah ceuli teh, tapi ari aya kokotor mah wajib dibersihkeun; lain arek solat bae wajib ngumbah suku teh, tapi lamun asup ka imah oge teu aya halanganana ngumbah suku ; lain arek solat wae wajib kekebut teh, tapi arek sare oge wajib kekebut jeung saterusna. Kujalan kitu, badan rawuh paparabotanana bisa sehat salilana, sarta upama bener diturut anu kasebat di luhur, tangtu barudak pasantren atawa budak anu sejenna ditanggung moal aya anu barudug (baca saratna solat ti nomer 1 nepi ka nomer 9).

WET BATHIN
Wajib sakabeh umat teh kudu ngaraksa jeung ngariksa, Nyaeta ngaraksa leungeun bisi barang cokot lain cokoteunana; kudu ngaraksa sungut tina ucap, bisi ngucapkeun lain ucapeunana; kudu ngaraksa irung tina ambeuan bisi nu di ambeu eta lain ambeueunana; kudu ngaraksa ceuli tina dedengean, bisi nu didenge teh lain dengeeunana; kudu ngaraksa suku tina lengkah, bisi anu dilengkahkeun eta lain lengkaheunana; jeung saterusna. Kujalan kitu tangtu pikiranana, bisa solat salilana, samangsa-mangsa sehat pikiranana, tangtu sekeut uteukna, sarta upama bener diturut sakumaha anu kasebat diluhur, tangtu barudak pasantren atawa budak sejenna moal aya anu parasea, sumawona nepi ka maseaan Indung Bapa mah. (Baca saratna solat tina nomer 10 nepi ka nomer 15).

SHOLAT LOGAWI
Demi solat “LOGAWI” teh nyaeta solatna Hakekat anu teu digeret ku waktu, teu di wares wangeunan ku jaman.
Kapan saur dalilna oge :

LAWAKTAN WALA HADDAN WALA JIHATAN WALA BIJAMANIN WALA BIRUKUN WALA BIJUDIN KOALBAHRI
Hartosna :
(Solat) teu aya waktuna, teu di wates wangeunan, teu aya tempatna, teu aya jamanna, teu aya rukuna, teu aya sujudna, ngemplang saperti sagara dina lautan.

KABEH SOLAT LOGAWI TEH AYA 4 (OPAT) :

  1. SHOLAT WUSTO
  2. SHOLAT DAIM
  3. SHOLAT HAJI
  4. SHOLAT ISMU ADAM

Hartosna SHOLAT WUSTO
Nyaeta ngabaktina solat ka Gusti Alloh teh saban kaluar kajerona “Napas”, kaluar inget “Nafi” kajero inget “Isbat” nyaeta nyumponan lapad “LAILAHA ILALLOH”. Dina saringkak sarigig, diuk nangtung leumpang ngadeg teh teu aya deui anu dipieling anging Gusti Alloh, sarta eta ngagunakeun elingna kalawan yakin, Yen teu aya deui anu wajib disembah anging Gusti Alloh.

Hartina SHOLAT DAIM
Nyaeta ngabaktina ka Gusti Alloh teh saban usikna “Hate” sausik malikna ati teu aya deui anu di pieling, anging Gusti Alloh, saucapna, satekadna, salampahna, dibarengan ku tumarima kana kamurahanana jeung pangasihna Gusti Alloh. Dina sajero ngabakti nyumponan dalil : “FA’BUDHU WATAWAKKAL ALAIHI”, nyaeta ngabaktina teh ka anjeuNa, jeung sumerah diri oge ka anjeuNa.

Hartina SHOLAT HAJI
Nyaeta ngabaktina ka Gusti Alloh teh saban usikna “Ati” obahna “Manah” sarengkak saparipolah teu aya deui anu di pieling anging Gusti alloh, sarengkak, sarigigna, saucapna, satenjona, sadengena, saambeuna, satekadna, salampahna, teu tinggal ti Alloh. Nu katenjo, nu kadenge, nu di ucapkeun, anu dilampahkeun teh anging Alloh, nyumponan kana dalil :
U’BUDILLOH KAANAKATARAHU FAIN LAMTAKUN TARUHU FAINAHU YAROKA”
Nyaeta : ngabaktina ka Gusti Alloh teh saperti ningali ka AnjeunNana, anjeunNa ningali ka maranehanana.
Gawena welas asih ka sakur dadamelanana Gusti Alloh, nyaah ka sasama kaula, sabab netepkeun Tunggalna nu katingal jeung nu ningal.

Hartina ISMU ADAM
Nyaeta ngabaktina ka Gusti Alloh teh, lain bae ngan saukur sausik malikna “Ati” saobahna “Manah” bae, tapi salirikna “Sir”, sagedagna “Rasa”, Sir ngabakti ka Nu Maha Suci, Rasa kumawula ka Gusti anu Kawasa, Roh madep maring Dhat anu Kawasa, Sukma madep maring Dhat kang Maha Suci, sir nu asih karep nu langgeng, wis teguh mulaning teguh, teguh anu matak hayu, hayu kuciptaning teguh, nyumponan kana dalil :
AL ISANU SIRI WA ANNA SIRRUHU”
Hartosna : Manusa teh rusiahna Panggeran, Panggeran teh rusiahna manusa, nu salilana jadi abdi, moal nyaho rusiahna Gusti, nu hayang nyaho rusiahna Gusti kudu sakola heula “ Karaton ka Gustian”. Sabab ngan Gusti pribadi anu uninga kana rusiahna Gusti.
Kapan ceuk dalilna oge :
FAMAN KANA YARJU LIQOOA ROBBIHI FALYA’MAL A’MALAN SYALIHAN WALA YUSRIK BI IBADATIHI ROBBIHI AHADAN”.
Hartosna : Saha-saha anu percaya, manehna bakal papanggih jeung panggeranana, manehna kudu ngalampahkeun amal anu hade sarta ulah nyaruakeun naon-naon ka Panggeranana tina ngalampahkeun parentahanana.

LENYEPANEN

Solat ISTILAH teh solatna badan, ngemban dawuhan Panggeran nepungkeun ti abdi ka Gustina.
Solat LOGAWI teh solatna batin, ngemban dawuhan Panggeran nunggalkeun kawula jeung Gustina.
Kumpulna solat ISTILAH jeung LOGAWI teh, saolah-olah kumpulna ibadah Alamul Asghor jeung Alamul Akbar, nyaeta kumpulna ibadah kasakur anu kumelip di dunya kabir jeung dunya sogir.
Hartina :
Manusa anu kasebut “Alam Sogir” teh, anu baris nyubadanan ibadahna sakabeh makhluk, kayaning : Bumi, bentang, srangenge, sawarga, naraka, arasy, kursi, bumi ka 7, jeung langit ka 7. pangna nyubadanan kana sakabeh makhluk, sabab manusa anu kasebut “Alam Asghor” teh kumpul kabeh pepekna kana kaayaan Alamul Akbar aya dibadan manusa saperti : 7 lapis bumi, 7 lapis langit, bulan, bentang, srangenge, tatangkalan, sasatoan, sawarga, naraka, arasy kursi. Jeung saterusna.

RINGKESNA
Sareatna solat teh : Nyanggakeun sembah ti kawula ka Gustina nyaeta anu sapoe sapeuting 5 waktu tea.
Tarekatna solat teh : Dumeuheus ti kawula ka Gustina, nyaeta nepangkeun abdi ka Gustina.
Hakekatna solat teh : Nunggalkeun ti kawula ka Gustina, nyaeta rep sidakep sinuku tunggal.
Ma’rifatna solat teh : Tunggalna kawula jeung Gustina, nyaeta amateni “Panca Indera” nutupi babahan hawa sanga, sirna rasana, bungah manahna.
SOLAT SAREAT Nyumponan pangajaran IHRAM
SOLAT TAREKAT Nyumponan pangajaran MI’RAJ
SOLAT HAKEKAT Nyumponan pangajaran MUNAJAT
SOLAT MA’RIFAT Nyumponan pangajaran TUBADIL
Dina hiji ibadah kudu aya bae fanana, fanana dina hiji-hiji pangajaran nurutkeun kumaha tahapanana pangajaran anu keur dipaju.

Demi martabatna fana bisa dibagi kana 4 (opat) bagian :

  1. FANA FIL AF’AL
  2. FANA FIL AS’MA
  3. FANA FIL SIFAT
  4. FANA FIL DHAT

Pangajaran IHRAM kaasup kana bagian FANA FIL AF’AL
Pangajaran MI’RAJ kaasup kana bagian FANA FIL ASMA
Pangajaran MUNAJAT kaasup kana bagian FANA FIL SIFAT
Pangajaran TUBADIL kaasup kana bagian FANA FIL DHAT

Nu FANA FIL AF’AL ngarasa kahutangan lamun heunteu SOLAT.
Nu FANA FIL ASMA ngarasa kahutangan lamun heunteu KHUSYU.
Nu FANA FIL SIFAT ngarasa kahutangan lamun heunteu KHUSYUSIL KHUSYU.
Nu FANA FIL DHAT ngarasa kahutangan lamun heunteu MA’RIFAT.

Dalilna Nu FANA FIL AF’AL : “LA FAILA ILALLAH” (Hartosna : Henteu aya anu ngadamel anging Gusti Alloh.
Dalilna Nu FANA FIL ASMA : “LA MATLUBU ILALLAH” (Hartosna : Henteu aya deui anu dipikaresep anging Gusti Alloh.
Dalilna Nu FANA FIL SIFAT : “LA MABUDHU ILALLAH” (Hartosna : Henteu aya deui wajib disembah anging Gusti Alloh.
Dalilna Nu FANA FIL DHAT : “LA MAWJUDA ILALLAH” (Hartosna : Henteu aya deui anu maujud anging Gusti Alloh.

BAB PUASA

Dina sataun sakali, nyaeta dina bulan romadhon sakur kaum islam diwajibkeun puasa. Ari martabatna puasa eta aya 3 (tilu) perkara :

  1. PUASA UMUM = Puasa anu biasa saban bulan Ramadhan
  2. PUASA KHUSUS = Puasana jalma pilihan.
  3. PUASA KHUSUSIL KHUSUS = Puasa sapapanjangna.



HARTINA PUASA UMUM
Demi anu dingaranan puasa umum teh nyaeta : Puasa anu di parentah keun ku “Hukum Syara” dina sataun sakali, saban-saban dina bulan Ramadhan. Syaratna puasa teh nyaeta nyegah dahar, nyegah nginum, nyegah nyapek raheum jeung sajabana. Wajib puasa jeung sunatna puasa umum the lengkep diterangkeun dina Kitab Fikih, sangkan dianggap sah puasana, kudu di niatan anu bener.

HARTINA PUASA KHUSUS
Demi anu dingaranan puasa khusus teh nyaeta : Jaba ti nyegah dahar, nyegah udud, nyegah nginum jeung capek rahem the, nyegah pangajakna leungeun, tina ngucap jeung ngomong nu teu aya perluna, nyegah tina pangajakna pangrungu anu sakira-kira teu aya manfaatna, nyegah tina pangajakna panenjo mata anu sakira teu aya hasilna, nyegah tina pangajakna suku anu sakira-kira matak mawa ma’siat kana kalakuan.

HARTINA PUASA KHUSUSIL KHUSUS
Demi anu dingaranan puasa khusus teh nyaeta : Jaba ti nyegah pangajakna panca indera anu lima, oge nyegah tina sagala kamaksiatan batin, saperti : Syirik, pidik, jail, kaniaya, aral subha, munafek, ngunek-ngunek, ujub, ria, takabur, gumede, tara ngalamun teu puguh, tara berewit, delet, sulit ati, belang bayah, tara ngumandeuar, rumahuh, miara kasusah.
Lamun ieu nu 3 bagian puasa teh kuurang diringkeuskeun, bisa dibagi 2 bagian, nyaeta :
  1. PUASA LAHIR
  2. PUASA BATHIN

Nu kaasup kana puasa “Lahir” nyaeta puasa umum jeung puasa khusus. Sedengkeun anu kaasup kana puasa “Bathin” nyaeta puasa khususil khusus.


SAMPURNANA PUWASA LAHIR AYA 5 PERKARA :

  1. Ngaraksa sungut tina ambeuk, ngupat, pasea, ngageuhgeuykeun jeung ngomong anu jorang.
  2. Ngaraksa panon tina pangdeuleu nu dicegah ku Sara, babakuna nenjo barang anu lain hakna.
  3. Ngaraksa ceuli tina pangdenge, ngadengekeun anu ngupat simuat, nu parasea, pendek ngaraksa tina sagala rupa dedengean nu matak ria.
  4. Ngaraksa panyipta, dina sajeroning keur puasa teh ulah nyipta-nyipta pibukaeun, sumawona bari jeung ngumpul-ngumpulkeun dahareunmah, dina bukana kudu saaya-aya bae, ulah makmak mekmek sapedah tas kosong.
  5. Puasa kalawan ikhlas, sarta kudu nyaho kana paedahna puasa.

SAMPURNANA PUWASA BATHIN AYA 20 PERKARA :
  1. Ulah ngalajur nafsu
  2. Ulah gede ambeuk
  3. Ulah ngomongkeun batur
  4. Ulah nyieun teu ngeunah ka batur
  5. Ulah nyieun susah ka batur
  6. Ulah sirik kana kaayaan batur
  7. Ulah ujub ria takabur
  8. Ulah cawadan
  9. Ulah teu payaan
  10. Ulah aral subha
  11. Ulah miara kasusah
  12. Ulah nguluwut kabingung
  13. Ulah embung dihina
  14. Ulah umanggul hayang kapuji
  15. Ulah hawek
  16. Ulah ngalamun teu puguh
  17. Ulah eraan leuwih ti misti
  18. Ulah pahereng parasea jeung batur
  19. Ulah kebluk beuki sare
  20. Ulah gembul kalahkah baranghakan

20 hal eta ngarujuk kana Dalil :
LATAHAROKUL JASADU ILLA BI IDZNILLAH, WA LATAHAROKUL ROHU ILLA BI IDZNILLAH”.
Hartosna :
Obah usikna jasad ku Roh, jeung obah usikna Roh ku Gusti Alloh.

WATTAQULLOHA WAYU’ALIMUKUMULLOHU”
Hartosna :
Jeung kudu takwa maraneh (ngabersihkeun kokotor lahir batin) engke maraneh dipaparin elmu ku Alloh.

AM KAEFA ILLALLOHU WAHUWA MUKBALUN BISAHWATIHI”
Hartosna :
Kumaha rek bisana lumampah nepungan Panggeranna, sedeng maranehna oge diringkus ku hawa nafsuna.

JADI INTI TINA HAKEKAT PUASA

Lamun lirapkeun kana sejatina puasa, hakekat puasa aya 2 larapan :

  1. Puasa lamun dilarapkeun kana unsur diri dibagi kana 7 bagian, nyatana :
    1. Puasana Badan nyaeta kudu handap asor / depe-depe.
    2. Puasana Hate nyaeta mengkek sagala kahayang
    3. Puasana Nafsu nyaeta nyabarkeun diri
    4. Puasana Nyawa nyaeta temen / syuhud
    5. Puasana Rasa nyaeta bertindak utama
    6. Puasana Nur nyaeta susuci
    7. Puasana Atma nyaeta awas lan waspada
  2. Puasa lamun dilarapkeun kana unsur wujud dibagi kana 7 bagian, nyatana :
    1. Puasana Panon nyaeta kudu melek (ngurangan sare).
    2. Puasana Ceupil nyaeta nyegahan nafsu
    3. Puasana Irung nyaeta ngurangan nginum
    4. Puasana Baham nyaeta ngurangan dahar
    5. Puasana Parji nyaeta nyegahan syahwat
    6. Puasana Leungen nyaeta nyegahan tunggal teunggeul, cocorokot anu lain hakna
    7. Puasana Suku nyaeta tunda langkah kana laku goreng


SYARAT – SYARAT NGA IKHWANKEUN

ﺒﺴـــﻤ ﺍﷲ ﺍﻠﺮﺤﻤﻦ ﺍﻠﺮﺤﻴﻢ

ﻄﻠﺐ ﺍﻠﻌﻠﻢ ﻓﺮﻴـﻀـﺔ ﻋـﻠﻰ ﻜﻞ ﻤﺴﻠﻤ ﻮﻤﺴﻠﻤﺔ ﻤﻦﺍﻠﻤﻬـﺪﺍﻠﻰﺍﻠﻠﺤﺪ
Thalabul Ilmi Fharidatun A’la Kulli Muslimin wal Muslimat Minal Mahdi I’lallahdi
“Nyiar Elmu teh eta wajib ka satiap jalma Islam lalaki jeung Islam awewe ti mimiti aya dina aisan nepi ka sedong kubur (maot)
(H. Riwayat Bukhari wal Jama’ah)


Saur Pangandika Rasulullah SAW

ﺒﺴـــﻤ ﺍﷲ ﺍﻠﺮﺤﻤﻦ ﺍﻠﺮﺤﻴﻢ

ﺍﻠﻌـﻠﻢﻋـﻠﻤﺎﻦ؛ ﻋـﻠﻢ ﻓﻰﺍﻠـﻘـﻠﺐ ﻓـﺰﺍﻚﺍﻠـﻌـﻠﻢﺍﻠﻧﺎﻓـﻊ، ﻮﻋـﻠﻢﻋﻠﻰﺍﻠﻠﺴـﺎﻦ ﻓـﺯﺍﻚ ﺤـﺠـﺔ ﻋـﻠﻰ ﺍﺒـﻦ ﺍﺪ ﻢ
Al-Ilmu Aliman : Ilmun Fii Qalbi Fazaaka Ilmunnaafi, Wa Ilmun Alal’lisaani Fazaaka Hujjattun A’la Abni Adam
Anu hartosna : “Ari elmu teh aya dua rupa :
1). Elmu dijero ati, saestuna eta teh elmu-elmu anu berguna.
2) Jeung elmu anu ayana dina ucapan, tapi eta mah ngan saukur jadi hujah pikeun turunan bangsa Adam (ngan sakadar ngaramekeun dunya wungkul).
Sabda Rasulullah SAW
ﺒﺴـــﻤ ﺍﷲ ﺍﻠﺮﺤﻤﻦ ﺍﻠﺮﺤﻴﻢ
ﻠـﻠـﻌﺎ ﻟﻢ ﺜـﻼ ﺜـﺔﻋـﻟـﻮﻢﻋﻠﻢ ﻇﺎﻫـﺮﻴـﺒـﺬ ﻠﻪﻻﺀﻫﻞﺍﻠﻇﺎﻫـﺮﻭﻋـﻠﻢ ﺒـﺎﻄﻦﻻﻴـﻧﺒﻐﻰﺍﻆﻬﺎﺮﻩﺍﻻﻻﻫـﻠﻪ ﻭﻋـﻠﻢ ﺒـﻴـﻧﻪ ﻭﺒـﻴـﻦ ﺍﷲﻻ ﻴـﻇﻬـﺮﻩﻻﺀ ﺤﺪ

LIL ALMI SALASATU ULUUMIN ILMUN DHOHIRUN YUBDILUHU LI AHLI DHOHIRI WA ILMU BATHIN LAYAN BAGI I’DHARUHU ILLA LI A’HLIHI WA ILMUN BAINAHU WABAYINALLAHI LAYUDHIRUHU LI A’HADIN

“Ilmu terbagi pada 3 (tiga) macam :
  1. Ilmu Lahir Satemenna eta ilmu teh disampaikeun ka balarea secara umum. (Ilmu Umum)
  2. Ilmu Bathin Nyaeta elmu nu teu sakuduna disampaikeun secara luas kecuali ka ahlina (nu boga minat pikeun mempelajarina) (Ilmu Khusus)
  3. Ilmu Antarana Jeung Allah Nyaeta elmu nu teu salayakna disampaikeun ka sing saha wae oge. (Ilmu Khusus bil Khusus pikeun dirina sorangan) Maksudna : Sagala hal anu nyangkut peristiwa/kajadian anu dialaman nyaeta kaayaan nu bersifat pribadi /individual nu dikehendaki ku Allah, berfungsi sebagai suatu “Rahasiah tersembunyi” mung ukur dikanyahokeun antara Sipelaku (Diri Pribadi) sareng Allah Swt. terus lamun urang nyebarkan elmu rahasiah ketuhanan eta, pikeun disampaikan secara meluas ka umum, loba kamungkinan bakal ngadatangkeun fitnah, tuduhan-tuduhan negatif, atau bisa nimbulkan parasaan `Ujub (ngarasa hebat sorangan) nu akibatna bisa ngancurkeun kana nilai-nilai elmu pamanggihna.

Jadi nurutkeun hal eta diluhur, hal ieu didasarkeun kana Hadist Rasulullah anu unggeulna “ALA QADRI UQULLIHIM” (Sapanjang ukuran akal maranehna anu nuntut).

Anu dimaksud tina kalimah diluhur eta, nyaeta nu geus nyampai kana syarat-syarat tertentu :
  1. Geus mapan tina Syariat jeung Thoriqatna.
  2. Kudu geus manjing umur antawis umur 40 Tahun ka luhur, karna usia eta tos dianggap stabil
  3. Teu terlalu terikat ejeung urusan dunia.

Dengan tiga syarat ini akan lebih mencapai tujuan. Adapun pendapat lain bahwa pengertian “Ala Qadri ‘Uqulihim” itu ialah
a) ada minat yang kuat untuk menuntut,
b) sudah memahami secara keseluruhan pokok-pokok ajaran islam/iman, dan
c) usia dewasa dan memiliki kecerdasan yang memadai untuk memahami hal-hal yang ghaib.
Bila seseorang yang hendak menuntut, memiliki minat/keinginan yang kuat yang bukan ikut-ikutan orang, bukan dibuat-buat, kegairahan yang tinggi, maka hal tersebut sudah merupakan NUR (Hidayah) dari Allah SWT. Syarat yang kedua, sebagai seorang yang sudah dewasa tentu mengerti dan melaksanakan shalat, puasa, ada pengertian tentang sifat dua puluh meskipun tidak rinci. Penyampaian ilmu tidak kepada anak-anak dibawah umur atau orang yang nyata-nyata memiliki ciri-ciri kebebalan. Mereka yang berusia dewasa, secara umum dapat diperkirakan mampu untuk memahami segala uraian yang diajarkan. Dengan tiga syarat tersebut, maka inilah yang dimaksudkan “Ahlinya”. Pendapat inilah umumnya yang berlaku dikalangan pengajian Tasawuf.






















3 komentar:

  1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  2. Assalamualaikum. pangersa...
    Alhamdulillah tiasa tepang, geningan di dieu ge mendak LMM, abdi ge kagungan bukuna anu thn 1959, teu di sangki...
    wilujeng tepang...
    salam, sareng ijin copy
    jazakumullah khairan katsiran...

    BalasHapus
  3. Alhamdulillah... hatur nuhun kang, sae pisan. mungguh piken abdi.

    BalasHapus