Senin, 04 Februari 2013

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-3



Lanjutan Jeujeur Carios
anu kapungkur......!
Raden Muslimin sareng raina Raden Muslimat, saparantos netepan Asar…, teras ngabarujeng deui ka Bale Paguneman, neraskeun hanca obrolannana.

  1. Rd. Muslimin : Alhamdulillah rai…, urang dipasihan sehat, kiat, mugi-mugi bae saterasna Allah Ta’ala ngucurkeun rahmat, kasalametan, oge kalancaran dina raraga urang madungdengkeun ieu Elmu Agama. Amin…….
Urang teraskeun hanca garapan obrolan urang, anu dipiharep ku rai teh nyaeta perkawis : Dzatuuloh, Sifattulloh, Asma’ulloh, Af’alulloh.
Rai…!, eta anu 4 (opat) perkawis, insya Allah urang dadar sakaterang engkang, boh luarna boh jerona :
Luarna :
    • Ari Dzatulloh teh, nyaeta ALAM disebatna, anu ngawengku Alam semesta (Alam Dunya).
    • Ari Sifattulloh, nyaeta CAANG satungkebing Langit. Margi Nu Maha Agung mah, Hiji Dzat-Na, Hiji Sifat-Na, tapi mahi ngaliputan kana saniskara anu ngajadi. Istuning henteu aya anu kaluar tina Dzat Nu Maha Suci.
    • Ari Asma’ulloh mah nyaeta Seneu, Angin, Cai, Taneuh. Tah…eta Asma nu Maha Suci…, hiji mahi ka sadayana. Margi eta anu opat teh jadi huruf, jadi lafadz Asma Allah ( ﺍﷲ ) : ALIP ( ), LAM AWAL ( ), LAM AKHIR ( ), HE ( ).
    • Ari Af’alulloh teh, nyaeta nyata HAWA, anu ngahirupkeun sa-Jagat.

Kumaha rai..!, karaosna…?, surup sareng lelembutan…?, atawa masih keneh bingung….?.
  1. Rd. Muslimat : Saha jalmina….. anu henteu ngartos kana eta katerangan anu sakitu jentrena. Kantun ayeuna hoyong terang nyasarna kana diri…!.
  2. Rd. Muslimin : Upami rai teu acan uninga, kieu geura :
Dina Diri mah :
Dzatulloh = nyatana BADAN SAKUJUR, tiluhur sahibas mastaka, ti handap sahibas dampal sampean.
Sifatulloh = nyatana RUPA URANG, moal salah.
Asmaulloh = nyatana DAGING, TULANG, SUMSUM, KULIT. Ieu anu opat.., sami di Dohir oge jadi huruf Asma Allah ( ﺍﷲ ) : ALIP ( ), LAM AWAL ( ), LAM AKHIR ( ), HE ( ).

Af’alulloh = nyatana mah USIKNA DIRI, usik malik badan urang.

  1. Rd. Muslimat : Ke..kang.., naha..?, kapan tadi oge… Allah Ta’ala teh mung hiji. Atuh upami disurupkeun kana saban-saban diri manus amah…, panginten Allah teh mang pirang-pirang…salobana manusa di ieu Dunya, teu acan deui sasatoan.
  2. Rd. Muslimin : Naha…? Ari rai…, bet kaliru teuing..? cing cobi rai…!, geura angkat kanu rame, kanu seueur jalmi mang juta-juta, pek sidik-sidik tingalian sugan aya anu sarupa persis sareng rupi diri rai. Da … pangemut engkang mah, sanajan di sakuliah dunya oge, moal aya nu sarupa, sapamulu, anu ceples taya bedana. Sok sanaos anu kembar oge, tetep kedah aya cirri anu ngabedakeun.
  3. Rd. Muslimat : Eeh…leres…nya ?, upami kitu mah…, da rupi rai mah sadunya oge moal aya anu sami, paling-paling ampir sami. Eta rupina tawisna Allah mung hiji. Kahartos ayeuna mah kang..!, manawi aya terasna…?
  4. Rd. Muslimin : Kantenan….aya keneh terasna. Geura ieu urang wincik deui. Eta anu diterangkeun di luhur teh, upami diringkeuskeun mah….kieu :
  • Eta DZATULLOH teh, nyaeta PANGUCAP urang. Margi eta Pangucap teh istuning atu ngajadikeun sagala karamean di Alam Dohir. Upami henteu ku Pangucap…, gerura moal jadi sagala kahayang manusa teh, gedong-gedong moal jlug-jleg, kendaraan moal rapang jsjb. Jadi ramena ieu alam dunya teh lian ti ku kecap, tegesna ku caritaan. Da… kapan tadi oge Dzat teh mangrupa Bibitna.
  • Ari SIFATULLOH mah, nyaeta PANINGGAL urang. Eta anu mere tuduh kana sagala sifat, anu hade - anu goreng, oge pada kumpul gulung dina Paninggal, satungkebing langit, satungkebing bumi. Sakur sifat kana Soca gulungna : Caang, poek, berem, bodas jsb. Anu matak Soca disebat Sifattulloh.
  • Ayeuna ASMA’ULLOH, nyaeta PANGDANGU urang. Cepil wadahna. Kieu katerangannana : Geuning nyata sakabeh sora kumpul gulungna kana Cepil. Ayana cariosan, sakur-sakur anu diharuskeun ku Baham, eta sadayana Asmaulloh. Asupna moal leupat deui, iwalti ti kana Cepil.
  • Kantun AF’ALULLOH, ari sareatna anu aya dina diri nyaeta NAFAS urang. Kaluar asup mangrupa wawayangan Sifat Hirup tea, anu ngawengku nguatkeun sakabeh wujud, eta pisan anu jadi tihangna. Da …, upami henteu aya nafas mah, tangtosna oge maot. Tah palebah dinya…, wajib pisan ku urang kaharti, Nafas teh .. lamun kaluar…kamana dumukna..?, nyakitu deui lamun ka jero badan dimana enggon ngancikna ? Da moal leungit tanpa sabab, tangtu aya tempatna.
  1. Rd. Muslimat : Sumuhun…puguh upami ngemut ka palebah dinya… matak paur, matak reuwas…, sieun les bae pupus. Cing…kang…!, kumaha …supados ngartos…!.
  2. Rd. Muslimin : Naha..make paur ?, kapan tadi oge Allah Ta’ala mah Sifat Adil, nya buktosna ku nurutkeun Elmu, Sareat, Tarekat, Hakekat, Ma’rifat. Tah eta teh perjalanan…, jalan manusa baralik deui kana asalna baheula, nyaeta … tempatna ROH urang waktu di QODIM, waktos di KUDRATTULLOH. Anu matak urang ayeuna kedah kersa milarian Elmu Ma’rifat. Nyaeta ma’rifat ka asal tadi, sangkan puguh pangbalikan. Ulah henteu puguh jugjugeun. Heug bae kasasar di jero imah, linglung di jero lembur, utrak atrok, ngancik dina kayu, dina batu ngajungjurigan ka batur, paeh henteu sampurna, henteu Wa ina ilaihi riji’un. Tah…rai..!, lamun kitu.., hartina teu boga tempat…, atuh bebekelan beunang hese cape ngalakonan amal ibadah waktu di Dohir teh, nyaah temen pabalatak, acak-acakan henteu puguh wadahna.
Kitu upamana rai..!, anu mawi teu weleh-weleh engkang mepelingan, kedah langkung ati-ati enggoning ibadah teh kedah sareng ma’rifatna kana asal-usul urang jaman nuju di QUDRATTULLOH, margi eta…pangbalikan anu sajati teh.
  1. Rd. Muslimat : Da…yaktos pisan kitu,…seuseueurna teh .., aribadah keur dipangumbaraan teh, maksadna mah kukumpul pibekeleun mulih ka tempat asal. Tapi ari tempat piwadaheun bebekalan, sok tara diemut kalawan daria. Antukna sok nemblehkeun kumaha engke bae, kumaha Anu Maha Agung. Atuh kitu mah, sami bae sareng ngadameul bujang ka Nu Maha Suci teh. Kang..!, tadi mah DZATULLOH, SIFATULLOH, ASMA’ULLOH, AF’ALULLOH teh nembe diluarna, tah ayeuna kumaha ari di jerona…?
  2. Rd. Muslimin : Insya Allah, ayeuna urang terangkeun di… Jerona (Hakekatna). Kieu rai..!, hakekatna perkawis :
  • Dzatulloh : Nyaeta RASA, moal lepat deui…!
  • Sifatulloh : Nyaeta NUR DZAT (anu Caang Narawangan), disebut oge Johar Awal, disebut oge Hakekat Muhammad, atau Bahrul Hayat (Sagara Hirup) atawa JATINING SYAHADAT.
  • Asmaulloh : Nyaeta NUR MUHAMMAD (Cahaya opat warna) :
    • NARUN (NURUL AHMAR/BEREM) NGAJADI HURUF ALIP ( )
    • HAWAUN (NURUL ASHFAR/KONENG) NGAJADI HURUF LAM ( )
    • MAUN (NURUL ABYAD/BODAS) NGAJADI HURUF LAM ( )
    • TURABUN (NURUL ASWAD/HIDENG) NGAJADI HURUF HE ( )
    • Ari NUR DZAT atau JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω )
Tuh geuning sidik Lafadz Asma Allah. Eta ku rai… kedah kapendak upami nuju ngalakonan Ismu Dzat, margi eta disebat Bahrul Adam (Sagara Adam), nyaeta tempat kasampurnaan Jasmani (Jasad).
  • Af’alulloh : Nyaeta AWASNA ING DALEM (Awasna mata qolbu/hate), dina waktu Tazalli. Tah eta teh Af’alna Allah Ta’ala.
  1. Rd. Muslimat : Aduh…hatur nuhun pisan kang..!, ayeuna mah rai teh Taohid, parantos tutug perkawis Dzatulloh, Sifatulloh, Asma’ulloh, Af’alulloh, boh luarna (Alam Kabir), boh surupna dina diri (Alam Sagir), oge dijerona (Batina). Naming… mugi engkang ulah bosen..!, margi rai teh bade naroskeun deui, masih keneh bingung…. Perkawis Kanjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW, janten kacapangan jalmi, sok disarebat “ WAL AWALU WAL AKHIRU “ (Pang awalna, oge pang akhirna). Malah sok disarebat Khotaman Nabiyin (Nabi Panutup) deui. Tadi engkang nyabit-nyabit Nur Dzat, Johar Awal atawa Hakekat Muhammad. Palebah dieu… rai teh terus terang bingung keneh. Kana maknana eta basa. Panginten moal luar wungkul, pasti aya jero-jerona.
  2. Rd. Muslimin : Atuh puguh bae… ay amah teuleumannana. Upami rai teu acan ngartos perkawis Nabi jungjungan urang, pangna disebat pang awalna sareng pang akhirna, oge disebat Nabi Panutup…., kieu geura :
Ku engkang… parantos didadarkeun perkawis…
  • Secara BATIN-NA (Hakekatna) : Ari Nur Dzat atawa Nurulloh, atawa Johar Awal, atawa Hakekat Muhammad Rasululloh teh, mangrupi Bahrul Hayat (Sagara Hirup), bibit 7 Lapis Langit, 7 Lapis Bumi. Jadi saniskara anu aya teh henteu pajauh, henteu pisah sareng Allah sareng Muhammad. Moal aya Muhammad lamun henteu aya Allah, sawangsulna moal aya Allah upami henteu aya Muhammad. Rai..!, Allah sareng Muhammad Rasululloh teh ibarat Panas sareng hurungna seneu gulung ngajadi hiji (manunggal). Moal aya sifat hurung, upami henteu aya panas. Panas oge pon kitu deui moal aya, upami sifat seneuna leungit. Tah….. kitu pangna disebat Awalna teh …, ayeuna urang terangkeun secara Syareatna :
  • Secara LAHIR-NA (Syareatna) : Saparantos gumelar Nabi Adam sareng Babu Hawa, kapan pangna tiasa putraan teh, kusabab Sapatemon Rasa. Ari rasa kapan hakekat Rasululloh, da upama henteu aya Rasa mah…. di dua-duana moal kaluar Mani. Ari eta Mani… kapan Hakekat Adam. Jadi jelas atuh, da Adam teh Sorotna Hakekat Muhammad (Nur Dzat), nyaeta sorotna Rasa. Eta mani, lila-lila mangrupa, ngawujud kieu : jadi SIRAH, jadi DADA, terus jadi UDEL, jadi SUKU. Ieu jadi Lafadz :
    • Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL ( )
    • Tina DADA NGAJADI HURUF HE ( )
    • Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR ( )
    • Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL ( )
Nya…jadi Lafadz Muhammad (ﻤﺤﻤﺪ) jadi Awal Wiwitan tina Alam Nur sareng Rasa, sareng Akhirna (Wekasannana) ngajanten Badan/Wujud anu ngabungkus Nur sareng Rasa.
  1. Rd. Muslimat : Eta katerangan engkang…, kahartos pisan, cocog kana babasaan pang Awalna sareng pang Akhirna. Dupi eta aya basa Nabi Panutup….?, naonnana kang….?.
  2. Rd. Muslimin : Ngamaknaan basa panutup teh kedah kieu rai.
  1. Panutup tina hal pangkat ka-Nabian, moal aya deui pangkat Nabi.
  2. Panutup dina hal Elmuna anu ngawengku Rukun Agama, anu opat tahap parantos kasungsi, nyaeta : SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT. Parantos Ma’rifat sapaninggal Dzat – Sifat Maha Suci. Anu mawi Nabi Muhammad mah pangkatna atawa titelna oge Rasululloh. Kitu tah…rai !, perkawis basa panutup mah.
  1. Rd. Muslimat : Percanten atuh.. ari kitu mah paingan atuh … Nabi Muhammad dina hadistna nganjurkeun ka umatna, yen Awal-walna Agama teh kedah terang heula ka Allah. Dupi eta kang..!, sanggeumna Nabi Muhammad teh salaku Luluguna para Rasul anu genep nyaeta :
  1. Nabi Adam Khalifatulloh
  2. Nabi Nuh Habiballoh
  3. Nabi Ibrahim Kholilulloh
  4. Nabi Musa Kalamulloh
  5. Nabi Isa Rohulloh
  6. Nabi Muhammad Rasululloh
Cing… kumaha eta teh kang…? Boh sareatna boh hakekatna ?
  1. Rd. Muslimin : Ari Sareatna mah…, ieu para Rasul teh salaku utusan Allah, dina Jaman-na ngabingbing umatna waktu harita nalika Mantenna jarumeneng. Ayeuna eta para Rasul teh ….parantos pada pupus, parantos pada sirna. Tapi poma rai.., ulah kaliru..!, anu pupus mah Majajina (Wujud Jasmanina), moal beda sareng manusa biasa, moal beda sareng urang… Hawadisna anu pupus mah, da ari Rasulna (Rasana) mah henteu istuning Langgeung teu Owah Gingsir. Sakali deui…, ari Hakekatna mah…, Rasul (Rasa) mah terus lumangsung…, malahan Rasul anu genep, ngagulung kumpul dina hirupna. Kapan eta hirup teh sifatna mah tangtu aya dina Diri urang anu masih gumelar di Alam Dohir.
  2. Rd. Muslimat : Naon atuh Hakekatna para Rasul anu genep dina Diri Manusa teh …..?
  3. Rd. Muslimin : Ari… teu acan terang Hakekat Rasul anu genep dina Badan urang…, kieu geura :
  1. NABI ADAM “ KHALIFATULLOH “, tegesna wawakil Allah Ta’ala pikeun Bibit nurunkeun manusa. Buktina sadaya manusa geuning ti Adam sareng ti Hawa. Ari nyatana Adam dina diri urang, nyaeta ADEGAN, tiluhur sahibas mastaka tihandap sahibas dampal sampean. Jadi Adam teh SA ADEG – SA WUJUD Irodatna Nu Maha Kawasa pikeun nurunkeun manusa
  2. NABI NUH “ HABIBULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANGDANGU.
  3. NABI IBRAHIM “ KHOLILULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANINGGAL.
  4. NABI MUSA “ KALAMULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANGUCAP.
  5. NABI ISA “ ROHULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta PANGANGSEU.
  6. NABI IBRAHIM “ RASULULLOH “, nyatana di badan urang nyaeta RASANA WUJUD. Sasat Panghulu atawa lulugu sadaya Rasul (Rasa). Rasa Sakujur Badan (Adegan), Rasa Pangdangu, Rasa Paninggal, Rasa Pangucap, Rasa Pangangseu. Pokona sakujur badan pangna bisa usik malik, nangtung, lian ti ku Rasa.
Ari anu nguatkeun Rasa nyaeta ku Hirup. Hirup anu ngokop kana Rasa, Rasa ngokop kana Wujud, Wujud ngokop kana Kahayang (Nafsu anu opat rupa : Amarah, Lowamah, Sawiyah, Mutmainah).
Tah kitu rai…!, perkawis pereleanana para Rasul anu genep, salaku luluguna Nabi Muhammad Rasululloh SAW.
  1. Rd. Muslimat : Kahartos ayeuna mah.. geuning ari dijelaskeun hakekatna mah jadi ebreh … eta para Rasul teh. Dupi eta…kang !, aya basa MUHAMMAD HAQ, MUHAMMAD HAKEKI, MUHAMMAD HARID, sareng MUHAMMAD MAJAJI, kumaha katerangannana ?
  2. Rd. Muslimin : Urang cobi engkang.. bade nerangkeun MUHAMMAD HAQ, MUHAMMAD HAKEKI, MUHAMMAD HARID, sareng MUHAMMAD MAJAJI.
Kieu rai..!, perkawis eta opat titel teh :
  • MUHAMMAD HAQ : Nyaeta Gulungna Dzat sareng Sifat anu rupina Caang Dumeling.
  • MUHAMMAD HAKEKI : Nyaeta Sorotna Dzat sareng Sifat ngajadi Cahaya 4 (opat) Warna :
    • NARUN (CAHAYA BEREM) NGAJADI HURUF MIM ( )
    • HAWAUN (CAHAYA KONENG) NGAJADI HURUF HE ( )
    • MAUN (CAHAYA BODAS) NGAJADI HURUF MIM ( )
    • TURABUN (CAHAYA HIDENG) NGAJADI HURUF DAL ( )
    • Ngajadi Lafadz MUHAMMAD (ﻤﺤﻤﺪ)

  • MUHAMMAD HARID : Nyaeta Rasa Pribadi, sifatna Rasa Jasmani.
  • MUHAMMAD MAJAJI : Nyaeta Rupa Jasmani
    • Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL ( )
    • Tina DADA NGAJADI HURUF HE ( )
    • Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR ( )
    • Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL ( )

Kitu tah rai…!, pereleannana..!, piraku teu ngartos.
  1. Rd. Muslimat : Dupi eta anu disebat Nabi Muhammad Rasululloh SAW, anu di kubur di Madinah…, naon eta kalebetna ?
  2. Rd. Muslimin : Eta mah Muhammad Pangkat. Pangkat Nabi Rasululloh, utusan Nu Maha Suci, anu ngagelarkeun Rukun Agama : SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT. Gunana sangkan manusa mulus salamet keur di dunyana sareng engke di akherat. Koncina kedah terang sareng prcaya Ayana Allah Ta’ala.
Rai…!, mung Nabi Muhammad anu kabagian Ma’rifat kana Dzat Sifatna Allah Ta’ala, da …para Rasul anu sanesna mah henteu kabagian Ma’rifat. Anu mawi Kanjeung Nabi Muhammad mah, Elmuna parantos tutug…, janten panutup. Elmuna teh ngocor ka umatna.., kitu oge upami kapanggih. Kitu tah…rai !, piraku bingung keneh.
  1. Rd. Muslimat : Kahartos ayeuna mah…, geuning ebreh… ari parantos dijelaskeun hakekatna mah…. eta jenengan anu opat teh. Ke….!, dupi eta.. aya basa HAKNA ALLAH, HAKNA MUHAMMAD, HAKNA ADAM……, kumaha eta teh kang ?
  2. Rd. Muslimin : Insya Allah engkang bade nyabi nerangkeun HAKNA ALLAH, HAKNA MUHAMMAD, HAKNA ADAM :
  • Ari HAKNA ALLAH teh moal salah AWAS
  • Ari HAKNA MUHAMMAD teh nyaeta NU NGAWASKEUN
  • Ari HAKNA ADAM teh nyaeta NU DI AWASKEUN
Geura ku rai…emut..!, upami Awas wungkul, tapi teu aya Nu Ngawaskeun, tangtuna oge luput/moal ngabukti. Kitu deui… aya Awas sareng Nu Ngawaskeun, tapi henteu aya Anu di Awaskeun, tetep moal jadi Elmu (kanyaho).
Jadi anu tilu ieu, ngantet henteu pisah : DZAT, SIFAT, ASMA, ngahiji atawa ALLAH – MUHAMMAD – ADAM parantos akrob, sareng dina Wujud urang. Tah anu tilu ngagulung, manunggal ngajadi hiji antara : HIRUP – RASA – WUJUD/ADEGAN.
  • HIRUP Eta kanyataan Ayana Allah, moal teu aya.
  • RASA Eta kanyataan Ayana Muhammad Rasul, salaku utusan Allah.
  • WUJUD Eta kanyataan Ayana Adam Nabi, salaku Khalifah wawakil Allah.
  1. Rd. Muslimat : Katerangan ti engkang…, gampil kahartos ku rai perkawis anu tilu Hak Allah, Hak Muhammad, sareng Hakna Adam. Naming bade aya anu ditaroskeun deui.., perkawis eta basa MAKHLUK sareng KHALIK, ku rai… teu acan kahartos jinisna. Mugi engkang kersa ngajelaskeun, naon bedana teh ?
  2. Rd. Muslimin : Perkawis MAKHLUK sareng KHALIK mah kieu :
  • MAKHLUK Nyaeta sakur anu nyareat (bukti anu aya di Dohir), anu ngajarentul di Alam Dunya. Sanajan SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH, JELEMA, SASATOAN, TUTUWUHAN, kaasup oge NARAKA, SAWARGA, eta kabeh kaasup Makhluk.
  • KHALIK Nyaeta BIBIT DUNYA Bibit Langit, Bibit Bumi katut saniskara eusina tea… anu kantos diterangkeun ti payun, nyaeta NUR MUHAMMAD (Cahaya anu opat warna) anu langgeung teu kena ku ruksak.
  1. Rd. Muslimat : Mugia engkang ngajabarkeun secara hakekatna Sifat Allah anu RAHMAN sareng RAHIM, da saur Dalilna oge : “ KANG RAHMAN MURAHING DUNYA, KANG RAHIM ASIHINING AKHERAT “. Naha naon hartosna ?
  2. Rd. Muslimin : Kieu penjelasannana mah rai..!
  • SIFAT RAHMAN (Welas / Kamurahan Allah anu tumiba ka :
    • WUJUD, kapan buktosna masihan anggota kayaning : Panangan, Sampean, Paninggal, Pangdangu, Pangucap, Pangangseu, Budi sinareng Akal.
    • ALAM, kapan buktos masihan Seneu, Angin, Cai, Taneuh, Panon Poe, Bentang, Bulan, istuning sakitu kumplitna.
Tah eta pokona kamurahan Allah teh, papak ka sadayana. Poma rai murahna Gusti teh sanes osok maparin rijki…, lain kitu. Da perkawis rijki mah, gumantung jalmina, gumantung tiasa sareng henteuna ngagolangkeun “ Modal ti Allah” nyaeta anggota tea, oge gumantung kana “ Elmuna” anu baris nyampurnakeun modal ti Allah tadi. Ti payun ku Engkang parantos di kapayunkeun kieu “ Manusa tanpa Elmu, hirupna bakal kasasar “ teras upami “ Manusa tanpa Agama, hirupna bakal kasasar”, atuh upama “ Manusa tanpa seni, hirupna bakal kasar”.
Modal ti Allah (Anggota Badan) di euyeubkeun ku Elmu, terus soson-soson daek ripuh heula, tawakal metakeun anggota…, sageuy teu aya hasilna. Geuningan saur.. para sepuh oge sok ngawadian kieu :
  • Lamun Hayang Ngakeul (Sangu), kudu daek Ngakal.
  • Lamun Hayang Nyokol (Kana Sambel), kudu daek Macul.
  • Lamun Hayang Kaya (Beunghar), kudu perceka.
Urang kudu ngareret ka bangsa deungeun …, naha widang rijkina arunggul ?. Nyakitu tea, maranehna mah parantos mampuh ngagolangkeun modal ti Allah di sarengan ku Elmuna cukup, uteukna, akalna dipake mikir…, nya ngalahirkeun ( Cipta, Rasa, Karsa ), atuh anggotana ngopepang, sukuna dipake ngalengkah, dipuserkeun kana ciptaan Allah dina Alam Semesta nya bukti hasil karyana, mangfaat pikeun sakumna umat sadunya. Kapan sanggeum hadist oge : “ WAMAN TOLABA SAEUN JIDHAN FA WA JIDAHU “. Anu hartosna : Saha-saha anu temen pamentana ka Nu Maha Kawasa, menta bari jeung paksa.
Jadi rai..!, lain kudu di pisirik.., di pikangewa bangsa deungeun teh !, tapi kedah di conto..!, palebah dinyana mah. Poma ulah ngalepatkeun Allah, nyangka Allah pilih kasih, ngawilah-wilah …, et amah urangna anu salah tanpa, … omat ! bisi nambahan doraka Rai !.
  1. Rd. Muslimat : Rumaos… rai … bodo kang !, dugi ka gaduh emutan suudzon ka Allah, nambih-nambih pidorakaeun. Ayeuna mah parantos kapaham perkawis “ Kamurahan Allah “ di Dunya (Dohir).
Ayeuna kantun SIFAT RAHIM ALLAH, nyaeta “ Asih di Akherat”, naon nyatana ?.
  1. Rd. Muslimin : Ari Asihna di Akherat teh …, piraku ku rai…henteu karaos.., pek papay heula atuh !, ari Akherat teh naon ? nyatana di Badan urang ?
  2. Rd. Muslimat : Dina leresan ieu mah…, rada poekeun keneh kang !
  3. Rd. Muslimin : Bilih rai… teu acan ngarti, ari “ Akherat “ teh, nyaeta ALAM RASA, buktina di Badan urang teh. Piraku henteu kapikir sareng henteu ka rasa ku rai…, yen ieu kaayaan di Alam Dohir, boh anu di Cai, boh anu di Darat, anu amis, anu asin, anu pait, anu lada, … cing kamana eta surupna ?
  4. Rd. Muslimat : Manawi sapamadegan …, emutan rai mah… eta sadayana surupna teh …nya kana RASA !, pangna aya Rasa sadumeh aya HIRUP. Leres kitu kang ?
  5. Rd. Muslimin : Tah…geuning parantos ngartos. Geura pek Manahan naon-naon anu arasup kana badan…, anu nampi teh anging Rasa (Rasululloh). Ari Rasa kapan henteu pisah sareng Hirup. Eta bakating ku asih-asihna kana saniskara anu bisa usik malik.
  6. Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !..., Rahman sareng Rahimna Allah parantos kapaham. Ulah kapalang…, aya anu bade ditaroskeun deui… perkawis eta … anu opat kecap : HIDAYAH, DARAJAT, NI’MAT, sareng ROHMAT. Rai masih keneh teu acan ngartos kumaha ngaraoskeunnana ?
  7. Rd. Muslimin : Mangga ku Engkang… urang cobi-cobi terangkeun HIDAYAH, DARAJAT, NI’MAT, sareng ROHMAT.
Supados gampil kahartosna.., urang cobi nganggo ibarat atawa upama. Upamana .. rai teh dina hiji waktu nuju didamel di sawah, ti isuk-isuk keneh. Parantos tengh poe karaos hanaang sareng lapar, atuh enggal-enggal Rai teh mulih ka bumi. Ari pek.. di bumi teh kasampak suwung, di konci…nuju nyaraba. Ti dinya Rai teh mikir …teras bae ngabujeng ka bumi saderek.
Barang sumping ka bumi saderek, kasampak araya. Tah.. di dinya… dina manah rai.., tangtu nyebat “ Aduh Aing Hidayah “, kaleresan nyampak araya. Ari pek teh deui… parantos tatahar…bade taruang, katinggal rencangna lumayan. Ningali kitu dina manah rai tangtu nyebatkeun “ Aing Darajat “ keur hanaang bari lapar…, ieu geus sadia. Atuh habeuk bae… cacamuilan tuang ponyo pisan. Tah…dina manah rai tangtu nyebatkeun “ duh… ieu dahar ku Ni’mat-ni’mat teuing.
Tapi biasana upami parantos neda ni’mat, sok karaos rada leuleus, lesu, haroream obah-obah acan, kuduna mah jagjag ari di asupan teh. Cing kira-kira naon margina ?
  1. Rd. Muslimat : Moal …. Kitu anu disebat “ Teluh Kejo” mah ?
  2. Rd. Muslimin : Aah…na…. kawas ka hayam…, ari paham Engkang mah kieu : Ari sadayana katuangan teh pada aya “ ROH-na”, dina kakara asup mah, eta Roh-na teh teu misah tina katuangannana, lantaran teu acan bubuk pisan, sasat teu acan bijil “ Aci-acina”. Tah lami-lami…, saparantos bubuk, hampas sareng acina misah. Hampasna kaluar deui, ari acina mah…ngajadi “ Getih”, saterusna surup sinurupan. Tah ROH tina kadaharan…, tepung sareng ROH tina Jasmani, nya ngajadikeun ROHMAT. Tah tina Rohmat…anu ngajadikeun Tanaga teh, murakabah ka sakujur awak, jelas dangu, bengras tingali, harus sowara, da henteu barang tuang mah, sowarana oge haroshos, tingalina ruam, dengena sok rajen torek. Jadi lamun kurang barang tuang, bakal kurang Getihna, lamun kurang Getih bakal kurang Rohmat, lamun kurang Rohmat bakal kurang tanaga. Kitu tah rai..!.
  3. Rd. Muslimat : Leres pisan Kang !..., pantes atuh ari kitu mah…, eta ROH tina katuangan teh … asalna tina 4 (opat) perkara nya kang ?, tina SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH tea, nya kajadian diri urang jadi : DAGING, TULANG, SUMSUM, KULIT. Upami kieu jalan-jalanna mah…, Rai… jadi seu’eur kasieun naon-naon anu bade diteda teh …., paur malindes kana diri.
  4. Rd. Muslimin : Iih… atuh kantenan Rai !..., ka hiji…eta katuangan teh .. kedah di sampurnakeun heula…, lamun henteu kitu bakal ngagorogotan kana sakujur awak urang. Margi ti dinya pisan anu baris jadi Panyakit sareng Nafsu teh. Kantenan upami artosna kenging ngarampas tina Hak anu sanes mah, atawa barang kadaharan kenging maling…, pasti anu bogana ngado’akeun ka Nu Maha Kawasa, supaya malindes kanu malingna. Omat …rai…, kedah ati-ati !, ulah jangji bres bae anu di asupkeun kana patuangan teh !.
  5. Rd. Muslimat : Iiih…. Kamalinaan…, gunning sakedap deui waktosna netepan Magrib kang !. Cekapkeun dugi ka dieu heula.

SAPARANTOS NARETEPAN MAGRIB…. TERAS NGABARUJENG DEUI KA BALE PAGUNEMAN, NERASKEUN DEUI HANCA OBROLANNANA PERKARA ELMU AGAMA.

  1. Rd. Muslimin : Cing… perkawis naon deui… anu ku Rai.. teu acan ka paham ?
  2. Rd. Muslimat : Anu teu acan kapaham…. Ku Rai teh …, eta basa DALIL, HADIST, IJMA, KIAS, anu sok didaramel pedoman para ahli enggoning ngabingbing widang Agama. Tapi aya oge… anu nyanggeumkeun… yen Ijma sareng Kias mah kurang kuat malah henteu dianggap sah. Kumaha gek-gekanana ?
  3. Rd. Muslimin : Upami Rai… teu acan ngartos.., kieu pi hartieunnana eta anu 4 (opat) basa teh :
Rai..!. ari anu jadi patokan teh … kapan opat-opat geura contona :
  • RUKUN AGAMA (4) : Sareat – Tarekat – Hakekat – Ma’rifat
  • PA-TAUHIDAN (4) : Iman – Tauhid – Ma’rifat – Islam
  • KITAB ALLAH (4) : Tauret – Jabur – Injil – Qur’an
  • ISTILAH QUR’AN (4) : Qur’anul Majid – Qur’anul Karim – Qur’anul Hakim – Qur’anul Adim.
  • Koordinator Malaikat (4)
    • MALAIKAT JIBRIL
    • MALAIKAT MIKAIL
    • MALAIKAT IJROIL
    • MALAIKAT ISROFIL
  • SAHABAT NABI (4) : Abu Bakar Sidik – Umar – Usman – Ali.
  • LAMUN HOYONG JELASNA TINGAL DINA TABEL RAQOM SARBA OPAT

ﺍﻓﻌﺎﻞ
ﺍﺴﻤﺎﺀ
ﺼﻔﺔ
ﺬﺍﺖ
ﻜﻤﺎﻞ
ﻗﻬﺎﺮ
ﺟﻤﺎﻞ
ﺟﻼﻞ
ﻋﺰﺮﺍﺋﻞ
ﺍﺳﺮﺍﻓﻴﻞ
ﻣﻴﮏﺋﻞ
ﺠﺒﺮﺍﺋﻞ
ﻓﻃﺎﻧﺔ
ﺗﺒﻠﻴﻎ
ﺍﻤﺎﻧﺔ
ﺻﺪﻳﻖ
ﻋﻠﻰ
ﻋﺸﻤﺎﻦ
ﻋﻤﺮ
ﺍﺒﻮﺒﻛﺮ
ﻋﺎﻠﻢﺇﻧﺴﺎﻦ
ﻋﺎﻠﻢﺃﺠﺴﺎﻢ
ﻋﺎﻠﻢﻤﺛﺎﻞ
ﻋﺎﻠﻢ ﺮﻮﺡ
ﺟﺴﺪ
ﻫﺎﺗﻰ
ﭙﺎﻮﺍ
ﺮﻫﺎﺴﻲ
ﻧﻔﺴﻮ
ﺪﺍﻱ
ﻋﻘﻞ
ﺮﺍﺴﻰ
ﭽﻤﺎﺮﻴﺔ
ﺍﻮﺮﻴﻪ
ﺗﻤﺑﻮﻧﻴﺔ
ﺗﻮﺑﺎﻧﻴﺔ
ﻤﺰﻯ
ﻤﺪﻯ
ﻤﻧﻴﮑﻢ
ﻤﺎﻧﻰ
ﺗﺎﻧﻪ
ﺃﻓﻰ
ﺍﺌﺮ
ﻫﺎﻮﺍ
ﻤﻧﻮﺲ
ﺷﻴﻃﺎﻦ
ﺠﻦ
ﻤﻼﺌﮑﺔ

Tah atuh… urang dina nganut Agama Islam, pikeun patokan ageumanana nyoko kana : DALIL – HADIST – IJMA – KIYAS. Janten lain ku omongan terus. Pikeun ka Akheratan mah kedah disarengan ku “ SAHNA IBADAH “, nyaeta kedah “ MA’RIFAT KANA DZAT SIFAT ALLAH, piwadaheun hasil “ AMAL IBADAH URANG NUJU DI DUNYA”. Upami resep dina Asma (omongan) wungkul, hartina… ngan resep dina “ PANUDUH, PANUNJUKNA”, atuh moal dugi-dugi ka anu dituju…, nyaeta Asal Urang. Bongan teu di akalan, teu disorang jalanna, teu diteangan carana, teu dipilari Tarekatna. Ibarat Rai… hoyong ka Kota Jakarta, palebah prapatan, ningali Pilar make papan anu aya tulisan jurusan Jakarta (make tanda panah). Ari Rai…, ngan nangtung bae… handapeun eta papan panunjuk jalan… bari…. Terus maca eta aksarana, henteu ihtiar milari carana, tarekahna, naha bade mapah, naha kana sapedah, kana motor, kana beus, kana sedan Jsb. Cing upami kitu, bakal dugi moal ka Jakarta ?
  1. Rd. Muslimat : Nya…. Tangtosna oge… atuh moal dugi.
  2. Rd. Muslimin : Tah..eta “ PAPAN PANUNJUK JALAN “ teh ibarat Dalil, Hadits, Ijma, anu matak carana, jalanna kudu ku Hukum Kias, geura talungtik…!, kumaha “ Tarekat Ilmu “. Tarekat Elmu, ibarat kendaraan anu rupa-rupa, kantun milih…, mana anu sakira leuwih gancang dugi, tiasa Ma’rifat kana Dzat Sifat Allah Ta’ala.
Akang ngawawadian ka Rai.. bisi kabujeng ku Pati, omat kedah enggal-enggal eta peser…. Ku Tarekat, kajeun rada prihatin saeutik…. Ngurangan dahar sareng mondok.
  1. Rd. Muslimat : Nuhun kang…insya Allah eta wasiat teh …, bade diestokeun pisan ku Rai.
Naming…..ayeuna bade gentos hal.. anu bade ditaroskeun …, nyaeta perkawis PUJI KAGUNGAN ALLAH, anu aya dina Qur’an. “ ALHAMDULILLAHI ROBBIL ALAMIN ”. Anu hartosna : Ari sakabeh puji, eta kagungan Nu Maha Agung.
Tapi kalumrahannana jalmi, patekadannana eta puji dzikir teh diangkeun “ Puji Manehna”, diangge muji ka Allah. Da upami parantos muji dzikir…, pokna teh parantos muji ka Allah. Ana sarupa kitu mah atuh puji manehna sanes puji kagungan Allah.
  1. Rd. Muslimin : Rai !...., ari anu dilisankeun mah.. nya bener bae, eta teh .. puji ti makhluk… neneda dihampura dosa ka Nu Maha Suci. Jadi puji lisan ti urang ka Gusti Allah.
  2. Rd. Muslimat : Ari anu sategesna PUJI ALLAH teh anu mana ?
  3. Rd. Muslimin : Tegesna PUJI ALLAH mah..nya Wujud Urang Pribadi. Tah… ieu Badan sakujur…… pujina Allah Ta’ala, tapi pikeun anu parantos Ma’rifat ka Allahna. Ari anu teu acan Ma’rifat mah…, teu acan jadi pujina Allah. Dalil “ LAHAULA WALA KUWATA “ teh ..moal kapirasa, upami teu acan Ma’rifat mah…, ngan ukur pangakuan biwir, tuturut munding, da atina mah teu ngarasa. Kumaha bade ngaku henteu daya henteu upaya diri, upami henteu acan uninga ka “ Anu ngobahkeun Jasmani”, nyaeta “ Sifat Roh” tea ( Sifatna Allah). Margi Rai !, upami henteu uninga.., bisa-bisa ngangkeun Allahna teh …. Kana Roh-na pribadi. Upami kitu jadi lepat… atuh teu acan dugi…, henteu acan sampurna Ma’rifatna ka Nu Maha Suci teh. Sing emut Rai..!, anu parantos dugi mah.., sumawona ieu Jasmani, sanaos Rohna pisan… jadi LAHAWLA WALA KUWATA, anging Dzat bae.. “ Nyalira ” anu jumeneng lahir batin. Upami parantos henteu dipiboga, istuning ngarasa pakir miskin, ngarasa saperti rokrak, usik malik, diuk, nangtung teh ..ngan ku Qudrat – IrodatNa Nu Maha Suci. Tah..kitu Rai !,…sasat ibadahna, amalna, tingalina, danguna, lisanna, ditarima ku Yang Maha Agung, parantos SAH DZAT-NA, SAH SIFAT-NA, SAH ASMANA, SAH-AF’ALNA, enggoning hirupna di Alam Dunya (Dohir).
  4. Rd. Muslimat : Parantos kahartos… perkawis “ Puji kagungan Allah” mah Kang !, salajengna bade nyambung kana perkawis Puji keneh…, nyaeta PUJI HADIS ALAL HADIS, PUJI HADIS ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL HADIS. Ku Rai… teu acan kapaham.
  5. Rd. Muslimin : Insya Allah Engkang bade nyobi nerangkeun : PUJI HADIS ALAL HADIS, PUJI HADIS ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL HADIS.
  • Ari PUJI HADIS ALAL HADIS teh, parantos umum sarta mufakat para santri, nyaeta : “ Puji anu Anyar ka anu Anyar “. Lain Jalmi muji ka Jalmi, anu kitu mah sanes bab Elmu. Da moal mangfaat…, upama engkang dipuji ku rai, paling-paling keur di Dohir. Muji mah kedah ka Allah, da jalma henteu boga hak dipuji, ulah nyamian Allah.
Rai !.., tegesna Puji nu Anyar ka anu Anyar teh, nyaeta dina waktu “ Maca Al-Qur’an”. Kapan huruf Qur’an mah anyar…, nyakitu deui anu macana oge kapan anyar. Da sowara Jalma teh … saparantos lahir ka Dunya, kapan nalika aya di jero patuangan Ibu mah henteu nyora.
  • Ari PUJI HADIS ALAL QODIM : Nyaeta “ Puji anu Anyar ka anu Qodim”. Pernahna dina waktu SOLAT. Anu Anyarna teh wujud urang nuju Nangtung, Ruku, Sujud, Lungguh. Eta anu opat teh … kapan sami anyar, sedengkeun anu Qodim-na, nyaeta NUR MUHAMMAD (Cahaya opat warna).
  • Ari PUJI QODIM ALAL QODIM : Nyaeta “ Puji anu Qodim muji ka anu Qodim”. Pernahna dina nuju Solat Sajati (Tazalli). Kapan dina waktu eta mah pada-pada anu Qodim (anu ghaib), anu muji sareng di pujina. Buktosna henteu nganggo “ Sowara Baham”.
  • Ari PUJI QODIM ALAL HADIS : Nyaeta “ Anu Qodim muji ka anu Anyar”, kitu oge upami ibadahna eta jalma parantos Ma’rifat kana Dzat Nu Maha Suci. Sasat ibadahna disarengan ku Elmu, … tah….eta anu di puji…, sasat parantos Sah Dzat-na, Sah Sifat-na, Sah Asma-na, Sah Af’al-na…, istuning henteu petot-petot nya eling. Anu parantos pasti kitu mah, sumawonna nuju ibadahna sanaos usik malikna oge… parantos pasti janten puji sadayana, margi parantos tetep Eling, henteu ngaku usik sorangan…, anging ku Kawasana Allah.
  1. Rd. Muslimat : Hatur nuhun Kang !..., parantos kahartos pisan. Salajengna Rai.. bade tumaros deui perkawis Allah Ta’ala maparin “ Nyawa Manusa”, palebah mana waktos maparinna teh ?. Margi sanggeum Engkang ti payun, nalika dikandung ku Ibu mah… nembe aya “ Hirup” wungkul, henteu can aya “ Nyawa”.
  2. Rd. Muslimin : Upami Rai henteu acan ngartos pisan, mangga urang terangkeun perkawis : ALLAH TA’ALA MAPARIN NYAWA KA MANUSA.
Kieu eta teh Rai !.., Allah maparin Nyawa teh. Waktu dijero kandungan mah, leres mung nembe Hirup wungkul, buktina geuning parantos tiasa Usik. Istuning mung Hirup Allah Anu Suci, henteu acan aya NAFAS, NYAWA, KAHAYANG (NAFSU), RASA, TEU ACAN NINGALI, TEU ACAN NGADANGU, TEU ACAN NGANGSEU, TEU ACAN NYARITA. Barang brol ti Batin ka Alam Dohir. Hawa Batin sareng Hawa Dohir geuning eta orok/bayi teh ngagoak ceurik oar-oaran, eta cirina parantos ngancik Rasa… Tiis geuning tepikeun ka ngadegdeg. Tah eta Nafas teh jenengannana Nyawa. Ari hakekatna Nyawa teh Rasa Jasmani. Ari parantos aya Nafas mah…, orok/bayi teh pangheulana Irungna bisa Ngangseu. Tah kitu Rai..!, Allah waktos maparin Nyawa teh.
  1. Rd. Muslimat : Ari… perkawis ngawitannana Nafas sareng Nyawa mah parantos kahartos. Nanging… ayana Dangu, Ningali, Nyarita. Sareng Nafsu (kahayang) eta orok/bayi ti kawit iraha ?
  2. Rd. Muslimin : Eta mah… saparantos Orok/bayi diasupan “ CAI SUSU” atawa “ Kadaharan ”. ari sari pati kadaharan teh kapan ka ancikan roh-roh Seneu, Angin, Cai, Taneuh, nyerep kana tatangkalan anu gede anu letik, anu buahan, anu beutian. Saparantos aya dina patuangan, nya…ngajadi getih nyaliara ka sakujur Badan, tidinya nembe bijil Rasa beda-beda. Rasa Ngeunah, oge Rasa Teu ngeunah. Teras cepil jadi bisa ngadangu, soca jadi bisa ningali, baham jadi bisa nyarita.
Atuh tina Rasa… bijil Kahayang (Nafsu). Saparantos kitu mah eta Hirup (Roh Suci) teh….ngagulung sareng Nyawa, dua jadi Manunggal. Barang parantos kacampuran Nyawa anu sifatna Getih (anu kaancikan roh-roh kadaharan, atawa sok disebut Roh Nabati, sareng Roh Hewani (Roh Sasatoan), atuh…Roh Suci teh lami-lami mah kabulen ku sifat Getih anu kaancikan roh-roh kotor tea.
Mugi Rai !... ulah kaliru. Ari Hirup mah sifatna teh Cahaya, ari Nyawa sifatna Getih.
  1. Rd. Muslimat : Cing Kang..!, manawi aya pereleannana perkawis Getih anu asal tina roh-roh katuangan tea ?
  2. Rd. Muslimin : Atuh puguh bae… ay amah. Kieu…geura Rai : pangna ieu Alam Dunya disebut Alam Arwah teh nyaeta tempat ngancikna rupa-rupa roh, sok sanaos dina SENEU, dina ANGIN, dina CAI, dina TANEUH. Ku kituna atuh bubuahan, beubeutian teh pada-pada kaserapan eta roh-roh anu opat rupa tea. Saparantos dituang…nya janten Getih 4 (opat) rupa :
  • Tina ACI SENEU Jadi Geutih Beurem, teras jadi WADI, teras jadi deui Daging. Hawana tina Daging kajadian :
    • CEUPIL Jadi bisa Ngadagu.
    • NAFSU-NA AMARAH, anu perwatekna Jail kaniaya, iren, panastren, dugal, kasar, gede ambek jsb.
    • Pernahna dina HAMPERU, kaluarna kana Cepil.
  • Tina ACI ANGIN Jadi Geutih Koneng, teras jadi MADI, teras jadi deui Sumsum. Hawana tina Sumsum ngajadi :
    • BAHAM Jadi bisa Nyarios.
    • NAFSU-NA LAWAMAH, anu perwatekna Kabitaan, lapar, halabhab, tunduh, cape, sare, haroreaman, resep mitnah, panas baran.
    • Pernahna dina BEUTENG, kaluarna kana Baham.
  • Tina ACI CAI Jadi Geutih Bodas, teras jadi MANI, teras jadi deui Tulang. Hawana tina Tulang ngajadi :
    • SOCA Jadi bisa Ningali.
    • NAFSU-NA SAWIYAH, anu perwatekna Loba kahayang, resep kana kasukaan, hayang di ugung-ugung, pedit, hawek, birahi jsb.
    • Pernahna dina KALILIPA, kaluarna kana Soca.
  • Tina ACI TANEUH Jadi Geutih Hideng, teras jadi MANINGKEM, teras jadi deui Kulit. Hawana tina Kulit ngajadi :
    • IRUNG Jadi bisa Ngangseu.
    • NAFSU-NA MUTMAINAH, anu perwatekna Resep kana kautamaan, ngentelan peujit, kuru cileuh, tahajud, berehan, ngutamakeun kapentingan balarea.
    • Pernahna dina BALUNG, kaluarna kana Irung.
Tapi ieu Nafsu Mutmainah anu perbawana kana kahadean the, sering kabaud atawa kaceot, di rempug ku nafsu-nafsu anu tilu, nya ngabalukarkeun seu’eur anu henteu Iman (anu poho) kana parentahna Nabi, sumawona kana parentah Allah.
  1. Rd. Muslimat : Kumaha carana sangkan ulah erring kaceot ku nafsu anu tilu tadi Kang ?
  2. Rd. Muslimin : Nya carana mah teu aya deui, iwal ti kudu sumalindung kana Dzat Sifat-Na Allah, anu matak kedah Ma’rifat, kedah dugi ka WA HUWA MA’AKUM, sasarengan siang wengi. Upami parantos kitu mah… mokaha moal gampang kabaud ku kahayang goring. Margina sahanteuna da..ngaraos isin, inggis, sieun ku Nu moconghok nyarengan henteu pisah, MURBA KA WUJUD URANG.
  3. Rd. Muslimat : Ari eta perkawis Kahayang (Nafsu) ?, tadi dicarioskeun tina Hawana Daging, Sumsum, Tulang, Kulit, kaluarna kana Cepil, Baham, Soca, Pangambung. Tah torojolna kahoyong (nafsu) teh ….iraha ?
  4. Rd. Muslimin : Datangna Nafsu teh Rai…, nalika orok/bayi dipasihan nyusu/kadaharan. Rasa kontak sareng aci anu opat rupa. Baham kontak sareng cai susu, tangtu aya Rasa. Rasa amis, pelem…jadi deudeuieun da ngarasa ngeunah. Ngabuktikeun kahayang…, geuning orok mah osok ceurik.
Ngan mungguhing di Dunya mah Rai…, aya dua papasangan, samangsa-mangsa aya ngeunah, pasti aya anu teu ngeunah, boh anu karasa ku Baham, ku Cepil, ku Soca, ku Pangambung. Geuning upami manggihan anu henteu panuju teh buktina sok nimbulkeun Amarah.
  1. Rd. Muslimat : Kahartos pisan… eta katerangan teh, …. Estu nyerep, nyurup kana hate. Jadi Rai… terang torojolna nafsu teh. Tapi asa kirang ngartos, sok mendakan anu nuju nafsu Amarah, geuning nafasna teh mani katawis pisan, bari pamenteuna teh semu geuneuk, kumaha eta Kang ?
  2. Rd. Muslimin : Kapan Nafsu teh … mimitina dititiskeun kana Uteuk terus ngancik dina Ati / Qolbu, nya medal Cipta katut Akal, terus ngancik dina Jajantung…. Jadi Nufus, teras mulang deui kana Ati, …nya jadi Anfas. Terus lumampah ngahiji sareng Getih….nya jadi Tanafas, ngambah kana mamaras…nya jadi Nafas. Terus sumarambah ka sakujur Awak, medal Sowara.
Rai !..., Nafas teh anu nguatkeun Jasmani, ari pangna aya Nafas, ku ayana Hirup. Jadi NUFUS, ANFAS, TANAFAS, NAFAS, SOWARA, eta Medal tina Nafsu. Kitu tah rai !..., piraku henteu kapikir… sareng kumaha parantos kahartos ?, kapaham ngeunaan Nafas , Nyawa , Nafsu ?, atawa masih keneh bingung ?
  1. Rd. Muslimat : Alhamdulillah kang !..., perkawis eta mah rai .. paham. Nagging ayeuna bade gentos anu ditaroskeun, nyaeta perkawis ASMA’UL HUSNA atanapi Asmana Allah, seueurna teh sabaraha ?, ……. Sareng manawi aya katerangan, eta perkawis Asma teh ?
  2. Rd. Muslimin : Kieu atuh ari perkawis Asmaul Husna atawa Asmana Allah teh. Ari seueurna Asma (Jenengan) Allah teh, sakumaha anu katampi ti para Ahli Da’wah, sanggeumna aya 100 (Saratus) Jenengan. Tapi ari anu kaunggeul dina Hadist mah 99 (Salapan puluh salapan). Anu 99 oge ari di ringkeuskeun mah ngan ukur jadi 5 (Lima), diantarana :
  1. ASMAUL DZAT
  2. ASMAUL SIFAT
  3. ASMAUL ASMA
  4. ASMAUL AF’AL
  5. ASMAUL JINSI
Eta anu 5 (lima) oge, ari enas-enasna mah ngan 1 (hiji), sareng sok seueur anu lepat ngamaknaan, atuh jadi lepat ngabarangkeunnana.
  1. Rd. Muslimat : Cobi nyuhunkeun dibeberkeun… kang… supados jelas.
  2. Rd. Muslimin : Kieu katerangan hiji-hijina Rai..!
  • ASMAUL DZAT : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Dzat-Na. Margi ari Dzat teh tantu Ayana moal eweuh.
  • ASMAUL SIFAT : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Sifat-Na (Rupana).
  • ASMAUL ASMA : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Asma-Na (Ngaran-na).
  • ASMAUL AF’AL : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Padamelannana (Af’al-na).
  • ASMAUL JINSI : Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Jinisna (Barang-na).
Kitu tah Rai…, katerangannana.
  1. Rd. Muslimat : Katerangan anu nembe mah parantos kapaham, naming tadi sanggeum Engkang sok laleupat ngamaknaan sareng ngabarangkeunnana. Kumaha maksadna Kang !
  2. Rd. Muslimin : Rai…. Ari Asma-na mah sadayana oge sae,… mung aya di saantero jalmi anu lepat ngamaknaan, atuh tangtos bakal kaliru dina ngabarangkeunnana, nyaeta sok netepkeun ka nu anyar. Sok seueur jalmi-jalmi anu ngaku Dzat kana Jentulna Jasad Sorangan, ngaku Dzat kana Awakna, kana raga anu badag. Pedah cenah da aya Hadistna : “ WALLAHU BATINUL INSAN, AL-INSANU DOHIRULLAH “. Anu hartosna : Ari Allah teh Batin-batin manusa, ari manusa teh dohirna Allah. (La Maujuda ilallah). Kitu tah Rai !, .. anu matak cenah “ Badan ieu… Lahirna Allah”. Parantos teu dipikir panjang deui, da kasaksi ku Hadist pokna teh. Palebah dieu lepatna teh Rai !,… nyebat atawa ngaku Dzat kana wujud sorangan, sanes kana Dzat Allah anu LAESA KAMISLIHI, anu henteu warna, henteu rupa, sumawona jentulna.
Sareng aya deui Hadistna : “ WALLAHU GHOIBUN AL-INSANU GHOIBUN ”. Anu hartosna : Perkara Allah teh Gaib, teu aya jentulna. Kitu deui Manusa, sami pada gaib sadayana.
Kapan awak ieu mah Jasmani, parantos negrak ngajentul. Jadi atuh teu gaib, da ari ngaran gaib mah…” Aya, tapi teu Aya rupa”. Ari ieu anu ngajentul mah ngarana wujud manusa. Tah anu kedah kahartos teh Rai., mana atuh anu ngaran Manusa ?, bisi kaliru.. heug nuduh kana awak. Eta ngarana WUJUDIAH.
  1. Rd. Muslimat : Parantos kahartos atuh kitu mah,… lepatna teh nuduh Dzat Allah kana wujudna sorangan. Ayeuna kantun anu kadua Asmaul Sifat, palebah mana lepatna ?
  2. Rd. Muslimin : Lepatna teh …, eta palebah netepkeun Sifat Nu Maha Suci…, kana Rupa Manehna Sorangan. Dumeh sanggeum dalil yen Allah teh teu dua, teu tilu, tapi tetep hiji. Barang ngareret kana rupa manehna…, najan ngider sakuliah jagat oge, moal aya anu ceples sarupa taya bedana. Anu matak netepkeun bae..yen Sifat Allah teh nya rupa manusa. Tah anu kitu oge kufur…, sami bae WUJUDIAH.
  3. Rd. Muslimat : Eta oge parantos kahartos Kang…, anu kitu rupina lepat wesel. Kumaha upami teraskeun ka anu katilu Asmaul Asma, palebah mana lepatna teh !
  4. Rd. Muslimin : Teu sakedik anu boga kapercayaan, yen jenengan Nu Maha Suci, diterapkeun kana Ngaran Sorangan (Ngaran Jalmi). Atuh lamun kitu mah … sami sareng Nyeueurkeun Asma. Allah teh upami kitu mah sifat anyar. Kapan dina Kitab parantos kakocap Dzat – Sifat – Asma – Af’al, sadayana jalmi kaliputan ku Asma Allah. Tah….anu kitu tekadna kufur, ngalobakeun Asma Allah.
  5. Rd. Muslimat : Dupi kana Asmaul Af’al, palebah mana lepatna teh ?
  6. Rd. Muslimin : Eta mah… Jalmi anu netepkeun Af’al Allah kana kalakuan sorangan, nya kana kalakuan manehna. Eta pedah aya dalil : LA HAWLA WALA KUWATA, sadumeh jalmi mah henteu daya, teu upaya, atawa dikuatkeun deui ku dalil “ USIKUM IBADALLAH”, Istuning usik malik teh Allah, atuh ngawengku kana lacuna anu hade anu goring oge…. Sami lakuna Allah, margi Allah teh teu jauh ti diri manusa. Tah kitu patekadan jalmi anu teu boga Akal mah, atuh kanggo naon Allah ngayakeun AGAMA ?, para Nabi nurunkeun Kitab-kitab, kalebet Al-Qur’an ?, eta teh salaku pituduh supaya ulah kalangsu, kasasar. Padahal mah kudu boga pikir panjang, kapan awak manehna teh mangrupa Af’alna Allah. Atuh manehna bisa usik, bisa malik, bisa digawe, bisa ngahasilkeun pagawean teh …, istuning disarengan ku Qudrat Irodatna Allah. Omat eta hasil pagawean manehna teh ulah di aku Af’alna Allah, tapi sagala kalakuan katut hasil pagawean teh … Kaliputan ku Af’alna Allah.
  7. Rd. Muslimat : Perkawis Asmaul Af’al mah, parantos kahartos, salajengna mugi diteraskeun bae kanu ka lima, nyaeta Asmaul Jinsi.
  8. Rd. Muslimin : Ke…Rai !..., perkawis anu kalmia Asmaul Jinsi mah, kumargi mangrupi enas-enasna, janten kedah rada asak heula elmu Rai !..., sareng kedah nuju salse pisan, kedah di tempat anu sepi, bilih kakuping ku cakcak bodas, kapan ieu mah Rahasiah Wali, bagian Ahli Qurban (anu parantos yakin, ahli adep-adep sareng Allah). Wayahna Rai…, ayeuna mah… bab naon heula bae… anu teu acan ngartos.
  9. Rd. Muslimat : Kitu sae…Kang, eta mah sampeuren kapayun. Ayeuna mah, anu masih keneh pakuat-pakait sareng Jenengan Allah keneh…, nyaeta perkawis jujuluk “ MAHA AGUNG, MAHA MULYA, MAHA LUHUR, MAHA SUCI “. Mugi Engkang ngajentrekeun.
  10. Rd. Muslimin : Upami Rai…, teu acan uninga kana eta jujuluk MAHA AGUNG, MAHA MULYA, MAHA LUHUR, MAHA SUCI. Kieu geura Hakekatna mah :
  • Ari MAHA AGUNG teh, nyatana dina Badan urang, nyaeta Pangucap. Margina, sanajan 7 lapis langit, 7 lapis bumi, sareng saniskara eusina, malahan Asma Allah oge…, kapan dilisankeun teh ku Pangucap. Eta tandana ku leuwih Agungna.
  • Ari MAHA MULYA : Nyatana dina Badan urang, nyaeta Pangdangu. Margi Pangdangu mah salamina oge mulya, tara gering. Paling-paling anu sok gering mah Cepilna.
  • Ari Jujuluk MAHA LUHUR mah, kanyataan dina Badan urang nyaeta Paninggal. Margi geuning bukti, eta Langit anu sakitu luhurna tanpa wangenan, ari ku Awas Paninggal mah kaberik, katingali.
  • Ari Jujuluk MAHA SUCI mah, kanyataan dina Badan urang nyeta Pangangseu. Margi et amah pang Sucina. Geuning bukti, Nafas mah tara belewuk, tara kotor, sanajan tara dikumbah, tapi tetep bersih.
Kitu tah Rai !, perkawis Jujuluk anu opat teh.
  1. Rd. Muslimat : Leres parantos kahartos ayeuna mah Kang.., sing horeng sup deui ka dinya, sup deui kadinya. Ayeuna mah ulah kapalang…, Rai… hoyong di jelaskeun perkawis HIRUP TEH NGAN HIJI. Nuhun nuhun upami aya ibaratna supados gampil kahartos.
  2. Rd. Muslimin : Urang cobi…ngajelaskeun perkawis : HIRUP TEH NGAN HIJI.
Kieu Rai !..., ari HIRUP mah HIJI, sareng henteu keuna ku PATI atawa RUKSAK.
Hirup Allah mah istuning Langgeung. Ari anu sok keuna ku Pati atawa Ruksak mah nyaeta Hirup Manusa (anu ngaran Nyawa tea). Ari Hakekat Nyawa, nyaeta Rasa Jasmani (Rasa awak-awak nafsu).
  1. Rd. Muslimat : Ke…Kang !,… rada hemeng keneh…, dupi bentenna antara Hirup Allah sareng Hirup Manusa (Nyawa) eta teh kumaha ?
  2. Rd. Muslimin : Eemhh… masih bingung keneh Rai… teh ?. Bentenna teh kieu geura :
  • Ari HIRUP MAHA SUCI mah, eta anu Sifatna CAANG PADANG tea, atawa Nur Dzat atawa Johar Awal atawa Hakekat Muhammad atawa Bahrul Hayat (Sagara Hirup) atawa Sahadat Sajati atawa Iman Sajati atawa Islam Sajati atawa Sajatining Agama, anu angliputi, murbawisesa kana 7 Lapis langit, 7 Lapis bumi, katut saniskara eusina, sapertos Arasy Kursi, Sawarga, Naraka, Manusa, Sasatoan, Tutuwuhan, Uteuk tongo walang taga…, asalna teh … Sorotan ti nu hiji NUR DZAT.
  • Ari HIRUP NU AYA DI MANUSA mah, tina sorotan Hirup Maha Suci, ngagulung sareng NAFAS – RASA, anu disebut NYAWA. Jadi Hirup anu seueur mah NYAWA.
  1. Rd. Muslimat : Sakedap Kang..!, upami anu janten Nyawa di manusa sorotna Hirup anu Sifatna Caang Padang tea atawa Johar Awal, atuh panginten nungtutan ngirangan.., margina dibagi-bagi ka Milyaran manusa sa Alam Dunya, oge ka bangsa sasatoan.
  2. Rd. Muslimin : Rai !..., atuh ulah kaliru !, ari Hirup Nu Maha Suci mah henteu robih, moal ngirangan, moal ngalangkungan, tetep Langgeung. Kieu geura urang ibaratkeun :
Di hiji lapangan, pek nendeun Patromak anu parantos hurung, teras eta patromak teh dikurungan ku hiji ayakan anu gede kacida, anu liang-liangna ata ayakeun teh mangrebu-rebu liang. Tah…sorotna Sinar patromak teh, nembus kana liang-liang eta ayakan. Hiji liang..pasti aya sorot sinar patromak. Anggap bae eta liang teh Jalmi. Jadi sorot anu nembus kana liang teh …. Ibarat hiji Hirup Nyawa Jalmi.
Sapertos kitu Rai !..., nyaeta sorotna SAGARA HIRUP, kajeun ka milyaran, miliunan, tetep moal ngurangan, Langgeung sareng moal reksak. Kumaha Rai !.., masih bingung keneh ?
  1. Rd. Muslimat : Ayeuna mah..parantos henteu samar deui Kang…, rada gampil kahartosna upami diibaratkeun mah.
  2. Rd. Muslimin : Supados langkung jelas deui, urang ibaratkeun kieu :
Eta SENEU dina Patromak teh disarengeutan ku rook, anu lobana mangjuta-juta urang, cing….Rai !..., eta seneu anu aya dina Patromak teh bakal seep ?, atawa moal ?
  1. Rd. Muslimat : Tangtos oge…angger bae…Seneuna mah, moal ngirangan dumeh ku disarengeutan rook.
Aduh kang !..., kacida utamina eta katerangan teh. Salajengna Rai… teh masih aya kapanasaran, nguping saur Hadist : YEN ALAM ATAWA JAGAT TEH AYA DUA NYAETA JAGAT KABIR SARENG JAGAT SOGIR. Saur eta katerangan, eta dua Jagat teh kaayaanana henteu beda. Mugi dijelaskeun !..., henteu bedana teh palebah mana ?
  1. Rd. Muslimin : ari JAGAT KABIR teh …., nyaeta Alam Semesta/Alam Dunya/ Alam Dohir. Ari JAGAT SOGIR mah, nyaeta Wujud Manusa.
Leres Rai kaayaan dina eta dua Jagat teh sami, sakumaha katerangan Hadist… piraku make lepat.
Kieu bilih Rai !..., teu acan uninga mah :
Di ALAM DUNYA…eusina parantos pasti ‘ Papasangan’. Aya Siang, aya Wengi, tah di Diri Manusa oge piraku henteu karaos, kapan aya Nyaring sareng Sare. Nyaring babandingan Siang, ari Sare babandingannana sareng Wengi.
  1. Rd. Muslimat : Dupi Dinten Anu 7 (Tujuh) ?, naon nyatana di Diri ?
  2. Rd. Muslimin : Eta.. palawangan anu di Luhur (Dina raray) :
  • CEPIL kapan 2 Liang
  • SOCA kapan 2 Liang
  • IRUNG kapan 2 Liang
  • BAHAM kapan 1 Liang
  • Upami di Jumlahkeun kapan sadayana aya 7 (Tujuh)
  1. Rd. Muslimat : Dupi eta… anu disebat Dawuh 5 (Lima) ?
  2. Rd. Muslimin : Ari Dawuh Lima mah, eta eusina anu Tujuh tea :
  1. CEPIL Jeung Pangdanguna
  2. SOCA Jeung Paninggalna
  3. IRUNG Jeung Pangangseuna
  4. BAHAM Jeung Pangucapna
  5. RASANA Anu 4 (opat) diluhur

  1. Rd. Muslimat : Ayeuna…. Kantun eta Sataun teh aya 12 (dua belas) Bulan, naon nyatana dina Diri ?
  2. Rd. Muslimin : Buktina dina Diri ?, cing…. Mangga ku Rai geura bilang, eta ugel-ugel panangan sareng ugel-ugel sampean !
Dina Panangan sabeulahna aya 3 ugel-ugel. Jadi upami dua Sampean teh jumlah 6 ugel-ugel. Tuh … Panangan 6, Sampean 6. Kapan pas janten 12 ugel-ugel.
  1. Rd. Muslimat : Leres pas, janten 12, upami di Jagat Kabir mah 12 bulan, ari dina Wujud Manusa (Jagat Sagir) mah 12 ugel-ugel. Ayeuna kantun Sabulan teh .., aya 30 (tilu puluh) dinten, naon tah nyatana dina Diri ?
  2. Rd. Muslimin : Ari anu 30 (tilu puluh) dinten mah, geura etang ugel-ugel panangan anu panghandapna, sareng Ramona !, sadayana teh 2 (dua panangan). Aya 30 ugel-ugel. Kitu deui dina Sampean, sami aya 30 ugel-ugel. Ieu teh babandingan : SIANG 30, oge WENGI 30.
  3. Rd. Muslimat : Kantun ayeuna Sawindu teh aya 8 (dalapan) taun, naon tah Kang !.., dina Diri urang ?.
  4. Rd. Muslimin : Cing ku Rai etang ! …. Eta buku-buku diantara ugel-ugel, boh ugel-ugel Panangan, boh ugel-ugel Sampean !. Kapan eta, dina sabeulah Panangan aya 2 buku, upami dua Panangan teh janten 4 buku. Teras dina dua Sampean, pingping 2, atuh bitis 2. jumlahna janten 4.
4 dina Panangan, 4 dina Sampean, tuh kapan pas, janten 8 bubukuan.
  1. Rd. Muslimat : Bilih kalangkung di Jagat Kabir aya Panon Poe (Srangenge), aya Bulan, aya Bentang, aya Hawa Panas, aya Hawa Haneut, naon nyatana dina Diri manusa ?.
  2. Rd. Muslimin : Ari Panon Poe (Srangenge), Bulan, Bentang, teh …, anu ngahirupkeun saniskara di Alam Dunya ieu. Da upami henteu aya Panon Poe mah, panginten moal jaradi, moal aya hasil Dunya.
Tah dina diri urang mah, nyaeta Hirup, tapi perkawis hirup mah teu tiasa ditinggal ku soca lahir, da ieu mah bagian Hakekat. Mung ku ayana Hirup… Jasad Manusa bisa usik malik.
Ari anu 4 (opat) rupi mah, nyaeta : Daging, Sumsum, Tulang, Kulit. Hawa-hawana jadi Nafsu tea, nyaeta : Amarah, Lawamah, Sawiyah, Mutmainah.
  1. Rd. Muslimat : Hatur rebu-rebu nuhun kang !..., kana kasaean Engkang, parantos ngawejang anu teu kinten pentingna kanggo pribadi Rai..mah. Salajeungna anu bade ditaroskeun teh perkawis eta .. anu LANGGEUNG DI GUSTI ALLAH, sareng anu LANGGEUNG DI MANUSA. Langgeung di Allah anu henteu pegat-pegat Lahir-Batinna, ti Jaman samemeh aya Alam Dunya, tug dugi ka Akherat, naon eta anu henteu reksak-reksak teh ?
  2. Rd. Muslimin : Sok… atuh urang terangkeun perkawis :
Anu LANGGEUNG DI GUSTI ALLAH, sareng anu LANGGEUNG DI MANUSA.
Kieu geura Rai !.., Ari anu LANGGEUNG DI GUSTI ALLAH teh, teu aya sanes iwal ti QUDRAT-na Allah (Kakawasaannana) sareng IRODAT-na Allah (Kersana), istuning henteu aya pegatna…. Ti awal-awalna dugi ka akhirna, pon kitu deui teras dugi ka Akherat. Kitu tah…. Pamendak Engkang mah Langgeung di Allah teh.
  1. Rd. Muslimat : Percanten Kang..!, leres nya !..., Anu Langgeung teh Kawasana sareng Keresana. Margi upami reksak Kawasana Nu Maha Suci, atuh Allah-na oge reksak… sapertos makhluk. Ari di Manusa ?..., naha aya Langgeung sapertos di Allah ?
  2. Rd. Muslimin : Tangtu bae aya anu LANGGEUNG DI MANUSA oge, nyaeta sabalikna tina Kawasana sareng Keresana Allah iwal ti kabagean Bodona. Hartina henteu nyaho sama sekali.
Asal tina henteu Aya jadi Aya, tetep teu nyaho, malah-malah tepi ka Batin oge langgeung bae, moal terang.
Kapan urang waktu tadi, memeh turun ka Alam Dunya, geuning henteu terang naon-naon !..., atuh nalika aya dina Kandungan Ibu 9 (salapan) Sasih, di dinya oge sami henteu terang. Malahan nalika brol turunna ti Ibu ka Alam Dunya oge.. teu emut deuih. Atuh ti kawit Orok.. jadi Budak…terus jadi Dewasa, henteu emut ngagedeannana ieu Jasmani teh, sumawona datangna Rasa, Paninggal, Pangdangu, Pangangseu, Pangucap kapan henteu teurang duka timana ti mendina, da bakating ku Bodo tea. Margina Rai !..., katetepan dalil LAHAWLA WALA KUWATA tea, Manus amah henteu daya henteu upaya, setu ibarat rokrak.
  1. Rd. Muslimat : Kahartos pisan … eta katerangan teh … perkawis anu ‘ Langgeung di Allah sareng anu Langgeung di Manusa’.
Salajeungna Rai !.., bade naroskeun deui.., perkawis anu disebat JATINING MANUSA, masih keneh hemeng Kang !.
  1. Rd. Muslimin : Perkawis JATINING MANUSA Rai !.., ari Jirim-na mah, moal lepat.., nyaeta KANJEUNG NABI MUHAMMAD RASULULLOH SAW.
Tapi kapan ayeuna mah parantos teu aya dikieuna ari Jirim-na mah, anu kantun Gaib-na.
Da disaban Jalmi oge Rai !.., misti.. pada katetepan ku GAIB-NA MANUSA, kitu oge upama ka udag Elmu-na.
  1. Rd. Muslimat : Naha kumaha.. pangna bisa kapendak ?...., kapan kangaranan Gaib mah tanpa bukti.
  2. Rd. Muslimin : Kapan ceuk Akang oge kedah ku ELMU, kedah ku pada Gaib deui. Upami hoyong uninga ka nu Gaib, nya kedah ku nu Gaib deui. Ari carana nya kedah nganggo Tarekat, sangkan urang terang ka GAIB-na Urang. Ayeuna Engkang bade masihan ibarat : Di payunan Rai… parantos sadia dina piring Cau. Tah pangna diayakeun eta Cau, naonnana anu di arahna ?
  3. Rd. Muslimat : Nya tangtos oge atuh… diteda…, anu diarahna nyaeta Rasana.
  4. Rd. Muslimin : Atuh lepat… ari anu diarah Rasana mah. Rai !..., cau mah henteu katetepan Rasa (Rasul), atuh upami cau katetepan Rasa mah eta cau teh bakal bisa usik malik, bisa lumpat kawas sato.
Ari Rasa mah Rai !..., parantos nyampak dina Baham, nyampak dina Letah urang.
  1. Rd. Muslimat : Upami sanes Rasa-na anu di arah…, naonnana atuh ?
  2. Rd. Muslimin : Anu di arah teh … Cau mah Amis-na. Kapan geuning ari meser atawa ngala cau teh sok anu parantos asak, da ngarah Amis. Geuning anu atah keneh mah… tara ditaruang… da kesed. Tah .. kitu paham Rai !.
  3. Rd. Muslimat : Aeh… leres .. nya…, Amis-na anu di arah teh, da Rasa mah parantos nyampak di manusa.
  4. Rd. Muslimin : Tah eta Amis-na teh Rai !..., Gaib-na Cau, karasa amisna tapi teu nga-Jirim. Aya tapi tanpa Rupa.
Tah Amis-na cau teh …, moal karasa ku Rai.., upami wujudna cau diantep henteu di tuang. Tapi upami eta wujud cau dituang, sasat diruksak wujudna, dibeuweung sing lembut… kakara kapendak, karasa Amis-na teh, atawa Jatining Cau tea.
Kitu deui Manusa oge kedah terang kana GAIB-NA MANUSA (JATINING MANUSA), Aya tapi tanpa Rupa. Akal-na nya kitu sapertos Cau, kedah ngabongkar, ngareksak wujud anu nga-Jirim, kakara aya Jatining Manusa. Ibarat su’uk upami dirieus, diperes wujud su’ukna… pasti bijil Minyakna.
  1. Rd. Muslimat : Ari ngabongkar… atawa ngaruksak Wujud Manusa kumaha carana ?..., Rai mah… teu acan ngartos.
  2. Rd. Muslimin : Ari carana ngabongkar, ngaruksak Wujud Urang mah nyaeta dina waktu Laku Tarekat, ceuk dalilna oge : ‘ ANTAL MAUTU QOBLAL MAUTU ’. Reksak teh Mirasa Suwung, henteu ngarasa kagungan wujud anu ngajungkiring ieu, malahan ka Alam Dunya oge hilap, bakating husu ka YANG AGUNG.
  3. Rd. Muslimat : Sakedap Kang…!, GAIB-NA atawa JATINING MANUSA teh anu mana tea ?
  4. Rd. Muslimin : Eeeh.. teu acan ngartos keneh ?..., kapan eta anu ningali nalika Tazzali (Nuju Solat Ka-Rohanian), tah eta teh anu Jenengan Gaib-na Manusa atawa Jatining Manusa.
Kumaha ?......, bingung keneh ?, atawa parantos paham ?.
  1. Rd. Muslimat : Euhhh…. Kutan…. Anu eta… JATINING MANUSA teh …., kahartos atuh ayeuna mah Kang !.
Hatur rebu-rebu nuhun laksa ketining kabingahan…, kana sagala rupi kasaean Engkang….. Rai ! dipiwejang Elmu cepengan Jungjunan urang Nabi Muhammad Rasululloh SAW, anu turun tumurun ka para Sahabat, ka para Wali, atuh tug dugi ka Rai.., ayeuna perantawisan Engkang. Ngaraos tutug PA-TAUHIDAN Rai teh, moal mang-mang deui.
  1. Rd. Muslimin : Nya.. ari Rai parantos henteu mang-mang deui mah…, teu kinten nganuhunkeunnana, jadi urang terus-terusan ngobrol teh henteu mubadir, geuning aya hasilna.
Peupeujeuh Engkang mah.., kantun suhudna ibadah, boh HABLUMMINALLOH, boh HABLUMMINNANAS. Ibadah atawa amal disarengan ku BERSIH QOLBU/HATE.
Urang cekapkeun dugi ka dieu heula Rai !..., geuning parantos sareupna ieu teh.

DISAMBUNG KA …… JILID IV ( KITAB INSAN KAMIL )























6 komentar:

  1. Nyungkeun widi kangge copas,jazzakalloh

    BalasHapus
  2. hapunten, bade nyungkeun copas. hatur nuhun

    BalasHapus
  3. Ngahstutkeun nuhun Kana piwejangna anu sakitu mundelna anu kalintang eyeb manggfaatna

    BalasHapus
  4. Ngahstutkeun nuhun Kana piwejangna anu sakitu mundelna anu kalintang eyeb manggfaatna

    BalasHapus
  5. Punten katur ka saderek anu nyutat ieu kitab supados engan di lereskeun
    atanapi di revisi dina panomera 266 atawa nu ka 6 lepat sanes Nabi Ibrahim Rosululloh, tapi kedahna Muhamad Rosululloh, hatur punten

    BalasHapus