Senin, 04 Februari 2013

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-4








BAB ELMU KASAMPURNAAN
INSAN KAMIL (MANUSA SAMPURNA)

Kacarioskeun Raden Muslimin sareng Raden Muslimat parantos waktosna diumbarakeun di Alam Dunya, mulih ka Rakhmatulloh nyumponan dalil ‘WA INNA ILAHI ROJI’UN ‘, mulih ka jati mulang ka asal, mulih rasana maring kersana Allah.

Gentos anu ngalalakon madungdengkeun paguneman perkawis elmu Agama, nyaeta putrana Raden Muslimin anu jenengan Raden Insan, ari putrana Raden Muslimat jenengan Raden Kamil.
Raden Insan sareng Raden Kamil ( kapi raka sareng kapi rai ) yuswana parantos nincak sawawa. Sumedeng buta tulang buta daging, nuju belekesenteng gede tanaga. Margi ti aalit parantos di didik, di atik ku ibu rama kana bag-bagan ka-Agamaan, neuleuman elmu Agama cepengan Jungjungan Nabi Muhammad Rasululloh SAW, anu disebat RUKUN AGAMA ( Sareat, Tarekat, Hakekat, Ma’rifat ), atuh ninggang kana babasaan Teng Manuk teng, Anak Merak kukuncungan, Uyah mah tara tees ka luhur, ieu dua nonoman teh layeut sakaresep neuleuman elmu Agama ka-Ma’rifatan, pangpangna kapi rakana Raden Insan sasat parantos pasagi pangartina. Atuh dina prakna bermasyarakat teh, istuning nyumponan tatakrama hormat tilawat ka sepuh, ka guru, ka ratu, ka wong atua karo, ajeg pamadegan, rengkuh ka papada kaula, handap asor henteu luhur pamakanan, lungguh timpuh, tapi ngaluluguan anu sifatna paguyuban gawe babarengan enggoning nyumponan kaperluan kahirupan masyarakat lingkunganana, pikeun pangan, sandang, papan, anu di imbangan ku kagiatan-kagiatan karohanian.
Masyarakat di uar, di ajak sangkan garetol ngalaksanakeun amal ibadah kana parentah Allah, oge diwisik sacara malapah gedang sangkan ngarti sarta bisa Ma’rifat ka anu marentahna. Dina hiji waktu ieu dua nonoman teh parantos caralik papayun-payun di lebet Bale Paguneman sakumaha anus ok dilaksanakeun ku Ramana, seja madungdengkeun papahaman Agama Islam khususna, ngaronjatkeun sagala elmu anu kantos diwiridkeun ku Ramana.
  1. RADEN INSAN : Rai Kamil !....., langkung ti payun, mangga urang sasarengan nembrakeun rasa syukur ka Nu Maha Suci, Anu Murbeng Alam, Anu ngusik malikeun urang, mung ku Kawelas sareng Kaasih Manten-Na urang tiasa kieu, sehat lahir batin. Saparantos di kantun ku pun Bapa sareng Rai dikantun ku pun Paman, sakedahna urang nurut kana sagala piwejangna, neraskeun hanca garapan neuleuman Elmu Agama. Ku parantos ngantunkeunnana pun Bapa sareng pun Paman, kantun urang salaku anakna anu kedah leres-leres saban waktos munajat ka Allah SWT, supados pun Bapa sareng pun Paman tiasa mulih sirna sampurna. Margi mung du’a urang salaku anakna anu aya jaminan baris diperhatoskeun ku Nu Maha Kawasa. Sakumaha saur keterangan ‘ Yen anu baris ngadorong salah saurang anu parantos aya di Alam Akherat teh mung tilu hal :
    1. Elmuna anu sampurna, hartosna anu mangfaat, anu henteu diharamkeun ku Agama, anu henteu dilarang ku Nagara.
    2. Amalan anu Ikhlas (Hablumminalloh sareng Hablumminanas) salami jumenengna, boh amal ku elmu, ku tanaga, ku harta atawa ku budi.
    3. Anak anu Soleh, hartosna anak anu ngartos, yen anu tilar dunya mah parantos di tutup lawang tobatna. Ngan du’a putrana baris diperhatoskeun ku Nu Maha Kawasa. Kitu oge upami eta putrana teh leres tekad, ucap sareng lampahna.
Kumargi kitu Rai !...., upami urang nyaah ka kolot, anu dipercanten janten cukang lantaran gumelarna diri urang di Alam Dunya ieu, omat sing mupusti kana warisannana. Ari warisan anu sajatina…. Nya NGARAN anu moal pisah sareng ieu Wujud pasihan ti Gusti Allah.
Mupusti teh ….. ngaran ulah tepikeun ka diomongkeun batur sadumeh goreng ucap lampah, komo bari wujud tepikeun ka ditampiling batur mah. anu kitu hartina henteu bisa miara, mupusti warisan. Margi upami anakna cilaka, kolotna pasti kababawa. Bade tiasa ngado’akeun ka kolot kumaha ?, ari urangna lamokot kokotor, bala ku dos amah. Ari rekes ka Nu Maha Suci teh atuh urangna kedah suci heula.
  1. RADEN KAMIL : Hatur nuhun Kang !...., tina sagala rupi piwejangna, ngelingan ka Rai…, bilih tigebrus kanu henteu pararuguh. Mugi-mugi bae Rai.., tiasa ngadalian atawa ngelesan nafsu (kahoyong) anu mengpar tina jalan anu dipiridho ku Nu Maha Suci. Salajeungna manawi Engkang henteu kaabotan, Rai teh hoyong naroskeun sababaraha hal perkawis papahaman Elmu Agama anu kantos diwiridkeun ku pun Bapa, sakantenan etang-etang ngakurkeun sareng ngantebkeun.
  2. RADEN INSAN : Upami Rai…, kagungan kahoyong kitu,… pikeun Engkang mah anu teu kinteun atohna, salian ti ngakurkeun teh, oge etang-etang ngapalkeun sareng ngasah. Margi elmu teh henteu benten ti peso atawa bedog, tiasa sekeut upami sering di asah. Upami henteu diasah pasti mintul…, jadi kurang mangfaatna. Mangga !...., palebah mana…. Anu karaosna ku Rai… masih kirang paham ?
  3. RADEN KAMIL : Anu henteu kinten pentingna mah…. kanggo Rai teh eta perkawis PA-TAUHIDAN, hoyong anu langkung eces, pangpangna hal Iman. Margi geuning saur para Khotib, dina Netepan Jum’at, yen Iman sareng Takwa teh mangrupi RUKUN KHUTBAH dina Netepan Jum’at. Kukituna mugi Engkang keresa ngajelaskeun !.
  4. RADEN INSAN : Sae eta pamadegan teh Rai !..., margi Iman mah mangrupi dasar poko, upami Iman teu acan Tahkik (anteb) pasti kapercayaan teh bakal ngambang. Kieu geura :
Ari Iman teh aya 2 (dua) Tahap :
  1. IMAN KA NU MARENTAHNA nyaeta Percaya ka Nu Maha Suci. Ieu mah bagian kana Hakekat.
  2. IMANA KANA PARENTAHANNANA NU MAHA SUCI ieu mah bagian kana Sareat.
  1. RADEN KAMIL : Mugi dijelaskeun Iman ka Nu Marentahna, nyaeta ka Nu Maha Suci teh kumaha carana ?
  2. RADEN INSAN : Ari Iman ka Nu Maha Suci teh …, tegesna Eling. Tapi sahna Eling teh …, kedah Ma’rifat heula kana Dzat Sifatna Allah Ta’ala. Jadi kedah kapendak heula. Margi kumaha bade Iman-na (percayana), upami henteu acan paamprok mah. Ulah Iman ngan dina Lisan wungkul. Kitu tah… Rai !.
  3. RADEN KAMIL : Nuhun… parantos jelas Iman anu ka hiji mah, ayeuna kantun Iman kana Parentahanana…, kumaha maksadna ?
  4. RADEN INSAN : Ari Iman kana Parentahannana mah, nyaeta kedah ngalaksanakeun kana sagala rupi anu diparentahkeunnana, diantarana anu kaunggel dina Rukun Iman sareng dina Rukun Islam, anu dicontokeun ku Kanjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW, sarta dina Tekad – Ucap – Lampah, sing kagungan pamilih, mana anu dikedahkeun sareng mana anu diharamkeun ku Agama. Tah Jalmi anu parantos kagungan pamilih ngalaksanakeun parentahNa sareng nebihan larangan Allah Ta’ala, eta anu disebat Takwa. Ari jalmi anu Takwa teh cirina jalmi anu Iman.
  5. RADEN KAMIL : Ke.. punten Kang !..., kumaha ieu mah…, saupami salah sawios Jalmi anu bade Iman kana parentahNa atawa bade Takwa… sapertos bade Solat, bade Puasa, bade Munggah Haji… nanging Jasadna parantos henteu walakaya ?..., teras aya deui… bade Zakat, Sidkoh, Infak, Amal Jariah, nanging miskin malarat rosa ?. tah upami henteu tiasa ngalaksanakeun kedah ku gerak jasad…, sareng amal ku harta…, panginten eta jalmi teh henteu disebat Iman kana ParentahNa.., margi henteu aya cirina.
  6. RADEN INSAN : Rai…., upami anu ngagugulung Sareat wungkul mah nyakitu.., da anu kasebat ibadah Sareat mah.. ku pamolah jasad sareng sagala rupi anu katingali ku panon. Ari perkawis amal jariah mah kapan aya katangtuannana, aya iwalna pikeun anu kokoro mah. Mung perkawis Ibadah wujud ka Allah, anu mawi Iman kedah ditempuh dua-duana oge…, kedah diteleuman tur dipidamel. Tah dina palebah jasad henteu tiasa walakaya. Ari anu parantos Ma’rifat mah ka Dzat – Sifat Allah Ta’ala… henteu janten halangan Iman ka Nu Maha Suci, margi Eling anu henteu ngawaktu. Istuning saendeng-endeng, usik malik, diuk nangtung, leumpang ulah pegat ti Eling ka Manten-Na. salawasna moal pegat dugi ka hosna maot oge, da parantos ‘ WA HUWA MA’AKUM – WA HUWA MAKUNTUM ‘ , Hartosna : Siang wengi parantos ngaraos sasarengan, henteu pisah.
  7. RADEN KAMIL : Kang !...., kumaha upami salah sawios jalmi, ngalaksanakeun ibadah Sareat…., puguh jasad parantos teu walakaya, atuh bade ibadah Hakekat (Eling saendeng-endeng) da teu acan Ma’rifat…., kumaha tah ?
  8. RADEN INSAN : Nya upami kitu mah atuh KAFIRAN, engke dina maotna henteu sareng Iman. Atuh poek… jadi linglung rarasaan, Nyawa teh sasab kapidangdung.. henteu tiasa mulang ka asal. Tah kitu Rai !.
  9. RADEN KAMIL : Dina perkawis ngalaksanakeun Iman kana parentah-Na, utamina dina Hablumminalloh, eta teh panginten ngandung hartos nyembah atawa sujud ka Allah. Anu bade ditaroskeun teh …, manawi aya dasar hukumna kedah sumembah teh ?
  10. RADEN INSAN : Aya Dalilna Rai !...., dina Surat Thoha ayat 25 : LA ILLAHA ILLA ANNA, hartosna : Teu aya deui anu disembah kajabi Kami. Teras aya deui Dalil, Surat Al-Bayinah ayat 5 : ‘WAMA UMIRU ILA LIYA’BUDULLOHA MUKHLISINA LAHUDIN’, hartosna : Parentah nyembah ka Allah kedah ikhlas.
  11. RADEN KAMIL : Dupi… tadi kantos disaurkeun, yen Iman ka Nu Maha Suci teh kedah Ma’rifat heula, naha aya dasarna ?
  12. RADEN INSAN : Aya Hadist Nabi…., anu diriwayatkeun ku Syaidina Ali :
  • AWALUDINNI MA’RIFATTULLOHI Anu Hartosna : Awal-awalna Agama kedah terang heula ka Allah.
  • AWALU WAJIBUN ALAL INSAN MARIFATULLAHI BI ISTIQANI’ Anu Hartosna : Ari awalna (mimitina) kawajiban manusa nyaeta kudu nyaho ka Allah ku kayakinan anu panceug/kuat (istiqomah) nyatana anu teu umbut kalinuan teu gedag kaanginan.
  • WA KAMALU MA’RIFATTIHI ATASDIKU BIHIAnu Hartosna : Jeng ari sampurnana Ma’rifat teh nyaeta Tasdik (Sidik).
  • WA KAMALU TASDIK BIHI TAUHIDUAnu Hartosna : Ari kasampurnaan Tasdik nyaeta Tauhid.
  • WA KAMALU TAUHIDU BIHI AL-IKHLASULLAHU’ Anu Hartosna : Ari kasampurnaan Tauhid nyaeta Ikhlas.
Jadi Rai !...., TAUHID teh Nunggalkeun Allah, boh Dzat-Na, boh Sifat-Na, kalebet padamelanna-Na. Tegesna Jalmi anu Tauhid teh …, anu parantos tiasa misahkeun tina rurujit, nyingkirkeun laku maksiat … ngahiji kanu beresih.
  1. RADEN KAMIL : Perkawis Ma’rifat…, manawi henteu lepat… eta teh lebet salah sawios Rukun Agama, Rai.. masih keneh bingung, tadi disaurkeun ku Syaidina Ali : Yen sampurnana Ma’rifat teh nyaeta Sidik (Tasdik). Manawi aya katerangan anu langkung eces ?
  2. RADEN INSAN : Leres Rai !..., eta teh tutugna RUKUN AGAMA, (Sareat – Tarekat – Hakekat – Ma’rifat). Dijelaskeun ku Hadits Nabi :

اﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﺮﺒـﻪ اﻋـﺮﻓـﻜﻢ ﺒـﻧـﻔـﺴـﻪ
ARAFUKUM BIRABBIHI ARAFUKUM BINAFSIHI
Artina : Jalma anu bener-bener nyaho ka Allah nyaeta anu geus lewih ngarti jeng nyaho ka dirina sorangan.
Dijelaskeun deui, ari Ma’rifat teh KASYAF. Ari Kasyaf teh nyaeta Kabukana Hakekat (anu sabenerna).
  • MA’RIFATUL HAKEKATUL MAUJUDA Anu Hartosna : Kabukana sagala anu aya (Isbat) kaasup dirina.
Malah aya deui Hadits Nabi Muhammad :
  • MAN SHOLATA BILA MA’RIFATIN LATASIHU SHALATUHU Anu Hartosna : Henteu sah solatna jalma, upama henteu acan Ma’rifat.
  1. RADEN KAMIL : Hatur nuhun Kang !..., kana katerangan-katerangan, anu henteu kinten kahartosna. Rada bray-brayan ayeuna mah. Salajengna anu bade ditaroskeun teh …nyaeta bade nyusul amanat pun Bapa nalika jumeneng…, ka Rai teh kieu : “ Omat ku hidep sing kapendak Hakekat Tasjid “. Tah kumaha eta TASJID teh kang ?
  2. RADEN INSAN : Upami Rai.. bade nyusul tepus HAKEKAT TASJID, hartosna Rai teh …bade napak tilas laratan Asal sareng nyusul Hakekat Netepan (Solat), oge sakaligus nyumponan Hadist Nabi anu tadi disaurkeun : ‘MAN SHOLATA BILA MA’RIFATIN LATASIHU SHALATUHU Anu Hartosna : Henteu sah solatna jalma, upama henteu acan Ma’rifat.
  3. RADEN KAMIL : Ke..kang !..., Huruf Tasjid jigjig kana Asal urang sareng kana Netepan sagala ?,…. Naha naon hubungannana ?
  4. RADEN INSAN : Is…. Atuh kantenan aya pakuat pakaitna mah… kieu :
Antawis Asma Allah (Jenengan) anu nganggo Tasjid, mung Lafadz Allah ( ﺍﷲ ) sareng Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ).
Cing Rai !..., emut-emut deui !..., panginten parantos didugikeun ku Tuang Rama.. perkawis Hakekat Muhammad atawa Johar Awal tea !. Kapan eta anu janten WAL AWALU (Pang Awalna) di damel ku Nu Maha Suci teh.
Ari sorotna eta Hakekat Muhammad atawa Johar Awal teh jadi Nur Muhammad (Cahaya opat rupi) :
  • NARUN (CAHAYA BEREM) NGAJADI HURUF ALIP ( ) Saren MIM ( )
  • HAWAUN (CAHAYA KONENG) NGAJADI HURUF LAM ( ) Sareng HE ( )
  • MAUN (CAHAYA BODAS) NGAJADI HURUF LAM ( ) Sareng MIM ( )
  • TURABUN (CAHAYA HIDENG) NGAJADI HURUF HE ( ) Sareng DAL ( )
  • Ari HAKEKAT MUHAMMAD atau JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω )
Janten ti dinya asalna Lafadz Allah ( ﺍﷲ ) sareng Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ).
Saparantos Nu Maha Kawasa ngadamel Jalmi nyaeta Adam (Adegan Wujud), ari rupina disebat Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ). Kieu Rai ! :
  • Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL ( )
  • Tina DADA NGAJADI HURUF HE ( )
  • Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR ( )
  • Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL ( )
Tah ieu WAL AKHIRU (pang akhirna) Muhammad teh. Panutup, oge bungkus Nur sareng Rasa. Ti dinya kakara turun tumurun ngalahirkeun Manusa dugi ka jenengan Muhammad bin Abdullah lemburna di Quraes Mekah, anu pangkatna Nabi oge salaku Rasul, anu ngagelarkeun AGAMA ISLAM, salaku Nabi Panutup. Moal aya deui Nabi Kantun Elmuna (Rukun Agama) jadi Ageuman/padoman pikeun umatna tug dugi ka kiwari. Tah kitu Rai !..., pangna nyusul-nyusul huruf Tasjid sami sareng nyusul laratan Asal Hirup Manusa. Janten :
  • WAL AWALU : Pang awalna Allah teh ngadamel Hakekat Muhammad atawa Johar Awal (Sagara Hirup). Hartosna saniskara anu nyawaan (Hirup) asalna tidinya.
  • WAL AKHIRU : Pang akhirna Allah ngadamel Sareat Muhammad. Rupi manusa, jadi bungkus atawa nutupan Nur sareng Rasa, oge Panutup Pangkat Nabi (Khotaman Nabiyin).
  1. RADEN KAMIL : Punten Kang !..., eta katerangan teh .. aya dasarna ?
  2. RADEN INSAN : Ieu Hadits Nabi :

ﺍﻮﻞ ﻤﺎﺧﻟﻖﺍﷲ ﻧﻮﺮﻧﺒﻴﻚ ﻴﺎ ﺠﺎﺒﺮﻮﺧﻟﻖ ﻤﻧﻪ ﺍﻷ ﺷﻴﺎﺀ ﻮﺍﻧﺖ ﻤﻦ ﺗﻟﻚ ﺍﻵ ﺷﻴﺎﺀ

AWWALUMA KHALAQALLAHU NURA NABIYYIKA YA JABIRU WA KHALAQA MINHUL-ASYYA’A WA ANTA MIN TILKAL ASYA’I,,
Artina :
Awal mula anu Alloh jadikeun nyaeta Nur Nabi Anjeun ya,, Jabir. Jeung Alloh ngajadikeun tina Nur eta, sagala sesuatu ieu, jeung Anjeun hai,,Jabir nu kamasuk tina sesuatu eta.

ﺍﻦﺍﷲ ﺧﻟﻕ ﺮﻮﺡ ﺍﻟﻧﺑﻲ ﺼﻟﻰﺍﷲﻋﻟﻴﻪ ﻮﺴﻟﻢ ﻤﻦ ﺯﺍﺗﻪ ﻮﺧﻟﻖ ﺍﻟﻌﺎﻟﻢ ﺒﺎﺀ ﺴﺮﻩ ﻤﻦ ﻧﻮﺮﻤﺤﻤﺪ ﺼﻟﻰﺍﷲﻋﻟﻴﻪ ﻮﺴﻟﻢ
INNALLAHA KHALAQA RUHANNABIYYI SHALALLAHU ‘ALAIHI WASALLAMA MIN DZATTIHI WA KHALAQAL ‘ALAMA BIASRIHI MIN NURI MUHAMMADIN SALALLAHU ALAIHI WASSALAM
Artina :
Saenyana Alloh nyiptakeun Roh Nabi Muhammad tina Dzat-Na, tuluy Alloh nyiptakeun alam, kalawan rahasiah-Na tina Nur Muhammad SAW.

  1. RADEN KAMIL : Samentawis… rada cekap eta katerangan teh, kapayun hoyong langkung anteb deui. Mung ayeuna hoyong diterangkeun anu pakuat pakaitna TASJID sareng NETEPAN (SHOLAT).
  2. RADEN INSAN : Kapan Hakekat Muhammad teh … jadi hurup TASJID dina Lafadz Allah…, sareng Takbiratul Ikhram dina Sholat.
  • NURUL AHMAR/CAHAYA BEREM NGAJADI HURUF ALIP ( ) ari Wujudna dina Sholat nyaeta NANGTUNG.
  • NURUL ASHFAR/CAHAYA KONENG NGAJADI HURUF LAM ( ) ari Wujudna dina Sholat nyaeta RUKU.
  • NURUL ABYAD/CAHAYA BODAS NGAJADI HURUF LAM ( ) ari Wujudna dina Sholat nyaeta SUJUD.
  • NURUL ASWAD/CAHAYA HIDENG NGAJADI HURUF HE ( ) ari Wujudna dina Sholat nyaeta LUNGGUH.
Jadi Rai !..., nuju Solat mah Takbiratul Ikhram, Nangtung, Ruku, Sujud, Lungguh, eta ngagambarkeun Lafadz Allah ( ﺍﷲ ) pikeun nyusul Hakekat Muhammad, Cahaya Berem, Cahaya Koneng, Cahaya Bodas, Cahaya Hideung.
Tah upami parantos pertingkah LUNGGUH (ATAHIYAT), eta mah ngagambarkeun Lafadz Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ) :
  • Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL ( )
  • Tina DADA NGAJADI HURUF HE ( )
  • Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR ( )
  • Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL ( )

Tapi henteu acan janten wujud dalil Muhammad, margi kirang Tasjid. Eta anu kedah dipilari !!!.
Rai !..., Tasjid teh mangrupa Koncina Bumi sareng Langit pikeun mukakeun LAWANG HIJAB (Pipinding) Ma’rifat ka Allah. Pikeun ngaburak, ngarakrak JAGAT SHOGIR baris nimbulkeun Lelembut Raga (Jatining Manusa).
Upami kapendak eta TASJID, engke bakal kahartos pasal Nafi Isbat.
Kitu tah Rai !..., perkawis Tasjid teh !...., mangga geura Manahan sing anteb, sareng pilari Tarekahna !!!.
Tapi ketang…, sanaos hayoh dipikiran oge kalah ka murudul rambut…, moal kapendak, upami henteu acan terang kana prak-prakan SHOLAT TAZALLI atau Sholat Da’im, padamelan Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Ieu teh penting kacida Rai !.., upami Wujud Manusa henteu acan ngawujud dalil Lafadz Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ), eta moal pendak sareng Allah ( ﺍﷲ ) hartosna moal Ma’rifat.
Mugi Rai.., janten uninga…, Para Rasul salaku utusan Allah ( Adam, Nuh, Ibrahim, Musa, Isa, Muhammad), diantara anu genep teh …, anu kaselir tiasa MI’RAJ mah, mung hiji nyaeta Jungjunan Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Matenna anu kaselir ku Nu Maha Agung sina ninggal Akherat, ninggal ka ayaan Batin memeh pupus. Mantenna mah parantos uninga waktosna.

  1. RADEN KAMIL : Manawi aya cirina para Rasul anu henteu kaselir Mi’raj Kang !.
  2. RADEN INSAN : Ari cirina mah… kapan buktos dina Lafadz Jenengannana henteu nganggo Tasjidan.., salian ti Nabi Muhammad anu aya mah…, nya sami sareng Lafadz Allah, eta ciri anu dipaparin Konci kangge ngadeuheus ka Maha Suci.
Tah ayeuna urang salaku umat Nabi Muhammad Rasululloh SAW, pada kagungan waris… asal tiasa kependak Tasjidna. Carana sing Suhud milarian.., dipeser ku prihatin, tirakat, mutih… sareng disarengan ku Tekad, Ucap, Lampah anu sae. Insya Allah awal akhir baris tinekanan.
  1. RADEN KAMIL : Aduh hatur nuhun.. kahartos pisan eta katerangan sareng piwejang ti Engkang…, kantun Rai… milarian Tarekatna, supados kenging Koncina.
Upami anu parantos kagungan konci ku jalan Tarekat…, rupina… sami hiji jalan kana Ma’rifat. Anu bade ditaroskeun ku Rai !.., naon paedahna, atawa mangpaatna, pangna Manusa Wajib Ma’rifat ka Allah ?
  1. RADEN INSAN : Ari paedahna Ma’rifat teh Rai !.., nyaeta pikeun sarat SAHNA AMAL IBADAH URANG DI ALAM DUNYA, supaya yakin nyembahna, moal pegat dugi ka maot engke. Margi Rai !..., ari leresna Sumembah teh .. kedah tepung heula sareng Anu di Sembahna. Jadi tara ngaheulakeun sembah Samemeh pendak. Kitu deui.., leresna PUJI oge kedah bukti heula anu dipujina. Oge upama urang tumarima Jadi Kawula teh …, kedah tingali heula Di Gustina. Upami urang bade Kuli/Buburuh atuh kedah milari heula Dunungannana, tara ujug-ujug didamel, margi bisi henteu puguh buruhannana. Tah anu dijentrekeun di luhur teh luyu sareng Dawuhan Allah Ta’ala dina Qur’an (Surat Al-Hijir ayat 99) : WA’BUD ROBBAKA HATTA YA’TIYAKAL YAQIN, Anu hartosna : Kudu nyembah maraneh ka Panggeran maraneh sing tepi ka Yakin.
  2. RADEN KAMIL : Punten Kang !.., kumaha upami aya salah sawios jalmi.., henteu acan terang kana jalan-jalan ibadah sakumaha kedahna, maksad teh henteu tina ibadah Sareat heula, nanging aya kadar tiasa Ma’rifat ka Nu Maha Suci ?
  3. RADEN INSAN : Jalmi anu kitu langkung untung, tandana eta jalmi teh kenging Taufik (pitulung) ti Nu Maha Suci, oge hiji cirri eta Jalmi teh dihampura dosana.
Perkawis Ma’rifat mah… Rai !.., bade tina Sareat, bade tina Tarekat…, ti mana bae jalanna mah, da sanaos tina Sareat oge, ari bade ningkat kana Ma’rifat mah, tangtu nyorang heula Tarekat. Margi Tarekat mah.. pikeun ngabuktikeun Sifat-sifat Hakekat, nyaeta Dzat – Sifat – Asma, eta teh Barang Ghaib, anu tiasa ditingalina teh sanes ku Soca biasa, sakumaha saur Hadis : RU’YATULLAHI TA’ALA FIDUNYYA BI AENIL QOLBI, Anu hartosna : Ningali Sifat-sifatNa Allah di dunya ku Awasna Mata Batin/Qolbu.
Kitu Rai !..., katerangan Ma’rifat ka Allah teh, henteu dipastikeun kedah Sareat heula…, kumaha dipaparin Taufik-na ku Nu Maha Suci. Da Manten-Na anu kagungan Sifat Wenang.
  1. RADEN KAMIL : Perkawis hal Ma’rifat ku Rai… parantos kahartos, jadi paedahna teh :
    1. Mangrupi sarat pikeun Sahna Ibadah sareng Amalna, supados sampurna.
    2. Pikeun Ngabenteng Hawa Nafsu anu Goreng, sangkan sampurna Tekad, Ucap jeung Lampahna.
    3. Pikeun Lampu Kasalametan boh di Dunya, boh di Akherat. Margi sifat anu mawa salamet teh CAANG. Sedengkeun sifat anu mawa cilaka teh Poek.
Lampu (Caang) teh penting, supados lumakuna henteu tutubruk. Margi upami anu henteu acan kagungan lampu mah.., tos kantenan jalmi ma’siat, dalah anus ok getol aribadah oge sok rajeun diaradu jeung baturna, da poek tea. Kang da kana papahaman mah parantos yakin kana ieu Elmu teh kantun kumaha carana supados enggal kadugi kana Ma’rifat ?
  1. RADEN INSAN : Supados enggal mah, teu aya deui carana teh kedah kieu :
Pilari sing kapendak Rukun Ma’rifat, piraku ku tuang Rama teu acan diwartosan !, geuning dina Sifat 20 Allah mah Wahdaniat, oge eta teh lebet kana Sahna Maca Sahadat.
  1. RADEN KAMIL : Anu mana tea….. nya ?, duka henteu acan….. Duka hilap deui Kang ?
  2. RADEN INSAN : Eemmmh… Rai… mah……, Rukun Ma’rifat teh…. eta :
DHAT – SIFAT – ASMA – AF’AL
  1. RADEN KAMIL : Ooooh…. Leres… emut ayeuna mah.., anu kedah :
  • Netepkeun heula Kana Dhat-na Allah Ta’alla
  • Netepkeun heula Kana Sifat-na Allah Ta’alla
  • Netepkeun heula Kana Asma-na Allah Ta’alla
  • Netepkeun heula Kana Af’al-na Allah Ta’alla
  • Kudu geus Sidik/Tasdik Ka Rasululloh

  1. RADEN INSAN : Nuhun atuh parantos ka emut mah. tah anu tilu Dzat – Sifat – Asma kagolong barang Gaib. Ari Gaib teh Aya tapi tanpa bukti. Manusa diwajibkeun percaya kanu Gaib. Da ceuk dalilna oge : ALLADINA YU MINUNA BIL GHOIB, Hartosna : Ari Jalma anu Iman teh anu nekadkeun, ngabenerkeun kana perkara anu Gaib.
Tapi sahna urang Iman sarta ngaku kana perkara Gaib teh, kedah yakin heula kana barang-barangna. Sedengkeun barang Gaib mah henteu katingali ku panon biasa, tapi kedah ku Gaib deui. Ari anu Gaib di Wujud Manusa teh sami nyaeta Dzat – Sifat – Asma Allah tea.
Janten ditingalina teh kedah ku Gaibna Manusa. Geuning saur Hadist oge : WALLAHU GHOIBUN AL-INSANU GHOIBUN, Hartosna : Allah teh Ghaib manusa oge Ghaib. Tah upami urang parantos Awas kana Sifat Hakekat (Dzat- Sifat – Asma), tanwande urang bisa tepi kana MA’RIFATULLOH.
Emut Rai.., ari biasa Allah teh .. tetep Jenengan. Jenengan saparantosna Isbat (Aya) lahirna manusa. Ari Dohirna Manusa teh … saparantos gulungna Dzat – Sifat – Asma – Af’al Allah. Margi eta anu opat teh… jadi Huruf Allah ( ﺍﷲ ) :
  • DZAT NGAJADI HURUF ALIP ( )
  • SIFAT NGAJADI HURUF LAM AWAL ( )
  • ASMA NGAJADI HURUF LAM AKHIR ( )
  • AF’AL NGAJADI HURUF HE ( )
Tapi sanaos jadi Huruf ALIP ( ), LAM AWAL ( ), LAM AKHIR ( ), HE ( ). Henteu acan janten Lafadz Allah, margi henteu acan kumplit sareng Tasjid ( ω ).
Ana kitu atuh…. Tasjid na teh …, Sareatna … kanyataan Manusa. Margi aya Jenengan Allah teh…. Saparantos aya Manusa.
Paingan Dawuhan Allah :

ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ ﺍﻻﺣﻖ ﺒـﺎﻻﺣﻖ
ILLA HAQQA BILLA HAQQIN - ILLA HAQQIN BILLA HAQQA
Tegesna : ‘ MOAL AYA AING LAMUN EUWEUH MUHAMMAD (MANUSA), MOAL AYA MUHAMMAD (MANUSA) LAMUN EUWEH AING’.
Tetela ‘ Muhammad (manusa) teh henteu aya antarana sareng Allah. Sesuai numutkeun dalilna :
WA NAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID
Hartosna : Kami lewih deukeut ka maneh, sanajan dibandingkeun urat beuheung jeung beuheung maneh oge.

  1. RADEN KAMIL : Perkawis Jenengan Allah, saparantos ngupinkeun katerangan ti Engkang…, rada ngagebray, nanging manawi aya ibaratna…, supados langkung eces Kang !.
  2. RADEN INSAN : Cing urang milari conto sangkan langkung jelas.
Conto Sareatna :
Rai !..., kantos ngadangu jenengan Pamarentah ?...., manahan ku Rai..!, Kumaha Wujudna Pamarentah teh ?. Kapan sadayana oge ngangkeun yen Pamarentah teh anu pang kawasana di nagara mah.
Rai !..., ari anu disebut Pamarentah teh kedah kacumponan sarat-saratna :
  1. Kedah aya Presiden-na
  2. Kedah aya Mentri-mentri-na
  3. Kedah aya Rahayat-na
  4. Kedah aya Wilayah-na
Upami kacumponan sarat-sarat ieu, nembe sah disebut Pamarentahan. Ongkoh disebut Pamarentah… tur kawasa…, sanajan Presiden oge ari bade Ngalantik teh…, sok nyaurkeun kieu : SAYA ATAS NAMA PAMARENTAH…., tapi wujudna mah kapan henteu bisa dituduhkeun.
    • Upami nuduh Pamarentah ka Presiden/Raja… kapan eta mah jelas Presiden/Raja
    • Upami nuduh ka Mentri…., kapan eta mah para Mentri pembantu Presiden.
    • Upami nuduh ka Rahayat…, kapan tos kantenan eta mah Rahayatna.
    • Upami nuduh ka Wilayah….., kapan puguh eta mah Wilayahna.
Jadi Rai !..., Jenengan Pamarentah teh Yakin Aya, tapi Tanpa Rupa/Bukti. Pikeun ngayakinkeun Ayana …., kedah terang kana Sifat-sifatna Pamarentah nyaeta :
  • Kedah terang ka Presiden
  • Kedah terang ka Mentri-mentrina
  • Kedah terang ka Rahayatna
  • Kedah terang kana Wilayah legana Nagara.
Tah anu opat sifat ieu teh Kaliputan atawa Kapurba Wisesa ku Kakawasaan Pamarentah.
  1. RADEN KAMIL : Eta mah nembe conto Sareatna Kang !...., kumaha ari conto Hakekatna ?
  2. RADEN INSAN : Conto numutkeun Hakekatna mah kieu :
Ari basa Allah teh jenengan, cing kumaha Wujudna ?...., sami teu tiasa dituduh-tuduh, ibarat nuduh kana Pamarentah dina Sareat mah. cing ayeuna babandingannana :
  • Upami nuduh kana Dzat-Na Allah, ibarat Pamarentahan…., cing naon barangna dina Diri Manusa ?
  • Upami nuduh kana Sifat-Na Allah, ibarat Presiden…., cing naon barangna dina Diri Manusa ?
  • Upami nuduh kana Asma-Na Allah, ibarat Mentri…., cing naon barangna dina Diri Manusa ?
  • Upami nuduh kana Af’al-Na Allah, ibarat Rahayat katut Wilayahna…., cing naon barangna dina Diri Manusa ?
Upami parantos terang kana barangna eta anu opat kalawan Haqul Yakin, katingalina ku Panon Qolbu/Hate, tah… anu kitu disebat Ma’rifat ka Allah.
  1. RADEN KAMIL : Dupi eta kana Dzat…., naha wajib katingalina ?, kapan saur Dalil oge :
ﻠﻴﺲ ﻠﻪ ﻤـﻜﺎ ﻦ ﻭﻻ ﺰﻤﺎ ﻦ ﻓﺧﻠﻖ ﺍﻠﻤﻜﺎ ﻦ ﻭﺍﻠﺰﻤﺎ ﻦ
LAESA LAHU MAKANUN WALA ZAMANUN FAKHOLAQO MAKANAN WAL ZAMMAN
Anu hartosna : Allah teu bertempat, MantenNa anu nyiptakeun Waktu sinareng Tempat.
DHAT LAESA KAMISLIHI SAEUN…….. anu BILA HAEFIN……, BILA MAKANIN (Teu tiasa disaruakeun, henteu warna, henteu rupa, henteu imah henteu enggon). Atuh bade katingali kumaha ?
  1. RADEN INSAN : Henteu wajib Rai !, ningali kana Dzat-Na mah…. wajib teh terang kana Ayana bari Karasa. Ibarat kana Seneu, ningali kana Hurungna (sifatna) ari kana Panasna mah asal terang sareng Karasa sami hoyong yakin kana ayana panas, atuh kedah dirampa sifatna (hurungna) eta seneu, pasti bakal Karasa Panasna.
Kitu deui… upami urang parantos ningali kana Sifat-Na Gusti Allah, tangtu Karasa Ayana Dzat teh, sarta karaos ngaliputannana teh kana sagala Sifat-sifatNa.
Jadi Dzat anu langkung Kawasa teh da… kapan Hurung (sifatna seneu) bijilna teh ku ayana Panas. Geura buktikeun upami urang bade ngahurungkeun seneu… boh ku Kayu Api atawa Gasolin (Bensin), kapan siki Kayu Apina teh digesekeun heula kana cangkang kayu api sina panas heula. Upama parantos panas… kakara bijil Hurungna. Di dinya antara Panas sareng Hurung ngagulung jadi hiji (manunggal). Jadi Dzat sareng Sifat ngagulung.
Tah kitu Rai !..., padika Allah mah… nu ngadamel sok ngahiji sareng anu dipidamel (Jumeneng). Asal Nafi (teu bukti) jadi Isbat (aya bukti). Nafi – Isbat jadi Hiji (ngagulung). Anu mawi Lafadzna LA ILLAHA ILA ALLAH :
  • LA = Kanyataan ayana Dzat
  • ILLAHA = Kanyataan ayana Sifat
  • ILA = Kanyataan ayana Asma
  • ALLAH = Kanyataan ayana Af’al
  • Gulungna NAFI = LA ILLAHA ILA
  • Sedengkeun ISBAT = ALLAH
  1. RADEN KAMIL : Kang !..., dupi eta Dzat – Sifat – Asma – Af’al…, naon barangna dina wujud urang ?
  2. RADEN INSAN : Rai !... eta mah rasiah…., margi eta mah Elmu Agama Rasululloh. Ari Kanjeng Nabi Muhammad teh kapan urang Quraes, upami Rai !..., hoyong tutug eta Elmu…, atuh kedah janten urang Quraes heula. Hartosna kedah ahli ngosongkeun patuangan (tirakat/kentel peujit).
Sabar heula Rai !.., kedah nuju salse eta mah. Ayeuna mah cumponan heula bae sarat-saratna…, da engke oge kauningana teh ku rai nyalira.
  1. RADEN KAMIL : Kitu nya…., jadi udageun Rai.. kapayun. Atuh ayeuna mah bade digentos patarosannana, nyaeta anu disebat Hiji Asmana Allah teh naon tea Kang ?
  2. RADEN INSAN : Eta teh …barang Gaib keneh…, anus ok disarebat barang Ismu Dzat. Ari barangna :
  • QUDRAT = NURULLOH / JAOHAR AWAL, anu ngahirupkeun Manusa.
  • IRODAT = NUR MUHAMMAD, anu ngajadikeun sadayana sifat-sifat (anu ngajadi) : Paninggal, Pangrungu, Pangangseu, Pangucap.
Rai !.., Manusa teh tina Qudrat – IrodatNa Allah Ta’ala, anu mawi kedah kauninga ti ayeuna!, margi kapan kedah mulang deui kadinya. Upami urang ayeuna henteu Ma’rifat (terang) ka dinya, tangtu bakal kalangsu, ngulibek di dunya-dunya keneh.
  1. RADEN KAMIL : Dupi anu disebat Hiji Af’alna (dadameulannana) Allah naon nyatana ?
  2. RADEN INSAN : Kapan eta Wujud anu diangge ku Rai !..., naha pangrasa teh kitu eta wujud teh kenging Ibu-Rama ?. Atuh upami Ibu-Rama tariasa ngadamel Wujud Manus amah…, Dalil Lahaula wala Kuwata teh teu keuna. Pisakumahaeun teuing.. pa alus-alusna meureun nyarieun budak teh. Tah ieu Wujud teh Rai !.., ngabuktoskeun Kakawasaan sareng KersaNa Allah Ta’ala. Tapi sok sanaos Allah Kawasa oge…., kedah bae ari nganggo sabab mah, geuning saur Dalil oge : INNALLOHA A’LA KULLI SYAEIN SABABA, Hartosna : Allah ngajantenkeun sagala rupi nganggo sabab.
Nya ieu Wujud disababannana perentawisan Ibu-Rama. Jadi Ibu-Rama teh sakadar cukang lantaran. Bilih Rai !.., teu acan ngartos…, ieu wujud teh nyantel (ngahiji) kana Dzat – Sifat – Asma – Af’al. Atawa dina Lafadzna mah : ALIP ( ), LAM AWAL ( ), LAM AKHIR ( ), HE ( ). Katarik kana kanyataan Allah ( ﺍﷲ ), jadi ieu Wujud Huruf HE ( ) dina Lafadz Allah ( ﺍﷲ ).

  1. RADEN KAMIL : Naha Kang ?, kapan ieu Wujud teh barang anyar ?
  2. RADEN INSAN : Iiih.. anyar soteh Isbat-na (ayana bukti), da tadina mah barang Nafi tea, … Nafi – Isbat jadi hiji.
  3. RADEN KAMIL : Upami ieu Wujud leres barang Nafi…, naha atuh sok ruksak atawa buruk di Kuburna ?
  4. RADEN INSAN : Tiasa bae.. buruk, bau…, upami ieu Wujud diangkeun Wujud Manusa. Rai !..., sing ngartos ieu mah sanes Wujud Manusa !, tapi Wujud bukti dadamelan Allah Ta’ala…, tempat sareng parabot pikeun nyumponan sagala karep Manusa.
Supados henteu lieur…, cing upami Rai hoyong ka Jakarta…, naha ieu Wujudna anu hoyong ka Jakarta teh ?, atawa Manusana ?.
  1. RADEN KAMIL : Panginten anu hoyongeun mah Manusana atawa Rasana !.
  2. RADEN INSAN : Tah geuning ngartos, leres Rai.. eta Rasana…. Nanging eta kahoyong Rasa teh tiasa dugi moal upami henteu disarengan ku Wujud ?
  3. RADEN KAMIL : Bujeng-bujeng kanu tebih… sanaos kanu caket oge…, moal tiasa upami henteu disarengan ku Wujud mah. Atuh sawangsulna panginten Wujud oge moal tiasa indit upami henteu ku Dzat – Sifat – Asma.
  4. RADEN INSAN : Tah di palebah dieu.. Akrobna Allah sareng Manusa teh ! Saur Hadist oge : SAGALA KAREP MANUSA, MOAL JADI LAMUN HENTEU DISARENGAN KU ALLAH. Sareng palebah dieu karaos henteu pilih kasihna Allah ka papada Manusa teh … rata pada dipasihan Wujud, mangrupa ‘ Kanyataan Af’al- Na Allah. Pikeun ngabarengan sareng ngajadikeun kana saniskara Karepna Manusa.
Cing ku Rai emut !..., kapan bukti ieu eusi Alam Dunya, boh imah gedong, kendaraan, listrik, radio, TV, katuangan, kalengkepan kasehatan, kalengkepan ibadah jsb. Eta teh teu aya lian anu kagungan Karepna mah Manusa, dijadikeunana nya ku Wujud (Af’alulloh).
Tah kitu deui Rai !.., kanggo eusina Alam Akherat oge, boh Sawarga, boh Naraka, nya ku hasil karepna manusa sareng padamelan Wujud… nuju di Alam Dunyana. Anu mawi Rai !..., da ari Allah mah Tetep Suci…, teu ngalap paedah (imblan/ngancam) ngadamelna Manusa teh, henteu bade ngaganjar henteu bade nyiksa, kasakabeh manusa oge. Palebah aya Sawarga sareng Naraka…, Allah mah mung nyadiakeun wungkul pikeun hasil karepna manusa, sareng padamelan Wujud (Af’alulloh). Kusabab kitu…, Rai sing atos-atos ngagolangkeun ieu Wujud teh da ieu teh Amal Nu Maha Suci. Ulah gagabah ngagunakeunnana !..., anggo amal ibadah bari disarengan ku soleh hate, suci ati (suci tekadna, suci ucapna, suci lampahna).
  • ATI : Ulah diangge Sirik, pidik, jail, kaniaya, goring sangka, ujub, ria, takabur jeung munafek.
  • BAHAM : Ulah diangge Ngumpat simuat, geureuhan, songong, sugal jsb.
  • WUJUD : Ulah diangge Lampah maksiat ( 5 M) : Maling, Maen, Madon (Lacur), Mateni (Maehan batur).
Nu mawi Allah ngayakeun Kitab Al-Qur’an oge, eta pikeun Ukur-ukuran (anggeur-anggeuran) laku Manusa. Jadi Qur’an teh lain keur ngahukum batur, tapi ngahukum dirina (anu macana).
Kapan parantos diugerkeun ku “ AMALUNA AMALUKUM”.
Dina salah sawios Hadits oge dijelaskeun :
HASYIBU ANFUSYAKUM QOBLA TUHAASYABU, AWZINUU ANFUSYAKUM QOBLA AN’TUWZANUU
Anu hartosna : Hisab awak maneh (sorangan) samemeh jaga dihisab. Sarta timbang amal maneh (sorangan) samemeh jaga ditimbang.

  1. RADEN KAMIL : Perkawis Af’’alulloh parantos kapaham barangna ieu wujud. Tapi tadi saur Engkang ieu mah sanes ‘ Wujud Manusa’…, kapan panginten sami-sami keneh ?. upami aya bentenna … anu mana atuh Wujud Manusa anu sategesna ?
  2. RADEN INSAN : Kieu Rai !..., ari Wujud anu bukti mah… eta kanyataan Af’alulloh, sedengkeun Wujud Manusa anu sategesna mah Gaib. Aya tapi teu ngabukti (nyumput). Anu matak saur Hadist :

ﻮﻤﻦﺍﻋـﺮﻑ ﻧـﻔـﺴـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻮﻤﻦ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺠـﻬـﻳﻼ ﻧـﻔـﺴـﻪ

WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN AROFA ROBBAHU FAQOD JAHILAN NAFSAHU
(Singsaha jalma anu geus nganyahokeun kadirina sorangan tangtu bakal nyaho ka Panggerannana, Samangsa-mangsa geus nyaho ka Panggerannana tangtu bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).

Tah geuning kedah dipilarian diri teh : Pangna kedah dipilarian oge panginten ku Buni (nyumput) margi Gaib tea. Da anu ngajentul katingali mah henteu kedah dipilarian.
Upami jalmi parantos terang kana Jatining Manusa tangtos bakal ngaraos bedana Manusa sareng Allah, bedana anu Suci sareng Anu Kotor. Tah upami parantos ngarasa kotor… tangtu kersa beberesih ( Tobat, moal ngalakukeun deui ).
  1. RADEN KAMIL : Euhhh… janten bentenna antawis Wujud sareng Wujud Manusa teh : Ari Wujud mah, anu bukti, mangrupi Af’alulloh, sok disarebat oge Jasad, Jasmani, Diri, Badan atawa Adam. Ieu teh mangrupi Bungkus, panginten nya Kang. Sedengkeun ari Wujud Manusa mah, atawa Jatining Manusa, sok disebat oge Rohani, mangrupi Asmaulloh. Ieu mah mangrupi eusina Jasmani. Ari barangna nyaeta : NARUN, HAWAUN, MAUN, TUROBUN. Rupina di dieu gulungna Rasa teh nya Kang !.
  2. RADEN INSAN : Nuhun geuning Rai !..., parantos dikersakeun Caang. Leres kitu Rai.., mung sing emut… eta nembe dua tahap. Anu satahap deui mah Sifatulloh anu gumulung sareng Dzattulloh tea, cing emut-emut !..., naon barangna ?.
  3. RADEN KAMIL : Ke… manawi henteu lepat…, sanes eta Kang !.... Johar Awal atawa Hakekat Muhammad atawa Bahrul Hayat (Sagara Hirup), sanes kitu Kang ?.
  4. RADEN INSAN : Tah… geuning parantos paham. Leres eta Rai !. Eta teh tina QODRAT – IRODAT-na Allah. Ari sorotna Bahrul Hayat (Sagara Hirup).., nya janten Hrupna Manusa atawa Roh Suci, anu ngusik malikeun urang. Engke oge Rai !.., mulih teh kedah ka dinya deui, luyu sareng Dalil : INNA LILLAHI WA INNA ILLAIHI ROJI’UN, Hartosna : Asal ti Allah, mulih deui ka Allah.
  5. RADEN KAMIL : Ke… Kang !..., upami urang asal ti Allah, teras urang teh ayeuna diumbarakeun di ieu Alam Dunya sakitu puluh taun lamina, engke parantos dugi kana waktosna kedah mulih deui ka Allah. Upami kitu mah atuh urang teh pisah.. patebih sareng Allah. Padahal Rai… nalika turun ti Alam Akhirat (Batin)… henteu ngaraos ngingking, ujug-ujug clok bae di Dohir (Dunya). Tapi eta saur Dalil kedah bae mulih deui ka Allah Maha Suci. Tah naon eta teh Kang… Anu mulih teh ?.
  6. RADEN INSAN : Kutan… Rai teh masih bingung ?. Leres …Rai … kedah mulih, nanging sanes ngingking… sapertos ti luar ka lebet bumi,…. Tapi anu Mulih teh Rasana (Nyawa), mulang deui ka asal urang keur tadi.
Cing emut- emut deui ku Rai !...., nyumponan Dalil : INNA LILLAHI (Asal ti Allah) !. Anu nembe haneut keneh diterangkeun :
Asal Hirup ti mana ?
Asal Rasa atawa Jatining Manusa ti mana ?
Asal Wujud atawa Jasmani ti mana ?
  1. RADEN KAMIL : Tapi… naha geuning ari umumna mah… panyileukan engke marulang teh bet …. Haroyong ka Sawarga ?, padahal saur Dalil mah : WA INNA ILLAIHI ( mulih deui ka Allah), geuning Dalilna henteu WA INNA AL-JANNAH (mulih ka Sawarga), kumaha eta Kang ?.
  2. RADEN INSAN : Memang aya Hadist anu nerangkeun, yen sadayana Jalmi teh ti Sawarga, hartina tina Kani’matan, tina Sahadat (Sa-Adat) waktu tadi nalika Ibu sareng Rama sapatemon Rasa. Jadi urang bade gumelar ka Alam Dunya teh kapan ngalangkungan heula Ni’mat (Sawarga).
Jadi Sawarga mah Rai !..., diangge liliwatan wungkul. Atuh dina engke urang mulang oge… nya kedah ngalangkungan deui Ni’mat (Sawarga), anu saterasna mulih deui ka Allah… ka Sagara Hirup. Da kapan ayana Ni’mat (Sawarga) teh ku aya Hirup. Hirup Allah anu Langgeung henteu kena ku ruksak.
Jadi anu mulih teh Rasana (nyawa)… Rai !.
  1. RADEN KAMIL : Kumaha…Kang !..., anu itikadna hoyong mulih teh mung dugi ka semet Sawarga ?
  2. RADEN INSAN : Iiiih… dugi ka dinya oge parantos untung, saratna oge anu kitu beuratna, sok sanaos dugi ka dinya teh hartosna mulih kana Ciptaannana Allah (Makhlukna) henteu mulih ka Nu Nyiptana ( WA INNA ILLAIHI ).
  3. RADEN KAMIL : Ke…Kang !... palebah Ni’mat (Sawarga) dina waktu maot, lebah mana karaosna ?.
  4. RADEN INSAN : Eta palebah Sakarat, kuduna … urang teh ngaraos rebu-rebu ni’mat… kedah persis anu karaos ku Ibu – Rama kapungkur nalika saresmi sapatemon. Tah Rai !, dipalebah dieu Hakekat Wat Sirotol Mustakim teh. Tegesna jalan anu bener Paturayna Nyawa sing Nepi kana Laratan Dzat – SifatNa Allah.
  5. RADEN KAMIL : Anu kumaha Kang !..., anu Maot… kenging kani’matan nuju Sakarat teh ?
  6. RADEN INSAN : Nya anu nuju di Dunyana mendakan Elmuna, nyaeta Elmu Kasampurnaan.
  7. RADEN KAMIL : Kumaha upami nuju di Dunyana henteu mendak sareng Elmu Kasampurnaan ?
  8. RADEN INSAN : Nya atuh sawangsulna tina ngaraos ni’mat…, sarebu lipet ngarasakeun kanyerian, persis anu karaos ku Ibu dina waktos harita babar atanapi ngalahirkeun. Renghap ranjug, tibubunceulik, juba, jebi, adug lajer, lurak lirik neangan jalan.. Poekeun.
  9. RADEN KAMIL : Tadi Engkang nyaurkeun…, yen anu mulih teh Rasana atawa Nyawana. Tah … Rasa (Nyawa) anu maot teh kamana jigna ?
  10. RADEN INSAN : Kieu Rai !..., pangbalikan urang teh … Pangbalikan Rasa ti Dunya mulih deui ka Rasa Kapungkur.
Pangbalikan teh aya 3 (tilu) perkawis :
  1. Balik ka HAKNA ADAM
  2. Balik ka HAKNA MUHAMMAD
  3. Balik ka HAKNA ALLAH
Jadi Rai !..., engke dina maot mah…, anu nangtukeun teh kumaha katerang Elmuna. Upami Elmuna (Katerangna) ngan semet tuturut munding, ibadahna luak leok, ngalakonan soteh bakat ku era ku batur, kurang suhud, kurang Haqul Yakin, muhit ukur ka barang dunya, atuh tangtu dina waktu Sakaratna eta Rasa )Nyawa). Imanna teh kana Dunya… nya … Nyawana kontak sareng barang Dunya. Upama kitu tangtu balikna ka dunya deui. (Balik ka Hakna Adam ). Eta mah kumaha pamuhitannana, kana bagong, Oray, Maung, Monyet jsb. Upami Rasana (Nyawa) kontak sareng asal Nur Muhammad, tangtu bakal nyumponan kana basa Mulang ka Asal (Balik ka Hakna Muhammad ), didieu tetep langgeung dina Ni’mat (Sawarga) tea.
Upami Rasana (Nyawana) kontak sareng Bahrul Hayat (Sagara Hirup), tangtu nyumponan kana basa Mulih ka Jati (Balik ka Hakna Allah). Mulih deui kana Rasa kapungkur, Rasa Allah tea (Rasululloh). Henteu aya naon-naon.., anging Allah anu Langgeung JumenengNa.
Kitu tah … Rai…, nyanggakeun hoyong nu mana ?
  1. RADEN KAMIL : Punten .. Kang !..., Rai.. rada rewel.., margi masih keneh panasaran. Anu bade ditaroskeun teh, eta Nyawa kaluarna tina Wujud teh kana naon ?.
  2. RADEN INSAN : Ari saur Kitab mah Rai !..., kaluarna Nyawa tina kurungan teh tina Embun-embunan.
  3. RADEN KAMIL : Ke.. Kang !..., upami Nyawa kaluar tina kurungan (wujud) mah… atuh panginten masih kakurungan ku wangunan Alam Dunya ?, Hartosna mulih deui kan Hakna Adam ?, upami kitu mah tetep di Alam Dunya di pangumbaraan.
  4. RADEN INSAN : Leres kitu Rai !..., eta teh saur Kitab…. Nyawa kaluar tina wujud ti Embun-embunan…, margi henteu kapendak jalan ka Akherat.. asal tadi. Jadi ngarasa poek, ka hijab (kapindingan) teu katembong… heug bae nyasab.
Rasana oge pasti eungap…, lila-lila mah bitu (kawas ban anu kaleuwihan teuing ngompana). Anu mawi pantes Nyawa bijil norobos tina wujud kana Embun-embunan. Anu kitu tetep dina Hakna Adam.
  1. RADEN KAMIL : Parantos kahartos perkawis Nyawa anu norobos tina wujud mah. Salajengna … dupi Nyawa anu sampurna ?, kumaha eta Kang ?.
  2. RADEN INSAN : Mungguh Nyawa anu sampurna mah… henteu kaluar.. oge henteu tetep…, da basana oge sampurna. Ari sampurna teh Seep bersih. Ibarat damar atawa lampu cempor seep minyakna, seep hurungna, seep panasna, nya pareum.. beresih teu aya sesana.
Supados langkung jelas Rai !... kieu :
Hurungna ibarat Kahayangna
Panasna ibarat Rasana
Minyakna ibarat Rohna
Sadayana seep/bersih henteu aya anu kakantun, mulih deui kana asalna nyaeta Nur Muhammad sareng ka Nur Dzat (Nurulloh).
  1. RADEN KAMIL : Ke… Kang !..., upami basa sampurna kitu, naha ngan seep bae ?, sapertos asalna tadi… henteu aya ngeunah sareng teu ngeunah ?.
  2. RADEN INSAN : Aeeehh…. Kutan henteu acan kapaham ?, ari cara kapungkur samemeh turun ka Dohir…, henteu aya ngeunah sareng henteu ngeunah mah, atuh sami sareng martabat sato…, anu henteu kabagean Sawarga sareng Naraka (Ngeunah sareng henteu ngeunah). Margi saur Dalil oge pikeun sato mah “ KUNTU TUROBA”, hartosna : Asal henteu aya jadi aya…, engke balik deui kana henteu aya. Anu mawi henteu katetepan Agama.
Benten deui sareng Manusa, kapan dina Dalilna oge “ KANJAN MAHFIAN “, Anu hartosna : tina asal teu aya, teras gumelar di Alam Dunya, engke mulang ti Dunya di sampurnakeun ganjaran sareng siksaan (Sawarga – Naraka).
Ari Ganjaran (Sawarga) disadiakeun pikeun anu maotna Sampuna, hartosna bakal nampi Ni’mat taya babandingannana. Dina Al-Qur’an : “ FIHA MATASYTAHIL ANFUSU WATALADZULI AYUNI WAANTUM FIHA KHALIDUN , Hartosna : Sawarga teh aya sagala anu dipikahayang…, sarta kaendahan anu katingali sareng langgeung. Sedengkeun Naraka.., eta disadiakeun pikeun anu maotna henteu sampurna.., baris nampi ka teu ngeunah anu taya babandingannana.
  1. RADEN KAMIL : Ke…Kang !..., dupi anu nampi ganjaran sareng siksaan teh naonnana ?.
  2. RADEN INSAN : Kapan parantos dijelaskeun … anu mulih teh Rasa (Nyawa). Tapi kapan Rasa teh aya 3 (tilu) Rupa :
    1. RASA JASMANIAH (Rasa Kadunyaan)
    2. RASA ROHANIAH
    3. RASA NURANIAH (Rasa Jati).
Upami RASA JASMANI (Rasa Kadunyaan) Saperti : Rasa ngeunah, rasa teu ngeunah, rasa hayang, rasa ka keuheul, rasa kamelang jsb, parantos seep (leungit), engke bakal aya anu bijil RASA NURANI (RASA JATI). Tah eta anu baris nampi Ganjaran teh Langgeung Ni’mat.
  1. RADEN KAMIL : Ke…Kang !..., ari RASA JATI teh asalna ti mana ?
  2. RADEN INSAN : Kapan tadi disanggeumkeun… Rasa Nurani (Rasa Jati) teh sering kabulen ku Rasa Rohani sareng Rasa Jasmani (Kahoyong atawa nafsu sareng prilaku). Tah upami eta Rasa Rohani sareng Rasa Jasmani parantos seep (leungit) nya timbul deui Rasa Nurani (Rasa Jati) teh.
Pokona mah Rai !..., upami Rasa Jasmani kacandak ka Akherat (Batin), tangtu moal kenging ganjaran (Sawarga), malah sawangsulna bakal nampi siksaan (Naraka).
Rasa Jati mah bageannana Ni’mat Batin (Sawarga)
Rasa Jasmani mah bageannana Kani’matan wungkul.
  1. RADEN KAMIL : Kutan… aya bentenna basa Ni’mat sareng Kani’matan teh.
  2. RADEN INSAN : Tangtu aya bedana… ari Kani’matan mah anu ngaggo padamelan. Conto Kani’matan :
Urang resep dinu caang, kapan kedah ditingali.
Aya imah gedong endah… kapan kedah ditingali.
Sapatemon sareng bojo…. Kani’matan, kapan kedah dipidamel.
Kani’matan mah… keuna ku bosen (henteu langgeung).
Ari Ni’mat mah (Sawarga) tea… di Batin mah henteu kalawan Padamelan henteu di tuang, henteu di leueut, henteu di tingali, henteu di dangu, henteu di angseu, kapan saur Rasul oge :
FIHA MALLA’AENUN ROAT, WALLAUDZUNUN SAMI’AT, WALLA KHODORO’ALA QOLBI BASYAR
Anu hartosna : Mungguh Sawarga anu Agung teh hiji kaayaan anu henteu katingali ku soca, henteu kadangu ku cepil, henteu ka gambarkeun ku hate, henteu ku padamelan mung Ni’mat anu karaos.
  1. RADEN KAMIL : Upami gambaran di Dunya mah panginten…. Sawarga teh di wangun ku gedong-gedong anu arendah, katuangan anu narikmat, Widadari anu gareulis…, sakumaha kaunggeul dina Hadist.
Kumaha eta Kang ?.... yen Jalmi anu Iman, …. Misti kenging ganjaran Akherat, dipapag ku Widadari opat puluh. Panginten Widadari teh istri. Tapi teu acan nguping aya Widadari pamegetna (Widadara)……. anu baris mapag Jalmi istri anu Iman ?
  1. RADEN INSAN : Eta…. Mah kieu Rai !
Ka hiji Sakadar Panyingsieunan sareng Pangbibita, sangkan manusa Narurut, ngarah sieun sareng kabita. Geuning ku Hadist di sapertikeun keur di Dunya, Naraka teh seneu anu panas kacida, lir godogan timah anu hurung pitempateun jelema doraka. Atuh Sawarga tempat Jalmi anu Iman, dipapag ku Widadari sareng hal-hal anu arendah.
Ka dua Leres aya Widadari teh …, nanging eta teh Muna’if (nyilokakeun kani’matan) ganjaran ti Nu Maha Suci.
Ku urang kedah dipikir panjang sing kahartos, papay laratan Widadari teh !. Ari Widadari teh rupina istri anu gareulis. Ari istri teh kapan sifat Kasukaan Ati, kacinta, kadeudeuh, kabirahian, kani’matan pikeun di Alam Dunya.
Saurang Jalmi Iman disadiakeun 40 (opat puluh) widadari, atuh tada teuing seueurna. Eta… teh siloka Rai !..., saleresna mah … mung 4 (opat). Kieu geura anu 4 (opat) teh :
KA HIJI : Kani’matan Soca, boh ningali Jalmi, boh ningali kaendahan Alam atawa barang.
KA DUA : Kani’matan Baham, ngaraoskeun naon-naon anu di tuang.
KA TILU : Kani’matan Cepil, ngupingkeun sora, musik, lagu jsb.
KA OPAT : Kani’matan Pangambung, ngangseu anu seungit-seungit.
Tah ni’mat-ni’mat Akherat mah Rai !..., henteu karana Di Pidamel heula…, estuning ni’mat salamina. Eta tah anu mulang ka Asal … ka Sawarga Agung teh nyaeta anu Ma’rifatna ka Nur Muhammad (Hakna Muhammad).
  1. RADEN KAMIL : Ke.. punten… Kang !..., ari Ni’mat teh anu kumaha ?, naha aya di Dunya…. Babandingan Ni’mat di Akherat teh ?.
  2. RADEN INSAN : Aya Rai !...., ngan di Dunya mah sepersarebuna Ni’mat di Akherat !.
  3. RADEN KAMIL : Kani’matan anu mana …. Anu sapersarebuna teh ?
  4. RADEN INSAN : Eta… ari Rai.., Nuju Kulem tibra, geuning henteu emut kana kadunyaan, henteu emut naon-naon !, tapi sanes nuju ngimpen !. Geuning nembe sakitu oge Rasa Jasmani teh henteu kuat…. Parantos seep sama sakali, parantos leungit dunya barana, leungit bojo/caroge, leungit putra, leungit sagala…. Kasilih ku Rasa Ni’mat. Tah di dinya sidik anu nampi teh Rasa Jati.
  5. RADEN KAMIL : Dupi eta anu mulih ka JATI … atawa ka HAKNA ALLAH anu kumaha Kang ?.
  6. RADEN INSAN : Eta anu nuju di Dunyana parantos mendakan Elmuna tiasa Ma’rifat ka Hakekat Muhammad (Sagara Hirup, Nur Dzat, Nurulloh, Dzat-Sifat Allah). Sampurna mulih ka Rasa Kapungkur … nalika masih keneh janten NUR. Tiasa MULIH RASANA MALING KERSANA. Ti dinya mah… nya kumaha dikersakeunaNa … mulih deui ka SAJATINING SUWUNG (DZAT LAESA KAMISLIHI).
  7. RADEN KAMIL : Nembe rada bray-brayan Kang !..., teu acan pas.., manawi aya anu langkung eces ti dinya katerangannana ?
  8. RADEN INSAN : Upami masih bingung keneh…., cing urang ibaratkeun eta RASA DOHIR sareng RASA BATIN/AKHERAT teh. Kieu Rai :
Anu disebut ku Para Wali BAHRUL HAYAT (Sagara Hirup) teh …., anu mahi ngaliputan ka 7 Lapis Bumi, 7 Lapis Langit katut saniskara eusina, upami di Alam Dohir (Dunya) mah… ibarat SAGARA CAI atawa Laut.
Laut teh mangrupi puseur ti sakumna cai-cai anu araya di sakuliah bumi, anu aya di Walungan-walungan, di situ-situ, di kubangan-kubangan, di susukan-susukan, di balong-balong, di sawah-sawah, di sumur-sumur jsb.
Jadi Laut salaku SAGARA CAI teh mahi ngahirupkeun sakumna Makhluk saeusi Dunya. Ari Cai Laut kapan rasana teh Asin. Tah ibarat urang tadi samemeh turun ka Dunya… nuju di Sagara Hurip…. Ngancik dina Rasa Asin, nyaeta Rasa Sajati ngancik dina Rasa Poho.
Sacara ilmiah…, Cai Laut teh kasorot ku Panon Poe jadi sa’ab (menguap) teras janten Mega. Salajeungna mega jadi Mendung… teras jadi Hujan, caina ngancik di tempat-tempat sakumaha disebut diluhur. Tah ari parantos janten Cai hujan sareng parantos araya di darat mah… anu tadina Rasa Asin teh bet robah jadi henteu asin.
Jadi Rai !..., Rasa Cai Asin anu di Laut mah ibarat Rasa Batin(Akherat), ari Rasa Cai Hujan sareng anu di darat mah ibarat Rasa Dohir (Dunya), aya ngeunah sareng teu ngeunah. Cai Hujan tadi, sa keclak sewang … ibarat jadi Nyawa Jasmani (Rasa Jasmani) anu mang milyar-milyar seueurna.
Tah ibarat kitu Rai !..., kumaha jalanna ?...., sangkan eta cai anu aya dina Walungan, di Situ, di Kubangan, di Balong, di Solokan, di Sawah, di Sumur teh barisa marulang deui kana asalna… ka SAGARA CAI (Laut) ?, oge Rasana bisa balik deui kana Rasa Cai Asin.
  1. RADEN KAMIL : Kahartos Kang !...., ari di ibaratkeun mah. Jadi pangemut Rai.. mah panginten kieu :
    1. Pilari sing kapendak Jalanna (Solokannana) anu nuju ka Laut (Sagara Cai).
    2. Pilari Akalna…. Sangkan Caina ngocor ka Laut (Sagara Cai)
    3. Pilari sing kapendak Elmuna…. Sangkan Rasa Cai di darat bisa balik deui kana Rasa Cai di Laut (Sagara Cai) nyaeta Asin.
Leres kitu…. Kang ?
  1. RADEN INSAN : Leres kitu… Rai !. Upami henteu kapendak solokannana (Jalanna) anu brasna ka Sagara Cai (Laut), upami henteu kapendak carana caina ngocor lancar ka Puserna deui, upami henteu kapendak sangkan Rasa Cai jadi Asin deui, atuh bakal tetep kukulibeukan pungkal pengkol kalangsu di darat keneh didarat keneh, bisa-bisa engke parantos ngancik dina Kolomberan nya kotor nya barau. Nya wayahna teu tiasa mulang ka Asal. Tah eta ibaratna cicing dina Rasa Naraka.
  2. RADEN KAMIL : Hatur nuhun Kang !..., parantos ngartos ayeuna mah, jadi kitu kajadianana teh … bentenna Rasa Dohir (Dunya) sareng Rasa Batin (Akherat) teh. Salajengna ayeuna Rai.. teh panasaran hoyong di pasihan carana atawa milarian jalan pamulihan !.
  3. RADEN INSAN : Perkawis eta ma Rai !..., ulah lesot tina ukuran, tuturkeun sakumaha pituduh Dalil :
ANTAL MAOTU QOBLAL MAOTU “.
Anu hartosna : Kedah tiasa maot samemeh maot anu sabenerna.
Margi upami henteu tiasa maot heula sajeroning hirup, engke moal terang ka Akherat.
  1. RADEN KAMIL : Naha ? … pangna kitu Kang ?....., teu acan ngartos Rai mah.
  2. RADEN INSAN : Kapan Ma’na tina eta Dalil ANTAL MAOTU QOBLAL MAOTU, teh sasat mere pituduh, yen Akherat (Batin)… asal urang teh kedah uninga heula ti ayeuna, supaya engke ulah nyasab atawa kalangsu jalan.
  3. RADEN KAMIL : Ke… Kang !..., anu di maksad Maot didieu teh…., naha Maot leres ?, atawa kumaha ?.
  4. RADEN INSAN : Kapan saur katerangan oge MAOT SAMEMEH MAOT, jadi sanes maot leres !. Maksadna teh … sing ngaraos Sakarat, sing Karaos Nyerina. Upami disorang ti ayeuna, engke dina waktosna…. Moal kasorang deui, margi sakaratna parantos seep.
  5. RADEN KAMIL : Emmmh… janten……ieu mah mung supaya ngarasakeun wungkul ?, manawi teh maot leres. Dupi bentenna sareng anu maot leres … kumaha tah ?
  6. RADEN INSAN : Kieu atuh Rai !..., aya NYAWA sareng RASA NYAWA :
Ari anu maot leres mah, Nyawana Henteu Aya, tinggal Wujudna (Af’alulloh) tea.
Ari anu dimaksad ANTAL MAOTU QOBLAL MAOTU mah… upama basa Karuhun mah KUDU BISA NGANJANG KA PAGETO. Eta teh kieu :
KA HIJI Sanes Nyawana anu henteu aya teh …, tapi Rasa Nyawana anu kedah leungit pisan. Sing tiasa hilap kana saniskara …. Kalebet kana Wujudna sorangan…. Bakating ku cengeng ka Dzat – Sifat Allah…., ningal sajeroning Ati.
KA DUA Kedah ngarasakeun Nyerina Sakarat Jalan Maot di lahir. Ngarah henteu nganteur Nafsu teuing kana kama’siatan.
Upami saur ahli-ahli Tassawuf mah kedah ngalangkungan Pintu Fana pikeun ngajugjug, sangkan dugi kana Musyahadah (Paneteup) ka Dzat Allah. Ari carana kedah ngalangkungan Panto Maot, dina hartos Maot Kahoyong (Nafsu) pikeun Awasna Qolbu.

PANTO MAOT AYA 4 (OPAT) TAHAP :

Tahap Ka I MAOT TABI’I Saur ahli Tarekat mah, dumasar kana Karunia Allah dina waktu Dzikir Qolbi. Ngawitan Hate Dzikir, tina Hate ngontak kana Baham/Letah Dzikir. Ti dinya rarasaan mimiti laleungit…, akal pikiran mimiti henteu jalan. Didieu mah QAULUHU LAFA ILA I’LALLAHU. Gerak sareng cicing salian ti Allah. Nur Illahi ngawitan tumuwuh dina jero Hate.
Tahap Ka II MAOT MA’NAWI Dumasar kana Karunia Allah, dina waktu Dzikir Latifah Ruh. Saparantos Nur illahi tumuwuh di Jero Hate, saharita Panto Batin ngawasa paninggal. Sifat ka Insanan parantos lebur…, Rasa Jasmani kasilih ku Sifat Allah anu Maha Sampurna tur Azalli. QAULUHU LA HAMMA I’LALLAHU. Henteu aya Hirup salian ti Allah.
Tahap Ka III MAOT SURI Dumasar kan Karunia Allah dina waktu Dzikir Latiful Sirri. Didieu Rasa Jasmani kasilih ku Alam Ghaib ( anu pinuh ku NUR, Cahaya ). Dawuhan Allah : NURUN ALA NURIN YAHDILLAHU LINURRIHI MAN YASYA’U. Hartosna : Cahaya luhureun cahaya, Allah maparin anugerah ku Nur-na ka saha bae anu di Kersakeun.
Tahap Ka IV MAOT HISSI Dumasar kana Karunia Allah dina waktu Dzikir Latiful Khaufi. Dina tahap ka opat ieu mangrupi tahap anu pangluhurna, nuju kana Ma’rifat. Malah dina puncak-puncakna mah ngalaman Ka-Ayaan anu heunteu acan pernah :
  • Di tingali ku Soca
  • Di tingali ku Cepil
  • Kacipta ku Ati sanubari manusa, nyaeta : Sifat-sifat Allah anu Qodim Azalli.
Pangalaman ieu mustahil bisa dibuktikeun.., tapi bakal ngarti pikeun anu kungsi ngalaman tur anu ngarasakeun.
  1. RADEN KAMIL : Dupi carana kedah kumaha Kang ?....., di ajar ngaraoskeun Sakarat teh ?
  2. RADEN INSAN : Ari carana mah, nya ayeuna nuju Hirup… bari mengpeung jagjag waringkas keneh… kedah milari sing kapendak Elmu Sakarat.
  3. RADEN KAMIL : Upami parantos kapendak Elmuna…, sareng parantos nyobi ngaraosan di ajar Sakarat…, kumaha tah… engke dina waktosna Sakarat anu leres bade Maot Kang ?
  4. RADEN INSAN : Sahanteuna bae atuh Rai.. da parantos ngarasakeun sakitu engapna… sakitu nyerina… piraku henteu pinuh ku kasieun, pinuh ku karisi. Atuh dina sesa hirupna teh beuki ati-ati…, Tekadna…, Ucapna…., Lampahna jadi boga pamilih… mana anu nungtun kana pibeneren oge mana anu sakira mawa kana kasangsaraan. Atuh di wuwuhan ku getol ibadah (Hablumminalloh), oge amal (Hablumminanas) bari di sarengan ku rasa ikhlas (Lillahi Ta’ala)… sahanteuna sakedik-sakedik bisa meresihan dosa-dosa dirina. Upami dirina parantos bersih tina sagala kokotor, dosa anu karasa anu henteu karasa (upami saur Ahli Tassawuf mah TAKHALI ), atuh teras di eusian ku amal ibadah ( TAHALLI ) atuh engkena teh bisa lancar tiasa Awas ( TAZALLI ).

  1. RADEN KAMIL : Ke…Kang !..., manawi aya ngarana sareng 4 (opat) istilah nyaeta : IHROM – MI’RAJ – MUNAJAT – TUBADIL, eta kumaha hartosna sareng dimana pernahna ?
  2. RADEN INSAN : Eta 4 (opat) istilah teh ari hartos sareng pernahna :
  • Ari SAREAT mah, di Mekah, ku anu bade MUNGGAH HAJI.
  • Ari Hakekat , upami Rai !..., henteu acan ngartos… eta .. nuju SOLAT SAJATI, Kieu katerangannana :
      • IHROM teh, Mimiti, peta-peta tekad seja indit, lamun Manuk mah rek ngapung.
      • MI’RAJ teh, Eta parantos jung ngapung ngalayang, ninggalkeun Alam Dunya lat poho ka Alam Dohir.
      • MUNAJAT teh, Parantos munggah ka Alam Batin bade dugi kanu dijugjug.
      • TUBADIL teh, Parantos anjog kanu diseja, Sapaninggal Kawula Kalawan Gusti. Parantos ngancik di Kalanggeungan dina Baetulloh Suci. Baetulloh anu sajati, anu lain di kulon, di kidul, di wetan, di kaler sareng henteu keuna ku ruksak, nyaeta KIBLAT NYAWA anu sampurna.
  1. RADEN KAMIL : Kang !...., punten naon tea Sifatna Baetulloh anu sajati teh ?
  2. RADEN INSAN : Eta Rai !...., Dzat-Na Maha Suci, ari Sifat-Na teh Caang Padang narawangan atawa Johar Awal tea !. Tah… eta Rai !. Kiblat Maot wajib ku urang disungsi !..., ari hoyong PULIH KAJATI PULANG KA ASAL mah (Wa Inna Illaihi Roji’un).
  3. RADEN KAMIL : Kahartos Kang… perkawis istilah atawa basa IHROM, MI’RAJ, MUNAJAT, sareng TUBADIL mah…, nanging naha eta teh aya pakuat-pakaitna sareng Tazalli ?
  4. RADEN INSAN : Rai !... ulah lieur ku basa atawa istilah…, eta teh sami anu di sebat : TAZALLI – SOLAT KHUSUS – SOLAT DAIM – SOLAT SAJATI, malah seueur deui eta teh Solat dina TAREKAT mangrupi tingkatan tina Solat Sareat.
Ari SOLAT SAREAT mah Pertingkahna teh … ngagambarkeun Lafadz Allah ( ﺍﷲ )
Ari SOLAT TAREKAT mah Ngagambarkeun Lafadz Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ) sareng nyusul Hurup Tasjidna.
  1. RADEN KAMIL : Kang !...., masih lieur keneh… mugi dijelaskeun supados enggal kapaham !.
  2. RADEN INSAN : Nya… supados langkung jelas atuh urang wangsulan deui :


PERTINGKAH SOLAT SAREAT SARENG MA’NANA

  • PERTINGKAH TAKBIRATUL IKHROM
Ngagambarkeun Hurup Tasjid ( ω ) ngasalkeun tina JOHAR FARID (Cahaya Panon Poe).

  • PERTINGKAH NGADEG
Ngagambarkeun Huruf ALIP ( ) ngasalkeun tina SENEU anu ngandung 4 (opat) perkara :
    1. ROH IDOPI
    2. ROH NURANI
    3. ROH RAHMANI
    4. ROH ROHANI
Anu numuwuhkeun AJEG PAMADEGAN, wani kana bebeneran dina tangtungan sorangan NAFSUNA AMARAH.

  • PERTINGKAH RUKU
Ngagambarkeun Huruf LAM AWAL ( ) ngasalkeun tina ANGIN anu ngandung 4 (opat) perkara :
    1. NUFUS
    2. ANPAS
    3. TANAPAS
    4. NAPAS
Wijining Hurip anu numuwuhkeun RENGKUH, Ngajenan ka sasama, Sabar, Tawakal NAFSUNA LAWAMAH.

  • PERTINGKAH SUJUD
Ngagambarkeun Hurup LAM AHIR ( ) ngasalkeun tina CAI anu ngandung 4 (opat) perkara :
  1. ROH ROBBANI
  2. ROH NABATI
  3. ROH NAFSANI
  4. ROH JASMANI
Anu numuwuhkeun SUJUD HANDAP ASOR/DEPE-DEPE, Rukun hirup sauyunan NAFSUNA SAWIYAH.

  • PERTINGKAH LUNGGUH
Ngagambarkeun Hurup HE ( ) ngasalkeun tina TANEUH anu ngandung 4 (opat) perkara :
  1. WADI
  2. MADI
  3. MANI
  4. MANIKEM
Anu numuwuhkeun SABAR, Tenang, Qonaah, Tawado, sadrah sumerah, Ikhlas NAFSUNA MUTMAINAH.

Tah upami parantos pertingkah LUNGGUH (ATAHIYAT), eta mah ngagambarkeun Lafadz Muhammad ( ﻤﺤـﻤﺪ ) :
Didieu mah sing tiasa ical RASA JASMANI atawa leungit RASA DUNYA, malah Diri sakujur oge henteu inget…, istuning husu… cengeng… ka Nu Maha Suci. Lami-lami Rasa Jasmani kasilih ku Rasa Jati (NUR MUHAMMAD). Malah upami kenging Ridho sareng di kersakeun.., tangtos tiasa Ningali DZAT – SIFAT ALLAH (Hakekat Muhammad atawa Tasjid ( ω ) anu kaya EMAS sinangling ).
Geuning Dawuhan Allah (QS. Ar-Rahman : 26-27) :
  • KULLU MAN ALAIHA FANIN WA YABQO WAJHU ROBBIKA DZUL JALALI WAL IKROM. Anu hartosna : Saban Jalmi bakal binasa atawa Fana (Leungit). Sedengkeun Dzat Allah tetep langgeung, kagungan Sifat Sampurna sareng Maha Agung.
  • KULLU SYAI’IN HAALIKUN ILLA WAJHAHU, Anu hartosna : Sagala sesuatu leungit sirna tur ancur teaya arti, iwalti Dzat-Na. (QS. Al-Qoshos : 88).
  • MAA INDAKUM YANFADU WAMAA INDALLAHI BAQIN, Anu hartosna : Naon anu aya di aranjeun bakal ancur, jeung naon anu aya di Allah langgeung abadi. (QS. An-Nahl : 96).
  • Atuh dina Kitab Iqadzul Himan, Ahli-ahli Tasawwuf nyaurkeun : MAN RO’ALHAQQO TA’ALA GHOBA ANAFSIHI WA MAN RO’A NAFSAHU HUJIBA ANNILOHI “
Anu hartosna : Saha-saha anu ningali Dzat Allah…, pasti FANA (Leungit) dirina. Sawangsulna, saha-saha anu masih keneh ningali dirina…, pasti ka HIJAB (Kapindingan) ka Dzat Allah.
Tah Rai !..., upami parantos tiasa leungit RASA KADUNYAAN, RASA JASMANI, nembe bakal ngartos kana NAFIISBAT.
  1. RADEN KAMIL : Kumaha pereleannana NAFI – ISBAT teh Kang ?
  2. RADEN INSAN : Ari Allah teh Rai !..., NAFI – ISBAT, kapan padika Allah mah benten sareng Manusa, Allah anu ngadamel… MantenNa anu Jumeneng. Ari Manusa mah … pisah sareng hasil padamelannana.
Allah teh asal NAFI (Ghaib teu ngajirim), jadi ISBAT (Aya bukti).
Tah ISBAT-NAFI janten Ngahiji ngagulung. Anu mawi Lafadz “ LAA ILLAHA ILA ALLAH :
  • LAA Kanyataan Ayana DZAT
  • ILLAHA Kanyataan Ayana SIFAT
  • ILLA Kanyataan Ayana ASMA
  • ALLAH Kanyataan Ayana AF’AL

Ieu teh Tileum-Timbul. Upami nuju NAFI (Rohani anu timbul)… atuh ISBAT-na kedah Tilem (Rasa Jasmani tilem).
  1. RADEN KAMIL : Hatur nuhun Kang !..., Rai parantos dipasihan katerangan anu marundel… di antawisna anu disebat Solat Sareat sareng ma’nana, atuh Solat Tarekat sareng ma’nana malah disebat oge Solat Tazalli, anu hartosna Awas. Cing Kang !..., manawi aya dasarna ?, sareng manawi aya tahapannana perkawis Tazalli teh ?
  2. RADEN INSAN : Atuh kantenan aya mah…, boh dasar hukumna boh tahapannana. Kieu geura :
Dasarna Dalil (Surat Al-Araf 143) :
FALAMMA TAJALLA ROBBUHU LIL JABALI JA’ALLAHU DAKKAN WAHORO MUSA SO’IQON
Artina :
Waktos awas ka Gunung…., kajadian gunung ancur, sareng Nabi Musa jadi kapiuhan.
Ma’na tina Dalil di luhur, nalika Nabi Musa parantos FANA DIRINA (disebat kapiuhan)… nembe TAZALLI (Awas) ka Dzat – Sifat Allah Ta’ala.

Ari TAHAPAN-TAHAPAN TAZALLI, eta aya 4 (opat) tahap :

  1. TAZALLI AF’AL
Nyaeta leungitna Gerak/Padamelan, kasilih ku timbulna Gerak Allah Ta’ala. Dalilna : WALLAHU KHOLAQOKUM WAMA TA’MALUN, Hartosna : Jeung Allah anu ngajadikeun maneh katut naon-naon anu ku maneh dipigawe.
  1. TAZALLI ASMA
Nyaeta leungitna ingetan kana dirina, sareng bebas tina sifat-sifat (bukti-bukti anu anyar), tina RASA JASMANI, saterasna lebet kana kalanggeungan Allah Ta’ala. Sategesna henteu aya anu katingali, kajabi kabukana NUR ILAHI dina kaayaan anu biasa, jadi parantos aya di ALAM BATIN.


  1. TAZALLI SIFAT
Nyaeta SIFAT AL-HAQU TA’ALA nyilih SIFAT INSANI. Tazalli-na Allah ka mahklukna mangrupi Karunia MantenNa.
  1. TAZALLI DZAT
Nyaeta WUJUD MUTLAK, manunggalna Kawula lan Gustina anu langgeung DZATTULLOH. Dalilna : LA MAUJUDA ‘ALALI’ TAQI’I ILALLAHU, Hartosna : Teu aya Wujud sacara Mutlak, kajabi Dzat Allah. Di dieu parantos nembus Qolbu ku NUR = CAHAYA. Waktos eta… Qolbu teh CAANG… kauninga rasiah karunia sareng RAHMAT ALLAH TA’ALA.

Tah kitu Rai !..., Tahapan-tahapan TAZALLI sareng ma’nana !. Kumaha tiasa kapaham ?
  1. RADEN KAMIL : Alhamdulillah Kang !..., rada ngagebray perkawis Tazalli mah. mung eta perkawis Paninggal Qolbu, kumaha eta teh ?
  2. RADEN INSAN : Ari Paninggal Qolbu teh disebatna AL-BASHIRAH atanapi disebat oge PANON BATIN. Sifatna teh kieu : “ NINGAL DINA WUJUD FIKIRAN, TANGKEPAN AKAL” :
    1. Gancang ngarti kana hiji masalah
    2. Mangrupi ILHAM, ujug-ujug jelas dina jero Qolbu/Hate, hartina ningal anu Qodim Al-Kholiq.
Jadi sing saha anu leuwih kawasa Paningal Qolbuna/Hatena batan paningal panon.., nya paningal Hatena teh tiasa noropong wujud… tangkepan akal pikiran, rahasiah-rahasiah Batin sareng hal-hal gaib. Tah Jalmi anu kitu disebat Arif (Ahli Ma’rifat). Hartosna parantos ningal Dzat – Sifat Allah ku paningal Qolbu/Hatena, sakumaha kasauran Syaidina Ali r.a. : “ ROAETU ROBBI BIAENIL QOLBI FAQUNTU LASYAKKA A’NTA-ANTA”, Anu Hartosna : Katingal Allah ku Paningal Hate/Qolbu kuring, sarta kuring nyarita…, moal salah deui nya Salira Allah.

Ari TAHAPAN-TAHAPAN PANINGAL QOLBU/HATE, aya sababara tahapan di antarana kieu :
  1. Kalangkan Qolbu/Hate, disebat NURUL AKLI atawa ILMU YAKIN
Elmu Yakin nyaeta kayakinan anu timbul saenggeus ayana katerangan tina dalil

ﻋـﻠـﻢﺍﻠـﻴـﻘـﻴﻦ ﺍﻠﺬﻯ ﻫـﻮﻤـﻌﺮﻓـﺗـﻪ ﺗـﻌﻼ ﺒـﺎ ﻠﺒﺮﺍﻫـﻴﻦ

Artina : Ilmu Yakin nyaeta Ma’rifat ka Allah Ta’ala kalawan sababaraha dalil.

  1. Paningal Qolbu/Hate, disebat NURUL ILMU atawa AINUL YAKIN
Elmu Ainul Yakin nyaeta kayakinan anu di dasarkeun kanyataan jeung pembuktian.

ﻮﻤﺷﺎﻫﺪ ﺗـﻪ ﺗـﻌﺎﻻ ﻗـﺒﻞ ﻜﻞ ﺷﻰ ﻮﻫـﻮﺍﻠﻤﺴـﻤﻰﻋـﻧﺪﻫﻢ ﺒﺎﻠﻤﻌﺎﻴـﻧـﺔ
Artina :
Musyahadah ka Allah Ta’ala samemeh nyaksikeun sagala sesuatu anu nurutkeun para Arif disebut Mu’ayanah (Kenyataan/pembuktian).

  1. Hakekat Paningal Qolbu/Hate, disebat NURUL HAQ atawa HAQUL YAKIN
Haqqul Yakin nyaeta keyakinan anu sabenerna

ﺤﻖ ﺍﻠﻴـﻘـﻴـﻦﻫـﻮﻤﺷـﺎﻫـﺪ ﺗـﻪ ﺗـﻌﺎﻻ ﻓﻰ ﻜﻞ ﺷﻰ
ﺒـﺎﻻﺤﻠﻮﻞ ﻮﺍﺗـﺤﺎﺪ ﻮﺍﻧـﻔـﺼﺎﻞ ﻮﻻ ﺍﺗﺼﺎﻞ
Artina :
Haqqul yakin nyaeta musyahadah ka Allah SWT, dilebeut segala sesuatu tanpa Hulul (bersatu), tanpa Ittihad (terpadu), tanpa Ittishol (bersambung) jeung tanpa Infishol (berhubung-hubungan).

Upami parantos leungit karagu-raguan, saterasna leungit SIFAT WUJUD DIRI, parantos leungit Rasa Jasmani, nya saharita tiasa ningal Dzat-Sifat Allah…ku Kersaning Allah. Ari satungtung masih keneh ningali sifat-sifat ka Dunya sareng Rasa Jasmani mah…, henteu acan tiasa nguninga Dzat – Sifat Allah, numutkeun dalilna oge : “ WA ‘ANNALLOHA MAHALUNA’N TASYHADU MAAHU SIWAHU , Hartosna : Mustahil urang bisa ningali Allah bareng jeung Wujud sejen.
Hakekatna : Upami sifat-sifat anu anyar parantos NAFI (Leungit)… waktu eta ISBAT-na (Hadirna) anu QODIM nyaeta Dzat – Sifat Maha Suci. Dalilna : KULLU SYAEIN KHALIKUN I’LLA WAJHAHU, Hartosna : Sagala hal ngalaman ruksak, kajaba Dzat Allah anu BAQO (Langgeung).
Tah kitu Rai !..., perkawis Paningal Qolbu/Hate teh.
  1. RADEN KAMIL : Punten Kang !...., kumargi dina seuh-seuhanna mah geuning kana NUR…, malahan tadi disebat-sebat seueur rupina…, mugi Engkang… tiasa ngajelaskeun perkawis NUR anu langkung eces !.
  2. RADEN INSAN : Euhh… Rai teh masih keneh teu acan jelas perkawis NUR, kieu geura Rai !.... :
Dina Al-Qur’an Surat An-Nur ayat 35, dijelaskeun :

ALLAAHU NUURUSSAMAAWAATI WAL’ARDHI
MATSALU NUURIHII KAMISYKAATIN FIIHAA MISHBAAHUN
ALMISHBAAHU FIIZU JAAJATIN. A’ZZUJAAJATU KA’ANNAHAA
KAWKABUN DURRIYUN YYUUQADU MIN SYAJARATIN
MMUBAARAKATIN ZAYTUUNATIN’LLAASYARQIYYATIN
WALAA GHARBIYYATIN YYAKAADU ZAYTUHAA YUDHII’U WALAW
LAM TAMSHASHU NAARUN. NUURUN ALAA NUURIN.
YAHDILLAAHU LI NUURIHII MAN YYASYAA’U.
WA YADHRIBU ‘LLAAHU ‘AMTSAALA LINNAASI
WA LLAAHU BIKULLI SYAI’IN ALIMUN //.
Q.S (24) AN-NUR : 35
Anu Hartosna :
Allah masihan NUR (Cahaya) ka Langit sareng Bumi. Cahaya Allah teh ibarat dina hiji LIANG anu henteu tembus. Dijerona aya Lampu gede, aya sajeroeun kaca.. lir Bintang anu Cahayana kawas mutiara. Anu di hurungkeunnana teh ku minyak tina tangkal anu ageung berkahna nyaeta Tangkal Zaitun. Minyakna oge parantos Caang sanajan henteu disengeut. Anu jadina teh henteu di Beulah wetan, henteu di Beulah kulon. Cahaya anu manglapis-lapis NURUN ALA NURIN. Allah ngabingbing kana CahayaNa ka saha bae anu Dikeresakeun. Allah ngajantenkeun conto-conto pikeun manusa, sarta Allah Maha Uninga kana saniskara.

Oge salah sawios Hadist Nabi anu diriwayatkeun ku Ibnu Mas’ud r.a, : Nabi ngadawuh : DI SISI ALLAH MARANEH EUWEUH BEURANG EUWEUH PEUTING, SEDENGKEUN CAHAYA NU LANGIT, NUR BUMI….nyaeta Nur Cahaya Dzat – Sifat Allah.
Salajeungna dina Shahikul Muslim, anu diriwayatkeun ku Abi Zarrin, Mantena nyaurkeun : KURING NAROS KA RASULULLOH…, NGAWALERNA KIEU : KURING NINGALI “ NUR ‘.
Aya deui anu diriwayatkeun ku Abi Said :

ANA’BI SAIDIN QOOLA, QOLA RASULULLOHI TTAQU FIRASATAL MU’MININ FAINNAHU YUNDURU BI NURILLAHI TA’ALA.

Hartosna :
Pikasieun Firasat urang Mu’min, sabab sabenerna maranehna ningali ku pitulung NUR CAHAYA ALLAH.

Tina Kitab Qusyairiah :
AL-KANNANI YAQULU : AL-FIRASATU MUKASYAFATU AL-YAQINI WA MU’AAYANATUL GHAIBI WA HUWA MIN MAQOMATIL IMAN.

Hartosna :
Al-Kannani sasauran : Firasat, nyaeta Mukasyafatul Yaqin (Nyaeta kabukana tirai/dingding kulantaran kayakinannana). Jeung Mu’ayatul Ghaib (nyatana hal-hal nu Ghaib). Jeung hal eta nyaeta sabagian tina tingkat Ka-Imanan.

Rasululloh SAW. Bersabda :

AN SYA’IDI AL-KHUDRY RA QOOLA : QOLA RASULULLOHI SALLAHU ALAIHI WASSALAM I’TAQUU FIRASATAL MU’MINI INNAHU YANDHURU BI NURILLAHI AZA WAJALLA
Hartosna :
Ti Said Al-Khudry r.a. anjeuna nyaurkeun : Rasululloh nyaurkeun “ Ati-ati kana Firasat Jalmi anu ber-Iman, sabab saenyana manehna tiasa ningal kalawan Nur Allah Azza Wa Jalla.
Ari NUR teh salah sawios Jenengan Allah dina Asmaul Husna. Allah ngangkeun WujudNa NUR. MantenNa ngajantenkeun KitabNa NUR, RasulNa NUR, sareng AgamaNa NUR.
An-NUR… nyaeta titik-titik (cecek-cecek) anu aya dina JERO QOLBU/HATE Jalma. Ku eta NUR… ngalantarankeun bisa uninga mana anu HAQ (Bener) sareng mana anu BATHIL (Salah), anu asalna nyaeta TAQWA.
Peryogi kauninga ku Rai !...., kieu :
Boh di Alam Semesta (Alam Kabir), boh dina Alam Wujud (Alam Sagir) mangrupi NUR LAHIRIAH, nyaeta : Nur Panon Poe, Nur Bulan, Nur Bintang. Di Alam Malakut (Gaib), mangrupi NUR BATINIAH, anu dibagi 3 (tilu) bagian nyaeta :

  1. NUR ILMU
Nyaeta kawas BENTANG, kakuatannana bisa katingali di waktu peuting, anu poek, sarta bisa ningali dina perkara-perkara Akhirat (Gaib).

  1. NUR MA’ANI
Nyaeta kawas BULAN, kakuatannana bisa ningali di Tungtung Tauhid sareng bisa ningali (ngintip) ka Dzat Allah.

  1. NUR MA’RIFAT
Nyaeta kawas PANON POE, kakuatannana bisa ningali di Tungtung Tafrid (Katunggalan Allah), sareng bisa nguatan kayakinan sarta nyaangan enggoning

Pikeun jelasna mah kieu Rai !.... :

Ari NUR ELMU teh Nnyaeta NUR CAHAYA PANON, Nur anu tiasa ningali anu bukti-bukti wungkul. Ieu mah aya disaban jalma malah di sato oge aya.

Ari NUR MA’ANI teh Nyaeta NUR CAHAYA QOLBU/HATE, Nur anu ngandung harti bisa ngajelaskeun Nangkeup Perasaan Akal Pikiran (pipikiran asa cararaang).

Ari NUR MA’RIFAT teh Nyaeta Elmu anu Haqiqi, tiasa ningali kana Dzat-SifatNa Allah Ta’ala.

Salajeungna ari gunana NUR pikeun Nyaangan ngungkap tina hakekat sagala hal pikiran nguninga mana anu bener mana anu salah.
Ari gunana PANON QOLBU/HATE, pikeun Hikmah (ningali bebeneran anu hakiki). Ari gunana QOLBU/HATE, pikeun taat sareng ngalanggar, pikeun ngaku sareng ingkar.
Dawuhan Allah :
FAMAN SYAROHALLOHU SYODROHU LIL’ISLAMI FAHUWA ALA NURIN MIN ROBBIHI
Hartosna : Saha-saha anu di Caangan ku Allah kana Hatena pikeun Islam, eta Jalma kenging pancaran Nur Cahaya. Eta pisan anu nganteur hate ka Hadirat Allah anu Maha Gaib.
Tah kitu ngeunaan NUR mah Rai !..., kirang langkungna mah… mugi Rai tiasa nangkep … dipasihan Nur Cahaya ku Allah Nu Maha Suci.

  1. RADEN KAMIL : Kang sagala rupi katerangan di Engkang teh istuning mangrupi Elmu anu henteu kinten munelna kanggo ukur-ukuran sareng nyampurnakeun modal ti Allah Ta’ala sangkan Rai, henteu mubadir Hirup di umbarakeun di Alam Dunya ieu. Nanging Kang !..., panginten tina sajarah Elmu katerangan anu sakitu seueurna teh dina bab Elmu Agama. Panginten aya gurat badagna. Anu pang pentingna kedah dilaksanakeun. Mugi Engkang tiasa masihan wewengan.
  2. RADEN INSAN : Leres kitu Rai !..., moal benten urang sakola … kapan rupi-rupi pelajaran… nanging ari anu di angge sapopoe mah geuning mung…. Paling-paling dua tilu pelajaran bae.
Sareng deui da Elmu mah moal seep-seep, geuning aya katerangan : UPAMA TEA MAH ELMU ALLAH BADE DI BUKUKEUN. MANGSINA/TINTANA SA LAUT, TERAS KERTASNA DANGDAUNAN ANU AYA DI IEU ALAM DUNYA…. KALAH KA SEEP MANGSINA SARENG DANGDAUNANNANA BATAN SEEP ELMUNA.
Anu mawi geuning sok di silibkeun ku Tangkal Tiwu dina salah sahiji kagiatan salametan, da buktina kapan Tiwu mah tara dituang bukuna, tapi sari patina /amisna tiwu. Ku kituna… cing urang pilari Sari Patina tina ieu LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT oge… kieu Rai !.... :
Kedah emut kana : PAMIANGAN – PAGELARAN – PAMULIHAN.

PAMIANGAN ( INNA LILLAHI )
Kedah didasaran ku Iman ka Nu Marentahna. Sing dugi ka Ma’rifat ka MantenNa. Upami parantos Ma’rifat hartosna urang tiasa nga-Haqul Yakinkeun kana Dalil : INNA LILLAHI, Asal ti Alam Ahadiat (Dzat) - Alam Wahdat (Sifat)Alam Wahidiat (Asma). Ieu kedah kapendak ka uninga ti ayeuna !...., margi eta teh Asal Pamiangan urang…, anu tangtuna oge KIBLAT PANGBALIKAN URANG.

PAGELARAN
Dina mangsa gumelar di Pangumbaraan mah salian urang kedah Iman kanu Marentahna teh … oge kedah disarengan ku Iman kana Parentahannana. Sing tumut, taat kana ukuran-ukuran jeung katangtuan-katangtuan, sajeroning urang rumingkang di : Alam ArwahAlam AjsamAlam Misal (Elmu Ma’rifat ka Asal)Alam Insan Kamil (Manusa Sampurna). Ieu Alam anu opat dina Pagelaran teh mangrupa Af’al-Na Allah Ta’ala.
Sajeroning di umbarakeun teh …, Diri urang kedah di eusian ku :
  • Elmu Pengetahuan sareng Elmu Teknologi (IPTEK).
  • Elmu Rasululloh … ku RUKUN AGAMA (Sareat – Tarekat – Hakekat – Ma’rifat).
  • Iman tur Taqwa (IMTAQ).

TAKHALLI Ngosongkeun tina Tekad – Ucap – Lampah anu goreng, anu ngarugikeun batur, anu ngaruksak tur nyilakakeun batur. (Nafsu Amarah, Lowamah, Sawiyah).
Hadas Leutik : Tekad (Hate) ulah aya : Sirik pidik jail kaniaya, goring sangka, ujub, ria, takabur jeung munapek.
Ucap (Baham) ulah aya bohong, ngupat simuat, mitnah, gureuhan, cawadan, openan, songong, sugal jeung garihal.
Lampah (Wujud) ulah 5M, Maen, Mabok, Maling, Madon (lacur), Mateni (Maehan).

TAHALLI Upama wujud urang parantos kosong atawa bersih tina kokotor (dosa), tinggal diseusian ku Tekad – Ucap – Lampah anu hade (Nafsu Mutmainah). Husyu ibadah : Solat Sareat, Solat Tarekat (Solat Husus), Solat Da’im (khususil khusus = Saendeng-endeng).
Amalna : Sopan santun, hormat ka Sepuh, ka Guru, ka Ratu (Pamarentah), bear budi, someah hade kasemah, berehan.

TAZALLI Kumargi Diri (Wujud) urang parantos kosong, bersih tina dosa-dosa, nyingray Hijab (pipinding)…, atuh molongpong Panon Qolbu tiasa Awas ka NUR MUHAMMAD atuh ka beh dituna NURULLOH (JOHAR AWAL).

PAMULIHAN
Tah dina Pamulihan oge, upami urang tiasa ajeg ngalaksanakeun TAKHALLI – TAHALLI – TAZALLI, insya Allah tiasa nyumponan Dalil : WA INNA ILLAIHI ROJI’UN. Kieu ari blakna mah :
  • LEBUR BADAN Jadi NYAWA (RASA JASMANI)
  • LEBUR NYAWA Jadi RASA (RASA ROHANI = Narun, Hawaun, Ma’un, Turabbun atawa NUR MUHAMMAD). Ieu mah disebut PULANG KA ASAL, ngaraos NI’MAT (SAWARGA).
  • LEBUR RASA Jadi CAHAYA (RASA NURANI ) = Nurulloh, Johar Awal, Hakekat Muhammad (Sagara Hirup).
  • LEBUR CAHAYA, Mulih RASANA maring DZATTULLOH, SIRNA MARING KERSANA…ALAM SUWUNG (Dzat Laesa Kamislihi Syaeun). Ieu anu disebut PULIH KA JATI.

Ieu pisan Rai !..., Kiblat Pamulihan… anu jadi panyileukan tur udagan sarerea.
  1. RADEN KAMIL : Hatur nuhun parantos kahartos perkawis papahaman ti kawit Pamiangan, teras Pagelaran, atuh dipungkas ku Pamulihan.
Tah ayeuna mah…, mugi pang nuduhkeun… upami Kiblat Pamulihan Rai..! hoyong ka dinya, kedah ka mana ?, sareng kedah kumaha ?.
  1. RADEN INSAN : Ari kendaraan teh nyaeta TAREKAT. Seueur .. tinggal milih mana anu sakinten enggal dugi. Bade “ TAREKAT QODARIAH, TAREKAT NAKSYABANDIAH, TAREKAT MUHAMMADIAH, TAREKAT ANFASIAH, TAREKAT JUJIAH, TAREKAT KAMALIAH, atawa TAREKAT HAQ MALIAH jsb.
Engke Rai !...., baris dipasihan katerangan sareng cara-cara sakumaha mistina ti Guru Tuduh, anu nuduhkeun pikeun tepang sareng Guru Mursid (Sajatining Guru = Guru Batin).
Tah…Rai…, kanyaah, ka asih Engkang…. Mangrupi PAPAHAMAN ELMU AGAMA, bawiraos parantos ngawengku kana sasaran-sasaran udagan anu janten panyileukan urang. Kantun…, naha Rai !..., kenging TAUFIK HIDAYAH aya jorojoy manah… hoyong nyusul Konci Pamuka Lawang anu aya di Guru Tuduh tea.


CAG !....., URANG CEKAPKEUN DUGI KADIEU.






---- 00000 TAMAT 00000 ----













































16 komentar:

  1. Mas Bagus, tulisannya cukup lengkap, bisa minta yang versi bahasa Indonesianya...?

    BalasHapus
  2. Salam kenal mas bagus ... Tetap semangat utk pencerahan .... By si bahlol 08978771079 ....saran saya bahasa indonesia aja....agar tdk membingungkan utk sahabat indonesia ....

    BalasHapus
  3. izin share kang...mugia barokah ..aamiin

    BalasHapus
  4. asalamuallaikum wr wb ijin copy kang. haturnuhun

    BalasHapus
  5. Akhmad Yasin.....29 Agustus 2016. Assalamu alaikum wrwb. barakallahu minkum.. ijin copy

    BalasHapus
  6. Masukkan komentar Anda...assalamualaikum kang,,, izin copy kang haturnuhun

    BalasHapus
  7. Assalamualaikum
    neda widi na bade ngopi
    htr nhn nu ka suhun

    BalasHapus
  8. Assalamualaikum,neda widi kangge ngopi kang,nuhun

    BalasHapus
  9. assalammualaikum. punten bade nyungkeun copas, mugia janten elmu anu barokah. hatur nuhun anu kasuhun

    BalasHapus
  10. Assalammualaikum....Alhamdulillah...aya dulur nu sami ngaji kitab layang muslimin muslimat...abdi gaduh ti jilid ka hiji dugi ka lima...
    mugi barokah kang...salam kanggo dulur sadayana abdi Herman ti Karawang.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Kang Wa ka abdi hoyong silahturahmi abdi sami linggih ki karawang

      Hapus
  11. Sae. Sae mama asep martawijaya

    BalasHapus
  12. Asalamualaikum kang abdi bade tumaros rupi jilid anu ka 5 na aya teu atanapi dugi ka 4 jilid teh upami aya anu ka 5 na nyuhunkeun di upload deui puuun

    BalasHapus
  13. Top 10 Best Slots Casinos - Mapyro
    Here you will 경주 출장안마 find 논산 출장마사지 the Best Slots Casinos for free (no ads). A list of the most popular 안동 출장마사지 online 속초 출장샵 slots games by best software 목포 출장안마 provider.

    BalasHapus